Minggu, 30 September 2012

MACA WARUGA DINA WARUGA

Sajak : Nanang Sos.



Ngaderes rasa dina kurungan waruga
Nu katimu patulayah kalangkang kalangkang paripolah anu salah
Hirup diukur ku umur rénghap dialas kumangsa,rék kamana urang nyingkah ?
Miang mulang geus aya dina catetan mantena

Balik moal rék pahili jeung pasti,mulang geus aya lahana Pakuburan ngadagoan........

Ngawincik diri dina buligirna jirim tangtungan
Gumelar mangsana datang henteu kungsi didangdanan dibajuan
Wiwit lahir wening bersih tanpa céda,mulang muga jadi ahlina sawarga
Amin......

Padungdengan guneman dina kahirupan batin sorangan
Nu katimu hawa napsu surak rongkah ambal ambalan nyurakan
Rék dibawa kamana ieu lampah,ka sawarga atawa ka naraka ?
Sorangeun jalan piliheun pidawuh Gusti anu pasti mawa kasalametan
Nyanggakeun muga tawekal ngampar dina rasa kaimanan.....
Amin.....

Rabu, 26 September 2012

RAHWANA

Sajak : Nanang Sos.

Urat ranteng ngeprak amarah dina lampahna sorangan
Ngaléntab nguhuru umpal umpalan dina durukan hirupna
Kulon wétan kalér jeung kidul teu hayangeun wawuh
Hirup nangtung dina angkara murka amarah dirina

Duka sétan anu mana anu geus maturan hirupna Rahwana
Bebeneran kabéh dirumpak didupak disépak
Asal batur ceurik manéhna bakal ngagakgak surak sorangan
Lajag léjég lir jalama kurang jeujeuhan
Naha kudu kitu ari hirup ?

Rahwana.....anjeun teu sadar.
Kabeh napsu bakal aya tungtungna
Lampah sarakah bakal aya lekasanana
Masing eling.....Rahwana....?
Kuburan teu anggang ti raga urang
Pati ti Gusti keur antri nganti giliran

Rahwana.......?
Tulang jeung daging bakal balik ka wiwitan
Padang Masyar jalan panjang tempat balitungan keur ngadagoan
Hukum dunya nu teu réngsé bakal réngsé di kalanggengan
Tinggal urang ti ayeuna diajar ngahisab diri sorangan

KALELEBAN

Sajak : Nanang Sos


Rumaos kiwari haté nuju tibelat
Kumambang haté cumantél nyanding duriat
Unggal poé haté midangdam ngacacang nyarita sorangan
Ngait ati murilit muhit kanu geus indit

Karaos hambarna ieu rasa sabada ditilar miang ku salira
Juuh asih dina ati sesah mapalérkeunana
Karaos hambarna ieu rasa sabada ditilar miang ku salira
Hirup kadungsang dungsang kaleleban kapakan ngalayang hirup ngoléang

Geuning kieu rasana ari asih anu sajati mah panutan...... ?
Duriatna henteu gampang laas sanajan ditilar ku mangsa
Geuning kieu ari rasana asih anu tanpa pamrih mah panutan...?
Sanajan ngan kari titis tulis,asihna salira abadi ngajirim dina ieu diri

Kantun catetan jeung catetan anu héman lana marengan
Kantun tapak jeung tapak kasatiaan anu masih raca lain dina pupulasan
Kantun jenengan salira anu masih kénéh tinulis dina tetenggerna jantung ati
Kantun mangréwu runtuyan du,a keur mitineung yasana salira.....
Allohumagpirlahu warhamhu wa’afihi wa’fuanhu.............

Paniti wanci keur Nani S.Y. anu panceg sataun ngantun

Senin, 24 September 2012

BULAN NGANJANG DINA LAMUNAN

Sajak : Nanang Sos


Daweung tineung ngadaweung dina lamunan
Galindeng katresna ngahaleuang dina lagu asih nu kamari
Natrat sora duriat salira nu diserat dina eusining surat
Kedal ucap arék lana satia moal rek pukah
Ceuk...sora haté salira harita anu kabaca ku rasa

Kuring reureuh dina amparan tamperan kanyaahna
Mungkus lamunan dina kulambu nu maké gambar manéhna
Asa betah ulin cai dina acining kahémanna.....
Bray...asihna.... Bray...imutna ébréh kacipta....sagalana

Leumpang bareng geter sora
Nu kapireng lagu tineung anteng manteng
Asa betah diayun ambingkeun sora mamarasna rasa
Ngentring wening,gahar sora dina haréwosna

Lamunan nutup lamunan
Nu imut ngagalentoran, ngulayaban ngarangkulan geugeut pageuh
Narah papisah....
Nu rék mulang sumoréang melang,teu mulang teu waka miang
Nyangsaya milu teu nangan nyarandé salsé dina panto haté


Isukan aya poé husus keur urang panutan
Wayahana anu lian ulah arék dibagéanan...nya ?
Da bongan sok ngabaribinan...ka urang
Wilujeng wengi panutan....bulan mabra nganjang ka buruan urang....
Keur urang......

