Jumat, 14 September 2012

TANAH SARAKAN

Aya citangis anu lumengis di lemah cai sorangan
Basa sarakan mulas melis butuh kupamuntangan
Aya alam nu robah panas hareeng jeung hareudang
Basa walunganna ngoletrak saat tigerat.....teu kacaian

Urang teu kudu tumanya lemah cai urang geus mere naon ka urang....

Tapi urang kudu tumanya geus migawe naon keur ka lemah cai sorangan......
Lemah cai teh kapan titipan Gusti.....
Urang jeung urang kudu miheman saperti hemanna Gusti ka urang

Cipanon lain keur maseuhan lemah cai sorangan.....
Cipanon getih lain wariseun keur anak incu sorangan
Sirung nagri kudu suka seuri dina nyorang jalan sorangeunana

Umbul-umbul tingpuncunghul rajeg di sisi jalan sarakan
Beungeut-beungeut kapalsuan anu siga arek heman..?
Rajeg ngeuyeuban di sisi jalan sarakan lemah cai sorangan
Siga anu enya.....nya ?
Padahal..hate jeung seurina loba anu teu sawirahma jeung sora Rahayatna......
Deudeuh......Tanah Sunda sarakan kula,ti mangsa ka mangsa....
Can ganti wanda.....masih dina lagu,lagu anu kamari....!

Tasik puhu September, 2012.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar