Jumat, 14 September 2012

JATINING GALURA DINA WARUGA KULA




Peuting ieu sora angin ngaharewos kana panto hate
Peuting ieu panon kosong neuteup poto nu keur imut
Peuting ieu cipanon dosa mapaes rasa di juru panon anu keur nalangsa
Peuting ieu aya poto salira dina galura dipiguraan ku kasono
Peuting ieu aya satumpukan lalakon endah dibungkus kalangkang salira

Sajatina salira...satemena...weningna ka heman
Sajatina salira....satemena... Jatining Galura dina Warugana Kula
Sajatina kula.....satemena....ngawaruga dina Galurana salira
Sajatina kula.....jeung salira...mugia salawasna aya di sawarga....
Amin...
                                                            Tepis wiring Gn. Malati 5 April 20    

Tidak ada komentar:

Posting Komentar