AKI SUHARMA

Sajak : Nanang Sos.

Anteng nikreuhna ngaléngkah dina suku nu arang reureuh
Léngkah pabeulit di tapuk ku reumis isuk
Demi kahirupan hirupna heunteu bayeungyang ku kahariwang

Unggal poé Aki Suharma leumpang nyorang tanjakan
Hirup ripuh tapi cadu rumahuh
Haté jembar,pikir tingtrim léngkahna dina ibadah
Allhamdulillah......

Unggal poé mapay sigay néang sadapan.....
Hirup pait tapi hasil kasab milu amis
Sanajan kareueut amisna gula Aki Suharma
Ngan saukur ceuk dina létah jalma nu lian

Tangtungan wujud Aki Suharma
Tanaga geus suda...rampohpoy kurang tanaga
Tapi....? dina haténa aya Emas nu nyéngcélak lir emas sinangling
Aki Suharma cita cita mulya
Hayang anak incuna jaga jaradi sarjana...cenah


Kiwari Aki Suharma geus titis tulis
Anak icuna geus rentul nu diwisuda
Aki Suharma imut, bari sidengdang nyerangkeun ti kaanggangan
Bagja.....! ceuk gerentes haté Aki Suharma bari cumalimba.
Anak incuna diwisuda...Aki Suharma oge keur di Sawarga
Mugia.....


-Katineung keur anak incuna Aki Suharma jeung demang Ciparay-

Minggu, 23 September 2012

AMARTA HUJAN CIMATA



Harénghéng Nagara harénghéng sahéng
Hujan cimata di lemah cai sorangan
Getih jeung jerit sora rahayat leutik jumerit nurih langit
Mubul ngapung muru ka alak paul.....

Jumerit nagri jumerit.....
Nu Korupsi seuri nyikikik suka seuri dina dadana jalma leutik
Jumerit Nagri jumerit,nu sarakah susurakan
Nulak cangkéng dina rumahuhna anu keur kalaparan

Saha anu salah di ieu Nagara ? Raja atawa Rahayatna ?
Pangeusi nagri kiwari jadi loba anu teu éling
Loba pamingpin nu betah miara kasarakahanana sorangan
Susurakan dina haté Rahayatna anu keur tingkulahék kalaparan

Nagara Amarta nagara subur mamur...ceuk batur
Nagara Amarta Répéh Rapih ....ceuk dongéng
Nagara Amarta kiwari keur néangan pamingpin anu daék di ruang koropés
.
Tapi....? simpé rehé ....paharé...haré.... !
Tacan aya anu daék....!

Sabtu, 22 September 2012

SIMPE HATE

Sajak : Nanang Sos.

Lalakon cipanon dina citangis nu lumengis
Beueus baseuh cipruk maseuhan hate
Ilang udagan ilang harepan
Diri ranggah gupuy gapay nyiar geusan pamuntangan

Horeng hirup kudu jauh jeung kadeudeuh
Horeng hirup kudu anggang jeung kalangkang kabagjaan
Humandeuar ngaprak leumpang dina kereteg lampah sorangan
Teu puguh jugjugan teu puguh udagan.....

Kumarembing nete akar ngeumbing jangkar
Kadungsang dungsang puyang payengan dina lengkah sorangan
Sajuringkang kalangkang diri anteng guneman pahare - hare
Dina hate...dina hate....
Girimis citangis mulas melis nyanding kapeurih
Salse antare...rehe....sakapeung simpe...!

Kagegelan : Kanggo Pun Lanceuk ( NYI MIRAH )

Jumat, 21 September 2012

JUMAJAP DINA DU,A

Assallamualaika...ya Ahlal Kubur......
Diri datang nepungan ka ahli kubur
Mugia aya dina rangkulan deudeuh asihna Gusti

Dina tetelar pasir anu bulistir
Tapakur napakuran hirup,hiji waktu kuring bakal di kubur

Ya Alloh bagjakeun sadaya pangeusi ieu kubur....

Ema...Bapa...Nani.....! nu mulang ka kalanggengan
Ieu diri datang nepungan ka Pajaratan salira
Datang nepungan angkaribung ku runtuyan mangrewu du,a
Mugia salira sadaya janten ahli sawarga amin

Ema...Bapa...jeung Nani,anu nuju reureuh maneuh di jero taneuh
Kasanggakeun runtuyan du,a tina surat Yassin.....
Tawis asih tina sajatining asih ti Ieu diri

Ema...Bapa...Nani......!
Masih ngalangkang kagambar tangtungan aranjeun anu tiluan
Masih kakuping soanten aranjeun anu gahar ngoncrang upami nuju gumujeng.......sareng nuju cumarios....

Asih jeung deudeuhna salira lir setra nu wening
Asih jeung deudeuh salira lir bentang nu nenggang
Asih jeung deudeuh salira.......salawasna....
Nyacas ngagenyas bodas nyengcelak teu aya tanding

Yaa...Alloh,bagjakeun indung,Bapa,bojo abdi dikalanggengan
Yaa...Aloh, tawiskeun ka aranjeuna sawarga kanggo bumetahna
Yaa...Aloh,mugia ranjeuna kenging sapaat ti Rosullna
Amin.....


Panitih wanci : Keur Nini Aki jeung Indungna Barudak.
LIWUNG

Liwung kagandrung nalikung dina tangtungan
Saruntuyan imut sumawur na jangjang langit
Basa imutna marahmay hate kapaut diri kapakan
Saulas kawaas gumelar dina tetelar katresna

Nu sumping nyanding dina simpena peuting

Ngetrok panto sumolondo mawa kasono
Datang ngamparkeun kaheman galecok murak duriat

Wanci peuting nyanding nu sumping
Mawa harewos ngarangkul napuk lahunan
Mubul kagandrung nurih langit dina impian
Papuket duaan dina buligirna peuting nu poek peteng

Reup...raga milu ngageubra...!
Basa lilir ngulisik nu nepungan milu suwung
Basa panon gigisik beunta
Horeng kuring keur anteng ngalalakon dina kembangna sare

Liwung kagandrung nalikung dina lamunan
Liwung kagandrung patepung ukur impian
Liwung kagandrung nu tepung ukur salangkung
Ku teungteuingeun.....!!

Kamis, 20 September 2012

Sajak : Nanang Sos

BALABUH

Aya geugeut jeung deudeuh nu kareueut dina kiceupna
Aya teuteup jeung angkeut sumolondo dina kasonona
Aya dilak jeung teuteupna matak tibelat milu ngaliwat
Aya kanyaah linduk liuh dina palataran tataran kahemana
Aya nu tingtrim wening sumanding dina asihna
Aya palataran duriat rumingkang dina lahunanana

Wilujeng wengi panutan...
Saur harewos ngaharewos datang mawa kasono
Wilujeng wengi panutan....
Sora angin ngulisik datang nepungan mawa talatah
Nyanggakeun ieu titipan duriat anu hamo pegat

Lisan harewos pangjurung ka gandrung nepungan nalikung
Aya salira nganjangan dina kongkolak panon nembongan
Aya lamunan handaruan ngagentraan asma salira
Aya nu Gandrung hayang tepung embung pajauh
Aya nu antay antayan kumarembing nareangan pamuntangan
Rek Balabuh dina parahu hate salira.......
Wayahna.....ulah ditampik kedah ditampi ku ka ihlasan

WAYANG



Katineung : Keur Kang Uyuh Yuharno.

Ngaringkang di jagat wayang
Loba lalakon akur jeung urang
Kumelendang...kumelendang usik malik kuma dalang
Horeng hirup wawayangan laku lampah jiga wayang

Dina diri urang aya Dasamuka....nu keur ngamparkeun amarah
Dina hate urang aya Yudistira anu salawasna ngajak jujur
Jalan hirup teh aya dua tincakeun dulur....
Mun teu mengkol nya pasti lempeng
Dina hate teh aya dua pangajak dulur...
Rek milih sawarga atawa milih naraka ?
Rek kamana mawa ieu raga ?
Pamustungan bakal nyangsaya dina hiji kotak

Toroktok...sora cempala
Lampah tuding jeung campurit bakal dipenta tanggung jawabna
Tanceb kayon na mangsana
Tutup lawang sigotaka...tinggal balitungan jeung itungan
Mugia lulus banglus.......

Rabu, 19 September 2012

BALABUH

Sajak : Nanang Sos

BALABUH

Aya geugeut jeung deudeuh nu kareueut dina kiceupna
Aya teuteup jeung angkeut sumolondo dina kasonona
Aya dilak jeung teuteupna matak tibelat milu ngaliwat
Aya kanyaah linduk liuh dina palataran tataran kahemana
Aya nu tingtrim wening sumanding dina asihna
Aya palataran duriat rumingkang dina lahunanana

Wilujeng wengi panutan...
Saur harewos ngaharewos datang mawa kasono
Wilujeng wengi panutan....
Sora angin ngulisik datang nepungan mawa talatah
Nyanggakeun ieu titipan duriat anu hamo pegat

Lisan harewos pangjurung ka gandrung nepungan nalikung
Aya salira nganjangan dina kongkolak panon nembongan
Aya lamunan handaruan ngagentraan asma salira
Aya nu Gandrung hayang tepung embung pajauh
Aya nu antay antayan kumarembing nareangan pamuntangan
Rek Balabuh dina parahu hate salira.......
Wayahna.....ulah ditampik kedah ditampi ku ka ihlasan

Selasa, 18 September 2012

KEMBANG KAMUNING

Kamuning ligar di Gunung Malati...
Kamuning nyacas bodas setra wening
Kamuning wawangi dalingding asih
Sungkeman runtuyan kembang katresnan

Mustikaning ati jimat awaking
Ceungceuman kadeudeuh galeuh nu maneuh
Disiraman dipulasara
Sirung renung mangka manjang salawasna
Kamuning...kamuning......
Kalangkang tangtungan gambaran kabagjaan

Kamuning....Kamuning.....
Jatining hariring kqmuning Kuring....

Panitih wanci : Keur Buah Ati,Barudak anu tiluan
WADITRA RASA

Ngentring sumanding nyanding dina hariring
Bray....sagalana karampa,karasa,kacipta.....
Manehna keur ucang angge dina hate
Seseleket....nete dina gawir pasir anu pinuh ku karisi
Risi semplek..... inggis mepejet hate

Geuning aya lagu nyanding wirahma
Padahal sora hate tacan surup jeung sora waditra
Geuning aya nu sumping ngahariring dina teuteupan
Padahal hate keur simpe can mere sora kanu rek nyoara

Sora teh kapan sora urang Geulis.......
Sora anu salawasna kedah sawirahma dina nembang
Sora teh kapan sora urang Geulis......
Sora anu salawasna kedah rampak dina nyieun putusan

Ngeteyep...ngarayap urang nganggit dina hiji hariring
Ngeteyep...ngarayap urang leumpang dina hiji padalisan
Ngeteyep ngarayap urang leumpang dina hiji pamadegan
Ngeteyep ngarayap urang leumpang dina hiji kapastian
Mugia.....

Jumat, 14 September 2012

IMPLENGAN




Lain ngimpi lain gundam,tapi nyata salira datang nepungan
Lain gambar,lain kalangkang tapi nyata salira ngajirim dina lamunan
Lain itu lain eta,malah lain sasaha....
tapi hate keur puyeng payengan kaleleban ku salira...

GALURA RASA DINA SORA



Keur : Ema Roa.


Aya jamparing nyasar langit ati dina wincikan asih
Sajorelat gondewa ngabelesat mapayan rasa
Aya jamparing nyasar langit ati dina wincikan asih
Dina jajantung ati salira ngalagena nyiruruk pinuh ku imut
Aya sora nu pasrah leah  tumaninah bumetah ngaraga dina sukmaning sukma

Aya nu sidengdang ucang ucangan dina rangkulan lahunan kaheman
Aya anjeun kakalangkangan ngalangkangan dina kongkolak panon
Aya tangtungan anjeun anu ngajirim dina  wujudna sajatining ati
Aya anjeun nu datang dina galuraning galurana kasmaran

Bagea…….wilujeng sumping.

TETELAR KAWAAS DI PAGOROMAS



Keur  : Nani Sy


Dina tetelar mumunggang luhur pasir
Raga salira sirna bumetah maneuh dijero taneuh
Nya di dieu anjeun reureuh…..
Nutup umur di jero kubur….


Di Pagoromas tetelar kawaas ngarakacak waas
Di Pagoromas raga sirna mulang ka asal milu lekasan
Pajaratan pangbalikan….paniisan
 Mulang….raga dina sajatining  waruga
Pagoromas…Pagoromas mulas kawaas dina tetelar kawaas
Juuh cipanon dina girimisna reumis kasedih
Nurih lalakon nganteurkeun tineung kanu nineung
Natrat pangdu,a nu ngarakacak jumajap ka sawarga…..Amin

CIPANON LALAKON



Tingkolebat mangpirang pirang lalakon nu ditulis ku cipanon
Ngarusapan ngagerihan,taya basa geusan ngarasula
Najan diri kumareumbing,ukur ranggah nandean kawelas anjeun

Taun-taun urang bareng ngala kesang
Nyorang jalan nu teu salawasna tinawur kembang
Dipepende kiceup bentang nu marurag na lahunan
Di iuhan dangdaunan nu mimiti ngalakay,tuluy maruragan hiji-hiji
Nyungsi taman panyileukan nu ngan ukur tembong gelar

Sajajalan anjeun anteng maling- maling nyeuseup kembang