Jumat, 14 September 2012

GAMBAR CALON PAJABAT

Gambar gambar rantuy paragpag di sisi jalan
Aya nu keur imut marahmay,aya nu keur seuri maur pangirutan
Aya oge gambar anu keur seuri bari teu nyari.....

Gambar gambar rantuy paragpag di sisi jalan
Aya gambar calon pangagung nu nguyung keur bingung

Jeung........?
Aya gambar calon pangagung anu rek milu sare di gedung DPR

Gambar gambar rantuy paragpag di sisi jalan
Kabeh simpe,kabeh rehe.....
Nu ngaliwat teu apal ka calon pajabat
Kabeh simpe kabeh rehe.....nu ngaliwat hare hare

Deudeuh teuing,calon pajabat neangan haatna sora tinu ngaliwat
Sugan teu kawalat......ku Rahayat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar