Jumat, 14 September 2012

TINEUNG LAGU TI SMKI BANDUNG

Lagu kalbu nu balabuh di Buah Batu
Saulas kawaas kungsi ngawawaas dina tapak tapak di lebah Cijagra
Kalangkang gupay, gugupay dina tetelar jalan liliwatan
Nu kapireng galindeng tineung dina panineungan...di SMKI

Lagu halimpu nyurup ngawirahma dina surupan

Kembang bungur sumawur na tungtung imut
Lagu kuring lagu anjeun...lain lagu bogana Mang Wartia Tukang Warung
Lagu urang lagu ka geugeut nu sok kareueut lamun pateuteup

Hariring kuring hariring anjeun nu ngentring ti Bumi hariring
Tineung lagu ti SMKI,aya surat di jarumat ku duriat
Asih ligar ngulayaban gumelar ti SMKI
Néléngnéngkung...néléngnéngkung gumulung dina réstu indung
Néléngnéngkung...néléngnéngkung taun payun ka Balé nyungcung

Peun....ah !

Panitih wanci keur SMKI ( Nasos alumni taun 82.)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar