Rabu, 26 September 2012

KALELEBAN

Sajak : Nanang Sos


Rumaos kiwari haté nuju tibelat
Kumambang haté cumantél nyanding duriat
Unggal poé haté midangdam ngacacang nyarita sorangan
Ngait ati murilit muhit kanu geus indit

Karaos hambarna ieu rasa sabada ditilar miang ku salira
Juuh asih dina ati sesah mapalérkeunana
Karaos hambarna ieu rasa sabada ditilar miang ku salira
Hirup kadungsang dungsang kaleleban kapakan ngalayang hirup ngoléang

Geuning kieu rasana ari asih anu sajati mah panutan...... ?
Duriatna henteu gampang laas sanajan ditilar ku mangsa
Geuning kieu ari rasana asih anu tanpa pamrih mah panutan...?
Sanajan ngan kari titis tulis,asihna salira abadi ngajirim dina ieu diri

Kantun catetan jeung catetan anu héman lana marengan
Kantun tapak jeung tapak kasatiaan anu masih raca lain dina pupulasan
Kantun jenengan salira anu masih kénéh tinulis dina tetenggerna jantung ati
Kantun mangréwu runtuyan du,a keur mitineung yasana salira.....
Allohumagpirlahu warhamhu wa’afihi wa’fuanhu.............

Paniti wanci keur Nani S.Y. anu panceg sataun ngantun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar