Senin, 24 September 2012

BULAN NGANJANG DINA LAMUNAN

Sajak : Nanang Sos


Daweung tineung ngadaweung dina lamunan
Galindeng katresna ngahaleuang dina lagu asih nu kamari
Natrat sora duriat salira nu diserat dina eusining surat
Kedal ucap arék lana satia moal rek pukah
Ceuk...sora haté salira harita anu kabaca ku rasa

Kuring reureuh dina amparan tamperan kanyaahna
Mungkus lamunan dina kulambu nu maké gambar manéhna
Asa betah ulin cai dina acining kahémanna.....
Bray...asihna.... Bray...imutna ébréh kacipta....sagalana

Leumpang bareng geter sora
Nu kapireng lagu tineung anteng manteng
Asa betah diayun ambingkeun sora mamarasna rasa
Ngentring wening,gahar sora dina haréwosna

Lamunan nutup lamunan
Nu imut ngagalentoran, ngulayaban ngarangkulan geugeut pageuh
Narah papisah....
Nu rék mulang sumoréang melang,teu mulang teu waka miang
Nyangsaya milu teu nangan nyarandé salsé dina panto haté


Isukan aya poé husus keur urang panutan
Wayahana anu lian ulah arék dibagéanan...nya ?
Da bongan sok ngabaribinan...ka urang
Wilujeng wengi panutan....bulan mabra nganjang ka buruan urang....
Keur urang......

Tidak ada komentar:

Posting Komentar