Sabtu, 22 Desember 2012

SAJATINING DIRI

Sajak : Nanang Sos

Nangtung di basisir laut,ngiuhan dina biruna langit
Ombak motah dina dada cipruk baseuh maseuhan Galurana rasa
Melengkung langit di tungtung,ngarungkup wujud tangtungan
Nunggelis batin ngageuri cuang cieung ngawincik jirimna diri
Nyawang dina alam leumpang nu pasti bakal disorang..........
Hirup dipénta tanggung jawabna,madep di payuneun Mantena

Lunta leumpang salah midang,jumarigjeug sasampoyongan
Léngkah diitung ku waktu milang léngkah ku ciciptan
Lamun teu ayeuna nya isukan pagéto nyambung jeung iraha
Naon bawaaeun urang keur mulang...? Unggal poé raga dibaluran dosa

Rigig téh kakara jiga,jauh kana pienyaeun
Husu solat teu kahontal, kakara bisa ngalaksanakeun sugan
Saéstuna kapan Panto Ahérat téh teu anggang tina sakarat...
Diri kakara rumasa lawang tobat sok mindeng pisan di liwat
Demi wanci satemena jalma aya dina rugi
Lamun teu ayeuna rék iraha urang Tobat..... ?
Kapan Gusti keur nganti wancina pati urang
Subhanalloh.............

Jumat, 21 Desember 2012

INDUNG

Sajak : Nanang Sos.


Ema....ti Kamari Kalangkang ringkangna Anjeun datang Nepungan....
Ngetrok haté muka lawang jumajap nganteuran kamelang jeung kanyaah
Beurang peuting dina ringkang kumalangkang ngaringkang wujud salira
Kanyaah indung ngarungkupan tangtungan jirimna ieu diri
Rumasa....Ema....Rumasa, kanyaah salira henteu lunas kapulas ku ieu rasa

Néléngnéngkung nyaah indung teu weléh ngaping ngajaring.......
Beurang peuting aisan indung teu lésot tina deudeuhna
Ngentring hariring dumeling sésétra wening
Nyangkaruk lagu dina laku.....sangkan hirup ulah kalangsu dina lumaku

Najan diri lunta Anggang,jauhna mapakan béntang
Balik mah kuring ka Indung,da indung pangjurung nanjung
Ceuk rumpaka lagu nu ngentring dina jatining asihna indung
Mugia Ema jeung Bapa ginuluran bagja ngundeur barokahna Pangéran
Ngampar asihna Gusti, ngalangkungan mudalna kanyaah abdi abdi sadaya
Amin........

Tasik 22 Desember 2012.

Kamis, 20 Desember 2012

MURAK TINEUNG DINA PEUTING

Sajak : Nanang Sos.


Ngakleung nganjangkeun lamunan dina jemplingna peuting
Kumalayang ngaringkang nepungan Béntang dina peurayna kiceup
Peuting asih kumarembing dina hariringna batin lumengis
Bongan rasa rumasa ngait murilit meulit kanu sahiji

Duh......Peuting Asih
Kuring titip rasa tresna nu pageuh nangkeup kadeudeuh
Tepikeun getering rasa bongan teu kadongkang ku léngkah
Béjakeun ka diri manéhna kanyaah kuring moal rék laas
Palias milu korédas najan raga nilar mangsa,kanyaah hamo milu palastra

Sapeupeuting nganjangkeun lamunan,ngahérang dina beueusna cipanon
Sidéngdang ngahuleng nyorangan nyarandé dina simpéna haté
Horéng anjeun nu énya lana satia,najan raga misah alam salira angger nepungan
Dumeling jatining du,a acining getering batin nu wening
Ngaran salira hamo rek luntur palias milu di kubur...........

Selasa, 18 Desember 2012

KANYAAH NU PUPULASAN

Sajak : Nanang Sos


Ngarandeg sabada leumpang dina péngkolan jalan anu ngolécér
Nu kateuteup beungeut lembur kapidangdung dina liwung
Teu kaampeuh cimata beueus nganteur lamunan dina panineungan
Baheula jaman hirup di lembur,lembur singkur kungsi dihuru di duruk
Deudeuh.....Rahayatna paburisat lumpatna bari ngocéak

Kiwari...........?
Nagri Kuring Lemah Cai kuring cikerih loba ngageuri
Haté Rahayatna béak ruksak disasaak ku Pajabat nu teu haat
Duit Nagri ludes ngiles lus les loba tingkereles
Digerejud dirarud kunu bedegul.......nepi beak purutul
Deudeuh..........
Rahayat guyang cimata,Bangsat Nagarana susurakan arulin ka luar Nagara

Longkéwang maju ka jungkrang.......
Dina ceuli Rahayat kiwari loba sora anu ngoncrang pinuh ku pangoloan
Loba nu datang narepungan asruk-asrukan daratang muru ka lembur
Harayang jadi pajabat.......Cenah....!!
Saroméah umat imut daréhdéh siga nu enya haraat...ka Rahayatna
Mun geus jeneng...? Imut ngiles nu rék haat pungkasna leungit ngereles......

Senin, 17 Desember 2012

PANINEUNGAN DINA TINEUNG

Naker léngkah waktu hirup di lembur, salenyap ngaprak tanjakan
Ibun isuk napuk bitis,lumengis dina cireumis
Waas....anteng murak panineungan, kakelar mangsa keur Budak Unggal poé urang leumpang, anteng mapayan kahayang

Miang muru ka sakola tanjakan Udip diberik
Suku dibungkus ku kulit teu wanoh jeung sendal capit


Mun mangsa girimis nyanding urang kikicpritan dina girimis
Datang lapar teu bisa jajan da teu kungsi dilatih ku duit
Kuru cileuh kentel peujit, hirup miara prihatin

Tanjakan jalan satapak nu raca kiwari tinggal waasna
Mata poé lingsir ngulon, umur urang keur ngarangrangan ngolotan

Panineungan dina tineung du,a indung jeung Bapa tinekanan
Waluya dina pangdu,a tilu sadulur tinemu Bagja .........
Lagu tineung dina liwung tinggal sukurana ka Pangeran

Metik asih Rido Gusti saturunan mugia tinemu Bagja
Hirup waras hurip Gusti raket layeut dina ridona pangéran....Amin

Katineung : keur Si Panengah jeung Si Bungsu
Dede Sumia @Euis R Aen

Senin, 10 Desember 2012

NEPUNGAN

Sajak : Nanang Sos


Sumolondo ngetrok panto..... salira tiluan datang nepungan
Kedal ucap ménta Du,a pikeun muka lawangna Sawarga
Juuh asih dina cipanon lalakon ,raray salira marahmay datang nembongan
Keur anjeun anu tiluan mugia lana murak bagja dina kabagjaan

Ema...Bapa jeung indungna Barudak nu kiwari keur aranteng di kalanggengan

Hirup abdi cuang cieung,keueung jauh jeung aranjeun
Tapi abdi henteu aral, margi salira mulang aya dina ridona Mantena

Ema..Bapa....jeung indungna Barudak nu anteng riung mungpulung
Kasanggakeun ieu Du,a anu kantos diajarkeun ku salira
Jumajap.....jajap salira,muga salira Lana aya dina Sawargana Mantena...........Amin

Allfattihhaah..................

NYANGGI LAGU DINA LAGU KAHIRUPAN

Sajak : Nanang Sos.

Nyanggi lagu dina geter ....... di bulan Désémber
Sapadalisan catetan hirup ditulis dianggit jadi rumpaka lagu
Damina dina wirahma rasa,ngalagena dina layeutan sora

Tungtung lagu dina patet dicatet mungkas na rasa
Natrat sora bet kacipta wirahma léngkah ngagurat dina Pangréna

Saucap saulas serat kanayagan tumbuk dina sora Goong
Sajuringkang kalangkang hirup ngetrokan waruga anu pinuh ku Dosa

Horéng léngkah jeung rénghap teu anggang tina wiletan sora
Nu halimpu anu liuh sora mudun muruna pasti ka pakuburan
Sora bedas mulang mungkas muruna ka Pajaratan
Angin Pasir nu ngageuri ngahariring disenggakan ku sorana Cihcir

Deudeuh.....!!
Tineung lagu dina lagu tumanya dina Anggana
Saha urang.....anu timana urang......? Mulang pasti ka Mantena
Ngoncrang sora murak bagja muga aya dina ridona Pangéran
Amin........

Rabu, 05 Desember 2012

SIRARU

Sajak : Nanang Sos.

Ngariung........
Ngagimbung.........
Napuk lampu mangsa ngijih manjing Magrib.....
Di téras imah.....!

Ngagarimbung.........

Ngarariung......napuk lampu remeng - remeng
Mangsa peuting manjing jempling....
Di hiji Warung........!

Ting kelenyun tingserebung mulek Roko pangoloan
Di Warung Cikopi Birahi......

Tingcikikik...pamér Lipstik mikat lalaki teu uni
Di Warung Cikopi Birahi.......

Tinggurilap tingdarilak aya dilak......?
pacampur jeung angseuna wedak

Sami éta ogé siraru kénéh.....Manawi....!

PAPATONG

Sajak : Nanang Sos.


Ngapung jauh nyusul tepus........
Ngandar jang-jang ngalayang di awang-awang
Mipir langit nyungsi pasir ngangon kaketir dina tetelarna pikir

Papatong hiber ngalayang,kumarembing ditiir ku angin pasir
Nu hiber anteng ngalayang mabur jauh.....ngajauhan


Papatong hiber ngalayang..............
Ngadon eunteup dina régang dahan anu lian
Deudeuh...nu disusul ngajauhan,ngejat lumpat tina pangeunteupan
Tinggal haté ceudeum angkeub....hareneg dicangreud tali kasumpeg

Sorangeun jalan sorangeun nu disorangan ngan ukur dua péngkolan
Rek kamana urang leumpang.....?
Mulang leumpang balik mah mulang ka asal........!!