Jumat, 14 September 2012

WARNA KAMEUMEUT


               

Biru teh Enung.....warna kameumeut
Gambaran kasatiaan tulisan batin acining kanyaaah
Biru teh Enung pulasna rasa....
Pameungkeut duriat nu hamo laas moal arek pegat pegat

Enung.....hareupeun jalan teuteupeun
Sanajan tarahal nanjak jeung poek urang kudu wani jeung nyorangna
Enung...sagara hamo ngoletrak saat,lamun caina umpal-umpalan kudu wani ngojayanana
Demi Kasatiaan Enung.... urang duaan kedah pasrah dina kanyaah
Demi Kadeudeuh Enung....urang duaan kudu sanggup raket pageuh dina beungkeutanana
Demi kaheman Enung..... ulah seunggah memeh ngalengkah
Demi udagan Enung..... adeg adeg pamadegan,entong incah balilahan
Warna kameumeut Enung,warna kageugeut sing raket meungkeut duriat
Warna kameumeut Enung,warna kageugeut sing geugeut sing layeut pageuh
Amin......!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar