Selasa, 30 Oktober 2012

NAGRI KURING LEMAH CAI KURING

Sajak : Nanang Sos

Di Nagri kuring ceuk kuring.......
jamparing ruruhit licik loba milesat tina lampah- lampah anu sarakah
Sung song leungeun leungeun kadoliman ranggoas nepungan sora Rahayatna
Teu kudu loba tumanya kunaon ieu nagara loba musibah ?
Bongan milih pamingpin ku duit hasilna pasti bakal berewit

Lemah Cai Nagri kuring beurang peuting kiwari dihias ku rasa was-was
Ucap kecap panipuan rantuy ngahias pinuh ku ucap- ucap pangoloan
Deudeuh teuing... anu harayang jeneng ngadaweung bari malaweung

Cikerih reujeung ngageuri Rahayat loba anu jumerit.........
Ceurik nahan rasa lapar neureuyan ciduh sorangan
Arék diantep...?
Nyanggakeun sadaya daya kapapayung ieu Nagara
Rahayat teu butuheun jangji tapi butuheun ku lemah caina walagri
Nagri kuring...Nagri kuring...!
Gemah Ripah kakara ceuk juru sastra,subur mamur ngan ukur ceuk juru pantun

Minggu, 28 Oktober 2012

DANGDING KAHIRUPAN

Sajak : Nanang Sos.


Medar lagu dina dangding hiji peuting
Nyanggi hariring hirup dina sawangan implengan sorangan
Ngalalakon ngalongokan ka lawang panto kahirupan diri sorangan
Nu katimu ngabebengkang patulayah catetan lampah hirup nu salah

Satemena ari hirup teu jauh tina tutulisan Gusti

Léngkah paripolah aya dina guguratan catetan pangersa Mantena
Mun datang mangsana kudu mulang,urang tetep kudu miang
Ngitung umur tunggu lembur,reureuh maneuh balik mah pasti ka jero Taneuh
Carita pasti lekasan jajatén ninggang papastén
Tutup catur tamat riwayat,raga mulang ka asalna

Balitungan ngitung umur,nu utama ngaleukeunan milangan rénghapna napas sorangan
Saméméh dihisabku Gusti,ti kiwari mending urang leukeun ngahisab diri sorangan
Pabeurat beurat timbangan,loba dosa atawa loba amal kahadéan ?
Nyanggakeun...jawabna aya dina diri séwang-séwangan.....!

Gn.Malati Tasik, Congo Oktober 2012.

DAWEUNG TINEUNG

Sajak : Nanang Sos.


Anteng tilem dina wirahmana sora sora lagu katresna
Ngadaweung bari murak tutungkusan tineung
Nu kacipta damis nu geulis pinuh ku mamanis
Ku Tingtrim.......

Jejer lagu jeung lalakon tinulis ku mangsi ati
Ebréh béntés ngoncrang sora sérédét milu mapaés haté

Linduk liuh teuteupna nu anteb pereket meungkeut kageugeut

Dina rangkulan,dina panyaluuhan......
Aya sora dina sora nu paselang jeung ratugna jajantung
Heas sora na haréwos ...panyombo nyulam kasono
Mencrong teuteup ku paneuteup ngalenggak paadu teuteup
Ngeluk tungkul lalaunan sakecap kedal ogona
Teu kenging nganyenyeri nya...... ?
Cenah ceuk geter ucap manéhna nu kedal dina lambey nu ipis baseuh .....

Sajak : Pesenan wargi ti Sukabumi

WILUJENG TEPUNG TAUN

Sajak : Nanang Sos                                           Haturan : Teh Lies Tjandra K.S
                                    
Ngalantung ka tungtung Taun, pangangguran papantunan ngitung umur sésa umur
Medar  léngkah dina rénghap  ngabédah ku   panineungan
Leukeun macaan  tangtungan ngawincik  nyaliksik  diri
Horéng lumaku geus jauh umur  muru tunggang Gunung
      
Poé ieu tambah léngkah rumingkang dina bilangan
Mapag beurang  ku implengan ngaji peuting ku lamunan
Horéng kitu ari hirup......
Gundam  jeung lilirna ngimpi  rumaket  sok dalit  ngahiji

Kalangkang  tangtungan leumpang lir ciibun jeung Cireumis
Datang beurang siga senang  maju burit ngereles sok   nungtutan leungit
Umur téh  titipan Gusti.......Panutan
Muga nanjung kapidangdung gumulung dina rangkulan nu Maha Agung
                        
Wilujeng tepung Taun.....panutan ! mangka guligah mangka  waluya
Hirup  hurip  dina asihna  Gusti ,murak  bagja dina amparan ridona Pangéran
Amin.......
     

*Kota Tasik Oktober katompérnakeun*

Kamis, 25 Oktober 2012

RINGKANG

Sajak Nanang Sos:


Langit burit nyanding wanci
Ngudag mata poé lingsir
Nu kapireng lagu tineung
Ngentringan ringkang tangtungan

Horéng hirup di mumunggang pasir
Nangtang mata poé surup
Lacak satapak bakal paragat
Tamat dihanca ku mangsa

Hirup madep ka gustina
Dunya ukur pupulasan
Balitungan jeung itungan
Sanggeus rénghap pamungkas mungkas lekasan

KUMALAYANG

Sajak : Nanang Sos


Ngalayang kakalayangan kumalayang jumajap nganteur kahayang
Dina diri dina rasa ngagurat natrat jeung atra jenengan salira mo bisa laas
Jauh mubul nyusul tepus kagandrung numpuk sa Gunung...jauuuh
Dua Rayagung dikatun, ditilar ditigas mangsa,nu angkat teu aya datang deui nepungan
Nasib diri ti ajali kulak canggeum bagja awak duriat dipegat pa

ti......

Panutan.......!
Juuh beueus na cipanon salira atra némbongan sajorélat saliwatan datangna kokolépatan
Dina teuteup dina geugeut salira anteng maturan mépéndé kasimpé haté
Moal aya anu bisa mupusanana.......

Deudeuh jeung geugeut nepungan,liwung nanjung maturan takbir Rayagung
Gusti.....Bagjakeun panutan abdi dikalanggengan
Dalit asih pinarengan mugia ngampar dina sawargana salira

Yaa Alloh....tos dua Rayagung abdi dikantun panutan ati
Leungiteun abdi leungiteun cuang cieung taya geusan pamuntangn
Abdi jangji kana diri warisan rasa cintana badé dupupusti didama dama
Tilu jimat mustika ati ciri tina buah rasa kacintana ayeuna mangkat déwasa
Katingtriman kaabadian kaweningan nu hakiki ayana nya di salira...

Yaa Alloh.......!
Abdi darma ngalakonan salira anu kagungan katangtosan....
Mugia abdi sakulawarga bisa metik kabagjaan di dunya jeung di Ahératna....Amin

DULAG IDUL ADHA

Sajak : Nanang Sos.



Geus tepung kuring geus tepung jeung Rayagung anu luhung
Pasrah sumerah ka Gusti rumasa diri hina tur laip
Ngageder aweuhan takbir rampak dina sora dulag
Idul adha mapag datang nguniang milangan amal
Geus boga bekel naon geusan engké lamun urang kudu mulang ?

Gusti,,,abdi rumasa loba miara lampah anu salah
Hirup lamokot ku dosa,sahadat ukur dina pangakuan
Solat ukur ucang acong lir papatong,puasa kakara bisa nahan hanaang jeung lapar
Gusti ......! Abdi jumerit ka salira, rumasa diri loba deleka ka sasama
Zakat loba pacampur jeung lampah Ria...
Munggah Haji dalit ngahiji pacampur jeung lampah anu teu pinuji

Satemena abdi sadar hirup abdi salawasna aya dina rugi
Wal asri ( i ) innal insana lafi khusr (in ) Illal lazina amanu wa’ amilus salihati
Wa tawasau bil haqqi,wa tawasau bisabr (i )
Demi wanci satemena jalma aya dina rugi,iwal anu iman nu sok daék migawé amal soléh
Jeung anu sok sili wasiatan supaya tetep dina bebeneran ,sarta sili wasiatan dina kasabaran

Gusti ....! Paparin abdi paparin tepung deui jeung Rayagung taun anu arék datang
Gusti....bagjakeun abdi sadaya dina amparan kasobaran jeung katakwaan
Yaa Alloh....salametkeun abdi abdi sadaya di Dunya jeung di Aherat
Amin......

BULAN BALAYAR DINA HATÉ DUAAN

Sajak : Nanang Sos.


Bulan jeung béntang balayar ngangkleung di langit peuting
Guntreng guneman duaan dina amparan tamperan kahéman
Awor asih sumanding dina jemplingna peuting
Anteng manteng deudeukeutan réréndéngan sukan sukan duaan murak kabungah
Kutingtrim......!

Langit peuting langit kuring...langit duaan nu nyanding pinuh hariring

Bulan nyumput dina méga balabuh nyumputkeun imut
Béntang ngudag ngalayang ragrag dina rangkulan rasa...duaan
Dina teuteup anu seukeut aya angkeut raket padeukeut ...papuket !

Bulan ngangkleung balayar dina haté duaan
Nini Antéh jeung ucingna di Bulan milu maturan
Ngadeukeutan, ngabejaan,ngaharewos marengan milu ngingetan
Kadé lali bulan hareup hidep duaan baris dirapalan téa nya ?

Wilujeng ...! Ceuk Nini Antéh pinuh kareueus.......

NOGÉNCANG

Sajak : Nanang Sos.

Kumambang halimun Gunung....
Nyipta teuteup dina karep pereket lagu kageugeut
Duuh....hariringna ngentringan ati.
Bongan rasa reujeung rasa datangna bet salah mangsa

Kumambang halimun Gunung
Satumpuk runtuyan imut sumawur maduning imut
Duuh...ku kareueut....tirta asih dina asih girimis pinuh mamanis

Tepungkeun kuring tepungkeun bongan pikir muhit ngait murilit dinu sahiji

Kumambang halimun Gunung.....
Mentang asih dina asih jamparing paser kadeudeuh
Duuh....ku harianeun mentang rasa dina rasa ngalayang nyiksa sorangan
Saha atuh ari salira......?
Kuring mah anteng mupusti micinta ,salira bet réhésimpé

Duh...ku harianeun.....!
Nogéncang...kuring nogéncang micinta ambon sorangan

SIRUNG RENUNG DI BALÉ NYUNGCUNG

Sajak : Nanang Sos

Aya kalakay murag muguran ngoléang katebak angin,teuing dimendi nya ragragna ?
Aya nu nguyung wuyung pameunteuna kusut alum ,teuing dimana nya ceurikna ?
Kalakay reujeung cimata kabéh gambaran wujud rasana nu maseuhan gapura dina jir

im batina
Satadina...kabéh lalakon jeung lalakon cintana , rék ditutup rék dipupus
Kekebulna rék diseretu rék dikumbah ku sumpahna
Nawaétu arék mupus lalakon cintana nu dihias ku pupulasan jeung ku kapalsuan
Tapi......? teu jadi....!
Kamari dina poé kamari....
Méméh kedal ucap sumpahna kembang dina tangkalna aya nu ngadeukeutan
Aya anu nyeboran,aya nu ngusapan, jeung aya a nu nepungan....kanu bogana
Tapi lain anu sok datang ti kamari,anu nepungan lain anu boga lampah miyuni hayam kabiri
Kembang nu ligar dipataman kahémanna,dipetik dirawu dibawa ka Balé nyungcung
Dibeungkeut dicangreud pageuh rumaket dalit ngahiji dina tali jatukrami
Kiwari....Enya kiwari ....!
Dina dirina aya nu ngawih lagu sungkeman dina muara cintana
Kakupingna ngentring hariringna sumanding nyanding dina dalingding wawangi cintana
Karaos antebna gahar sora manjing rasa halimpu jeroeun kalbu
Karaos antebna dalingding wawangi cintana,ngagalindeng dina kadeudeuhna
Mangsa tepung nu munggaran ngampar kahéman duaan,pereket jangji saati mo pukah deui

JUMERIT ATI

Sajak : Nanang Sos.


Ngawincik diri ngaderes kulisikna ati, macaan lambaran dina léngkahna paripolah
Sakapeung sok seunggah nyorang poé dina beurang , sok inggis risi manggihan jirimna peuting
Sidem sirep dina lamunan kalangkang kalangkang dosa ébréh kabeh némbongan

Yaa Alloh.......
Dina catetatan dina tutulisan, kabéh keretas warnana

rumeuk jeung pias
Aya nu warna belang totol totol sakapeung hideung jeung peteng miyuni hayam camani
Gusti...rugi kacida ieu hirup diri abdi di dunya.....
Taya beurang taya peuting hiasan hirup dina kahirupan abdi mung ukur pigura dosa

Robbana Alloh Yaa Robbana,Dollamna angfushana
Waillam taghfirlana watarhamna. lanna kuunana minal khosirin
Yaa Alloh pangeran abdi,abdi dolim kadiri abdi
Pami Gusti teu ngahapunten ka diri abdi ,tangtos abdi janten jalmi anu rugi

Subhanalloh....abdi terang,jalan nu lempeng pasti bakal lempeng mun abdina hirupna lempeng
Jalan anu salah,pasti salah lamun abdina salawasna kokojayan migawe salah
Mugi Gusti salawasna ngaping ngajaring ngariksa towéksa kadiri abdi sakulawarga
Paparin abdi abdi sayada Yaa Alloh....pituduh geusan nincak jalan anu dipikarido ku salira
Amin...Yaa Robal alamin

SAULAS KAWAAS DINA KAWAAS

Sajak : Nanang Sos

Anteng ngahuleng murak tineung di hareupeun pakuburan
Ngembeng cipanon nu nyalangkrung jumajap marengan surat yasinan
Saulas kawaas mulas melis ngagerihan milu ceurik balilihan
Deudeuh... ceuk haréwos angin pasir nu ngulisik ngahelas milu ngusapan

Panutan....sungkeman muara cinta salira hamo laas ditilar diteureuy ku mangsa
Cinta salira moal pu

kah najan aya caah rongkah anu motah
Asih abadi bakal tetep renggenek rumaket dalit ngahiji
Dina galeuh galeuhna kadeudeuh, asih salira masih kénéh karaos dina antebna
Sorot soca linduk liuh sésétrana dina kaweningan asihna
Masih karaos antebna dalingding wawangi dina cintana

Panutan.......
Hirup téh kiwari jadi nogéncang ngoléang hambar...hirup asa tetep baé nyorangan
Salira angkat leungeun leungeun barudak ranggah barutuheun kupamuntangan

Panutan.....
Sakeudeung deui barudak urang rék balayar dina Rumah tangga
Murak lalakon nyieun lalakon dina sajatining lalakon
Saksian nya ti kalanggengan.....sérangkeun ti lawang sawarga
Asih indung tetep luhung gumulung nanjung gumulung.....

PANGJURUNG

Sajak : Nanang Sos

Jung Pangjurung Asih Indung
Marengan du’a nu wening
Linduh liuh jero kalbu
Mulus Rahayu waluya.
Du’a Bapa mapay jagat
Nurih langit Asih Gusti

Masing bagja hirup tingtrim
Ngampar barokah pangéran.
Jalan Panjang prak geura sorang
Kahirupan Prak kojayan
Temen wekel ngalawan hahalang
Pacuan ulah pundungan.

Panitih Wanci Keur Pun anak anu Cikal : LARAS MUSTIKA SOSANI

Nu baris ngadahup Nopember 2012

Jumat, 12 Oktober 2012

KASMARAN

Sajak : Nanang Sos.

                                                    

Leumpang ngaprak na jalan satapak.....
Kumejot nganjangkeun kasono bongan haté galécok ngogo ngoconan
Kasmaran...lagu kasmaran
Lamunan mangprung ka Bandung mubul jauh muruna ka Ujung Berung

Sétra wening tungtung imut, renyu manis dilak soca ka gandrung napuk lamunan
Aya nu balaka dina cintana, cenah rék satuhu rek saati satia miara rasa cintana
Geus nembrak dina galura deudeuhna, nu dihias dipiguraan dipajang dina kahéman
Cenah manéhna moal arék kasasaha.......! jeung moal arék nganyenyeri
Méméh pisah aya ségah.........
Geus jangji kana dirina moal incah balilahan......moal kagémbang ku anu lian

Ngentring asih katingtriman ngawujud na tulisan natrat kabaca ku rasa
Tutulisan gagambaran,jantung ati dipanggang jamparing asih
Simpé sora dina geter haté ditulis ku mangsi ati didinya aya tulisan
Unina........? Kuring duaan jangji rék saati rék satia buméla miara asih duaan....
Peun....ah !

Selasa, 09 Oktober 2012

DINU MIDANG AYA NU NGANJANG

Sajak : Nanang Sos.



Nu midang hareupeun kembang pulas biru warna kameumeut

Marahmay imutna lucu kapiati sari kempot dina pipina
Nu midang hareupeun kembang maling teuteup tina lolongkrang kiceup
Neges neges sidik ngintip nu kapiati nu sok ngalangkangan dina implengan

Kagandrung napuk lamunan kagémbang rasa ka si manéhna

Kumambang ngangkleung lamunan dina kembang, hayang kapetik hayang kapimilik
Titip diri sangsang badan mun laksana tinekanan pakaulan rék nyarandé dina panto
haténa...

Jamparing jamparing asih nyasaran rasa dina duriat

Mun ieu Gondéwa milesat,hayang nanceb dina mamaras rasa tresnana
Bagéa wilujeng sumping ceuk lamunan...nu sumping sing angkaribung sing rébo
mawa kasono......
Baeu....linggih mangga calik sing tumaninah urang ngampar saamparan dina
kanyaah duaan....
Urang galécok ngobrolkeun kasono urang medar harepan lalakon mangsa anu rék
di sorang...
Emmh.......bagja.......! ceuk rasa dina haténa....

JIRIM DIRI

Sajak : Nanang Sos.




Ngeunteung dina eunteung hirup
Aya kalangkang ringkang ngajebéngan nyurakan diri sorangan
Geuning aya tangtungan ngajirim ngabelegbeg hideung ku dosa
Rumasa....

Jirim diri nganti panti...rénghap hirup dialas didago ku mangsa
Horéng raga bakal pindah padumukan ti dunya nya...ka kalanggengan
Alam téh poék jeung p

eteng lamun dilimpudan ku méga dosa
Tapi Alam bakal caang padang narawangan asal teu anggang tina ridona Pangéran

Ngitung umur tunggu lembur,padahal jirim bakal di kubur
Naon atuh ari Dunya ? horéng ukur panipuan nipu ka diri sorangan
Saur Rosull......moal dikobul do’ana hiji manusa
Satungtung dina tulang jeung dagingna aya nu nyelap ku barang haram
Subhanalloh....Muga Gusti salamina ngaping ngajaring ka abdi abdi sadaya..Amin

NU TEU HAYANG MALIRÉ

Sajak : Nanang Sos.

Aya Aki aki murak kabingung di lebah Kota Bandung
Leumpangna rampohpoy jumarigjeug bari teu ajeg
Leungeuna diteueulkeun kana angen anu keur nahan lapar can manggih dahar
Reg ngarandeg lebah lampu setopan....nunda rantang nangtang haatna haté jalma nu héman
Pasihan Agaan.... ceuk sora si Aki nyoara dina dareuda tiisna késang nu keur

lapar
Nu ngaliwat teu maliré, salsé simpé haré-haré haténa teu hayang méré
Pasihan Agaan....ceuk sora si Aki bari neuteup kana pangeusina mobil nu méwah
Teu hayang méré...Ah...! ceuk sora nu nyarita tina mobil nu méwah bari nyikikik sareuri

Yaa Alloh jantenkeun abdi janten jalma anu tiasa béréhan...yaa Alloh
Ceuk gerentes haté si Aki bari neuteup kana pangeusina mobil nu méwah
Mobil indit..kecrot supirna nyiduhan...? Si Aki ukur ngucap Astagfirulloh....
Panon si Aki mencrong neuteup mobil nu ngagaleong bieu nyiduhan
Ngan sakiceup tina teuteupan panon si Aki, cenah di hareup aya mobil ringsek tabrakan
Ari dirérét horéng téh mobil anu bieu supirna nyiduhan ka Aki aki nu keur baramaén

Deudeuh teuing.......ceuk gerentes haté si Aki bari cengkat rék milu nulungan.

Senin, 08 Oktober 2012

LIWUNG KAGANDRUNG KANU DIPANGGUNG


Sajak : Nanang Sos

  
Liwung kagandrung kanu di panggung
Bet kabiruyungan geuning aya pangambung anu kuwung kuwungan melengkung
Giung.......
Imut sarenyu imut nu manis  dina lambey  nu ipis aya mamanis....inggis
 Rambut ikal galing muntang...meulit muhit dina ati...ku nyari
Sidéngdang milu ngadaweung murak lagu dina tineung ....anteng

Asih téh rumpaka hirup geulis....  sanajan nenggang lir béntang mun hayang pasti ditéang
Duriat jeung rasa bakal  gumulung mun tepung  lir gula reujeung amisna....ngahiji
Mun leukeun anteng ngarumat  Rasa nyaah jeung deudeuh pasti  bakal  akaran uratan
Céboran siraman tangkal kanyaah téh geulis... malar renung  ku sirung sirung kahéman

Cupu manik bungkus asih,sanajan rada nyamuni mun aya widi ti Gusti pasti bakal kapimilik
Pancegkeun galeuh galeuh kadeudeuh  mangka rosa  mangka kuat panceg dina adeg-adeg
Hayu urang nikreuh  jeung ngeureuyeuh mapay hambalan tarajéna haté urang duuan,ku duaan
Sing salsé......Nya ?
Tineung lagu diluhur panggung,kagandrung  nyumput nyamuni dina pangambung
Mugi kasurti ku ati....

Rabu, 03 Oktober 2012

NGALAMUN DINA PAPANGGUNGAN

Sajak : Nanang Sos




Galécok ngobrol guneman dina lamunan
Anteng ngahuleng nyidem rasa dina padungdengan obrolan haté sorangan
Dina diri tingjarega anu keur nyandiwara rajeg dina papanggungan
Aya adegan anu keur seuri leutik,aya adegan anu keur nyakakak surak,
Tapi  lolobana adegan anu keur ceurik balilihan

Hirup ukur nyandiwara,padungdengan galecok dina adegan papantunan
Horeng hirup ukur disasaak diulinkeun ku napsu nu taya reureuhna
Kalangkang kahayang sili genti sili dagoan...sili bohongan ganti ganti lalakon
Rek tépi kairaha urang ngeukeuhan ieu kahayang...? sedeng umur dituguran ku kuburan
Masing eling...dulur,ceuk sora barudak rampak sorana hawar hawar ti hiji Masjid
Hiji wanci urang bakal reureuh maneuh di jero taneuh


Saur Nabi ari dina Pakuburan,éta pasti nalangsa sabab sorangan
Sareng deui di kubur téh poék pisan,nu moékan éta téh ku dosa urang
Nu nyaangan iwal ti ku maos kur,an

Senin, 01 Oktober 2012

NGAWINCIK DIRI DINA JUMERITNA ATI


Sajak : Nanang Sos.

                        

      Ngawincik nyaliksik diri,ngungkab nyawang alam anu rék disorang
      Ngabebengkang raga cuang cieung sorangan,ketir jeung keueung narepungan narémbongan
      Horéng  raga bakal ngabebengkang nangkarak baeud sorangan
      Nyawa bakal leupas mangprung ninggalkeun ieu kurungan

      Maot téh kacida ketirna,ucap lisan bakal dikonci ku Gustina
      Kulit jeung daging bakal jadi sasksina,bakal balaka nyarita  di payuneun  Mantena
      Naon anu arék ditandonkeun anu bisa mungkus tina linyok jeung kabohongan  ?
      Kabéh lalampahan hirup di Dunya bakal diwincik ditaliti dibariskeun hiji hiji
      Nyakséni ceuk ceuli,enya..ceuk mata,sumuhun,ceuk suku
     Kabéh anu napel dina ieu raga bakal réang balaka, nyararita saujratna taya anu kaliwat
  
     Yaa Alloh amparkeun lautan hampura kanggo abdi abdi sadaya
     Illa hilastulil Firdausi Ahla,Walla aqwa naril jahimi,Fahabli Taubatan wagfir dhunubi
     Fainakka ghafirudz dzanbil addimi.........
     Yaa Alloh abdi sanes ahli Surga,namung abdi moal kiat asup ka Naraka
     Mugi Gusti kersa maparinan tobat,ngahapunten kana sadaya kalepatan anu matak janten dosa
     Salametkeun kulawarga  abdi jeung umat islam sadaya, tina siksa jeung panasna seuneu Naraka.
    Amin....amin....amin Yarobball Allamin