Selasa, 19 Februari 2013

SIDÉNGDANG DI LEUWI ASRI

Dina rasa téh aya duriat nu ngampar minuhan jagat
Dina batin téh aya nu ceurik balilihan, mula melis milu lumengis
Lengeun ranggah ngulayaban néangan geusan pamuntangan
Cuang cieung kokotéténgan ngoréhan akar akar kanyaah

Kumarembing mipir mipir gawir wanci, nyungsi asih nu hakiki
Ti Bihari ka kiwari ngulayaban kumambang anjang anjangan
Raga rasa cumarita guntreng guneman sorangan
Ukur tumanya........

Nu Datang ukur ngoconan lindeuk miyuni manuk japati
Lir ngudag hiji kalangkang dirucu anggur kalah ngajauhan
Geus gilig jangji ka diri,moal kataji kunu can pasti
Geus niat moal rék kabéngbat kunu ngolébat saliwat
Bongan diri inggis risi disebitan ku kapeurih ku kanyeri
Mending sidéngdang dina ayunan sorangan,bari neuteup éndahna lamunan

Mending nganti di leuwi Kinanti, nganti surti widadari turun ti langit asri

( * Tepis wiring Kota Tasik, Pebruari 2013 *)
LEUNGITEUN

Kagandrung numpuk sa Gunung....
Juuh asih meungkeut deudeuh pereket pageuh migeugeut
Ngalayang haté ngoléang nu dianti henteu surti ngereles tina teuteupan

Unggal poé,haté lumenyap midangdam....mitineung
Unggal mangsa haté nalangsa capé ngupahan polah sorangan
Antri ngantri dina surti cangkeul ngadago nu pamit indit
Nu miang lebeng taya béjana.........ku harianeun...!

Lilir usik dina ngulisik,diriung dina lamunan polah sorangan
Manusa lir polah wayang ngajuringkang dina lampahna diri sorangan
Tinggal diri anu kudu surti migusti kanu sahiji,rék dibawa kamana ieu lampah ?
Kapan takdir sadayana anging pangérsa mantena..........
Subhanalloh...Mugia urang sadaya teu ilang Iman......!!

Amiin...............
DI GEDUNG JUANG AYA HALEUANG
Keur : Jajang Rahmat

Aya haleung tembang di Gedung Juang sorana angin anginan
Kutingtrim..... gelik suling ngageuri ati noélan mamaras rasa
Nyanding dangding dina hariring dipaut ku sora kacapi suling
Sora salira murak rumpaka sapada dina tetelar kawaas
Anteb leleb , rus ras emut ka panutan ati nu geus leungit

Lagu téh wujudna jatining batin,nyuat rasa nineung kanu geus mulang
Bruh bréh lalakon mangsa nyoréang alam katukang ébréh atra narémbongan
Tineung lagu rasa sunda nyampak tumerap dina rasa raga salira
Jerit suling ceurik ati ngageuri di lebah Tasik....ku waas...Nya ?

Mun harita wasa nyarita,hayang salilana babarengan dina tembang
Rék nitip asih dina hariring,malar lana murak duriat nu hamo laas
Tapi waktu kudu nungtung,dipungkas ku nutup Panggung
Jentréng kacapi geus indit pamit, balabuh muru ka Garut
Jemplang Karang dina tembang mungkas lalakon adegan
Sunda midang mangka langgeng digjaya di Tanah sarakan sorangan
Mugiaa.........!!

( * Kakarén Manggung di Tasik dina kaping 3 Pebruari 2013 * )
KAMELANG KA SARAKAN

Ngangkleung nganteurkeun katineung ka Tanah Sarakan
Angin Gunung ngahiliwir ngusapan batin buligir
Wanci burit.......Langit burit dipapaés geleberna kalong ngaringkang
Sora barudak réang récét di Tajug leutik patarik tarik dina ucap pupujian

Waas....kawaas teu laas laas..... sono solat Magrib babarengan di Tajug leutik
Nganti datang mangsana isya,barudak reang ngaderes ngaréjah maraca Qur,an
Ku wening ku tingtrim.......!
Barudak aranteng teu kungsi kagoda ku Flm dina Sinétron
Maranéhna boga hanca...hayang cacap tamat hatam maca Qur,an

Deudeuh....kamelang teu ilang ilang....angin Lembur lilimbungan
Risi Lembur kalindih ku haseup dayeuh nu kotor cakeutreuk hideung
Palias.......Palias..........! Jati kasilih ku Junti

* GN. Bubut, Januari 2013 *
ANGGIT LUGINA

Dicatet ku pananggalan,tinulis na titi mangsa
Tilu Pebruari nitih wanci,dua réwu tilu welas ninggang Mangsa
Muka lambaran lalakon anyar,nyorang hirup Rumah Tangga
Geus paheut ngeuyeuk kadeudeuh,tigin jangji dina laki rabi
Rék nyungsi jaladri asih,ngawelah parahu kahirupan

Du,a Bapa mapay jagat nurih langit asih Gusti
Masing bagja hirup tingtrim,ngampar dina barokahna Pangéran
Run turun jati Rahayu sumawur na réstu Indung
Ngetring jatining hariring,tumut kana pidawuhna Rossull
Mugia raket geugeut pageuh,pengkuh dina aturan Pangéran
Braall...miang dina kabagjaan mugia tinemu Bagja Dunya rawuh ahératna
Amiin...yaa Robball allamin..............
Anggit Lugina Sosani,Ciptaan Alloh anu utama dina kautamaan kasugemaan

*Tepis wiring Gn Malati, Congo Januari 2013 *
DINA TETELAR KAWAAS

Panutan..... mun seug salira dina poé ieu masih jumeneng

Tilu Pebruari dua réwu tilu welas ayeuna
Yuswa salira panceg jejeg milangkala nincak anu ka lima puluh Tauna

Tapi teu kitu.....lalakon tinggal lalakon,kapan pati mah kagungan Gusti

Dina rébuan kalangkang nu kokolébatan jeung dina juuhna cipanon kasono
Ringkang salira katawis ayeuna aya nyérangkeun ti kalanggengan
Milu nyakséni si Bungsu nu Jatukrami dina tilu Pebruari

Keur ANGGIT Jeung RANU...........

Wilujeng Anaking......nu anyar dirapalan
Du,a Bapa jeung Mamah ngajaul mubul ka alak paul
Ngaprak mega mapay mapay jagat jumajap salira duaan dina Rumah Tangga
Mugia aranjeun jeung saturunan tinemu bagja dunya jeung Ahératna
Amin.......


*Panitih Wanci Keur Anggit & Ranu *
NGAWINCIK NGAJI DIRI

Ngawincik jirimna peuting,geuning aya dangding marengan hiliwirna angin
Rekét panto lawang ucap hanjakal sok luncat tina ilat
Ngagerendeng dikir jeung takbir,tapi pikir rumasa teu jadi mikir
Léngkah ngaléngkah hayang dinu lempeng,tapi haté tara daék milu lempeng
Naon atuh udagan hirup ?
Sawarga nu dipingcangcam.....lampah jeung paripolah didoliman ku sorangan

Hirup katungkul ku pati,antri dina takdir panggerona Gusti
Sajeujeuh maju kahareup,rénghap ngorotan ngurangan
Adeg adeg pecat sawed,panon poé laju ngulon
Umur surup na waktuna, mangsa rupek ngaheureutan
Nungtung umur dina tungtung ngadago panggero Mantena
Panto Sawarga baris ngagebray muka ngadago jalma nu Takwa
Mugia.........

* Tasik, Puhu Pebruari 2013 *
NGARINGKANG DINA KAHAYANG

Aya wirahma léngkah nu teuneung nyingraykeun halimun Gunung
Di lebah Tanjakan muru ka Kawali diri ngawincik lilirna pikir
Ngagerendeng ucap nu ngagerentes dina pangucap runtuyan Du,a
Cipanon muruluk juuh butuh ku pangampura Mantenna
Lumengis....citangis mulas melis rumasa diri tuna jeung laip

Sawangan dina lolongkrang kaca teuteupan sakiceup ngiceupan narémbongan
Rebuan kalangkang ngajuringkang ngadeukeutan ngarangkulan
Dina tanjakan, rénghap ngahelas ngarénghap ngurutan dada
Béak tanjakan angin tiris maca diri museurkeun pasir pasini

Sakolébatan nu disawang pasti bakal datang nepungan ngajakan balik
Pati jeung pasti ngabaris dina jangjina Gusti.......
Pangreureuhan pajaratan kiwari keur ngadagoan kalangkang ringkang
Wening cimata ceurik batin balilihan miharep asihna Gusti
Jumerit diri sakulawarga miharep pangampura Mantena
Saruntuyan,saturunan Abdi, Yaa Alloh Mugia janten ahli Sawarga

Amin.........

( * Kota Resik, 11 Pebruari 2013 *
ASIH NYANDING DINA WANCI JANARI

Ngaringkang dina jalan miang,léngkah karep muru sajatining asih nu wening
Séwu mamanis nu geulis, datang nganjang muru lindukna rangkulan
Marahmay imutna,sorot soca ranclik rag-rag dina ati
Ngentring tingtrim hariringna halimpu dina réstuna indung

Sidéngdang duaan di pasir asih,angin katresna ngageberan ngalédotan
Dina angen kakangen mulek ngusapan pinuh kadeudeuh
Simpé réhé kedal lisan,galécok tonggoy ngangon kasono duaan

Ku tingtrim sapeupeuting guneman dina rangkulan teuteup
Ngararasakeun tiisna angin janari, nu surti dina birahi
Asih nyanding dina jatukrami,saresmi dina pasini
Nu pogot nyokrok ka sono,tonggoy poho kana lalakon peuting
Niir Asih wanci janari kapegat ku balébat datang

Sora hayam kongkorongok ngélingan ngajakan lilir
Eemhh.....nu sono nguliat lésot tina tangkeupan
Ngaléngkah lungsé rampohpoy,teu nangan muru tampian....

Tasik,5 Pebruaru 2013 *
* Dicutat tina kumpulan sajak sajak Pribadi, nu ditulis dina taun 1983.*

BULAN NGANJANG KA BUNGBULANG

Bulan ngangkleung balayar di langit Bungbulang
Béntang nenggang ngiceupan milu maturan
Saruntuyan imut sumawur nyumput dina satukangeun méga
Linduh teuteup gahar sora ngadangding miyuni dangding kinanti

Ku anteb ........!
Kawih Asri hariringna ngentringan langit langit bihari
Mudun lenyap salenyap milesat dina jamparing asih
Niir asih nyulam héman tumapel ngan ukur dina implengan

Widadari turun langit.......ngalayang lebah Bungbulang.
Nanggeuy deudeuh mawa kanyaah dibungkus ku susuganan
Ngabedega ajeg tangtung nangtung dina kaca lalamunan
Eemhh......kuharianeun........!!

* Tepis wiring Tasik, 7 Peb 2013 *

KALANGKANG BÉNTANG DI SUMEDANG

Aya Béntang nu nenggang di langit Sumedang ngiceupan
Ku kuring anteng digupayan diajak padeukeut dina teuteup
Manéhna turun ninggalkeun langit jeung panglayarna
Tuluy nyuuh nyumput disatukangeun ieu punduk
Nyéh imut.....imut surti nyungging langit nurih asih sawiati

Ku tingtrim angin peuting anteng lana ngusapan dina kasatiaan
Ketug jajantung meureut getih asih nu mapayan urat urat duriat
Ngagulidag tirta tresna ngagalura datangna umpal umpalan
Awor sora dina pésta rasa, pasini meulit hamo arék pukah deui

Béntang Nenggang kiwari ngancik dina diri
Mojang midang béntang Sumedang mapaésan taman kahéman
Kedal lisan dina ucap, saéstu tetep arék satuhu mituhu
Pageuh deudeuh mangka maneuh lana bumetah dina kanyaah
Réhé simpé haté salsé antaré maskét ka lebah Cipélés

( Tina kumpulan sajak Panineungan Pribadi, 1980 )

SARAKAN PANGBALIKAN

Kalakay ngalayang ngoléang dina aworna asih
Angin lilir ngaharéwos nepikeun talatah ka layung burit
Sajuringkang jirim diri tumapel anteb ka Tanah sarakan
Lemah putih tatapakan panginditan pangjugjugan sarakan lembur sorangan
Nya didieu kuring reureuh,maneuh dina galeuh galeuhna kadeudeuh

Hurung layung hibar asih ngeunteungan amparan langit
Nya di ditu lembur kuring nyangkaruk di sisi Gunung
Liuh linduh juuh asih rangkulan kanyaah indung
Cur cor cai, wening tingtrim canémbrang hérang dina kanyaahna Bapa

Lagu lembur pagunungan gupayna gupay kamelang
Raga sukma teuas tulang ngarumpul di Pakuburan lembur
Rénghap jeung léngkah ngendoran ngurangan, horéng geus deukeut ka tapel wates
Takdir pati bakal datang muga mulang manjing dina Iman islam
Wiwitan datang ti Gusti,balik pasti bakal ka Gustina.......

( * Tasik, 14 Pebruari 2013 * )

NYEKAR

Haneut moyan hujan poyan pras pris girimis di lebah Ciamis
Samar samar na tetelar pasir, aya sora Tresna nu manjing dina citangis
Sawangan kebat labas milu meuntas , naratas ngudag kawaas ka Pagoromas
Angin katiga niupan ngusapan,rampak maturan raatna cimata
Deudeuh........!
Reumis pasir maruntangan beueus dina ligarna kembang samoja

Tembang téh tembang hanaang sawirahma dina dareudana tembang kacinta
Lagu kalbu tetep ngagalindeng sasoanten sareng soanten salira nuju di Dunya
Geuning kieu ari rasana nu kaleleban...! Diri ketir ngaléngkah sasampoyongan
Haté rus ras kanu miang nepangan ukur dina pangimpian,panglamunan

Deudeuh.....!
Kalakay murag dina sawangan ditéwak ngereles ilang
Pikir galécok ku kasono,ukur wasa talatah ka angin pasir
Nyekar nepangan ka pangreureuhan, jumajap nganteurkeun weningna cimata
Digentraan digeroan,nu digeroan tonggoy nyérangkeun ti kalanggengan
Cinta reujeung kembangna samoja sumawur marengan du,a
Tumungkul neuteup tutunggul,nu diteuteup anteng dina kanimatan kabagjaan
Mugia Gusti........Biangna pun Anak salawasna aya dina Sawargana salira
Amin Yaa Roball Allamin.........

( * Cinyasag Panawangan, Pebruari 2013 * )

Jumat, 15 Februari 2013

NGALENYEPAN DIRI :

" Satemena hate lalaki teh umumna cengeng jeung rapuh lamun dijauhan ku Pamajikanana anu kacida dipikanyaah jeung dipikacintana.Buktina sakalieun ditinggalkeun ku pamajikanana,maranehna teu bisaeun ngurus kaayaan di Imahna,komo lamun kudu ditinggalkeun MAOT ku Pamajikan,jigana sajaba ti kaayaan di imahna bakal pabalatak teu kaurus,oge rarancang program Rumah Tanggana bakal acak acakan.
Uar pangajak Pikanyaah pamajikan dina rasa kaislaman,kaimanan,sangkan langgeng dina kabagjaan.
Biasakaeun hirup REPOK lamun aya pasalia dina paham.Pasea jeung pamajikan teu matak jadi juara,malah anu unggul moal matak meunang hadiah atawa Piala tinu jadi Mitoha Meureueun........!!....He....he "
PANGJAJAP KEUR SI BUNGSU NU ANYAR DIRAPALAN :

Najan batin bari ngarakacak nalangsa,kagagas,rusras emut ka biangna anu tos bade dua taun nilar ngantun.Allhamdulilah sim kuring tinekanan dina waktosna tiasa ngawalian pun anak anu bungsu ANGGIT LUGINA SOSANI nu ngadahup dina kaping 3 Pebruari 2013 Di Tasikmalaya.
Yaa Alloh mugia abdi dipaparin turunan anu saroleh,anu tarakwa ka salira,anu pangger panceg dina iman islamna.mulus lahir sareng batina.digampilkeun dina milari rijkina,dipaparin kalancaran dina sagala urusan hirupna, dipaparin kabagjaan kasalametan dunya rawuh aheratna.
Yaa Alloh mugia tingkah paripolah kulawarga abdi sareng turunan turunan abdi sadaya salamina aya dina jalan anu dipikarido ku salira.Amin.....

( Nanang Sos )
KASIMPÉ MÉPÉNDÉ HATÉ

Aya hariring nu sumanding dina jemplingna peuting
Duka soantena saha nu datang nepungan dina manjingna tingtrim
Ku salsé.........
Ngentring asih dina hariring sawirahma dina gending
Gahar sora dina rasa ngulayaban mapayan hambalan duriat
Antaré.........

Lagu teh nyamuni kalbu,maut asih tina getering dasarna ati
Halon anteng ngalagena dina dangding dangdingna pikir
Duka rék tepi ka iraha diri nyangsaya dina ayunan ieu lamunan
Unggal wanci dipépéndé ku kasimpé,anteng dikeukeupan harepan

Heemh....kakangen niruk lamunan malibir ka biwir langit
Teu puguh udageunana.........!
NGEUNTEUNG

Ngabedega nangtung hareupeun eunteung
Umat imut,sura seuri nyeungseurikeun diri
Geuning teu nyari....!
Dina diri loba daki kekebul paripolahna diri

MOJANG BEKASI

Ngaprak leumpang duaan di lebah Cihampelas
Kawaas nyacas ngagenyas.....
Suka seuri sawiati saati dalit ngahiji
Lir Déwi Pohaci...lumungsur turun ti Bekasi
Geuning kiwari bet jadi bari....?
Bongan angin sumilir sok tara lana,
Boa geus aya deui nu miboga nya ?

Piraku.....rék luas téga nyieun céda.........!

SAJAK RASA

Sajak rasa tinulis na wanci peuting
Manjing lilir sangkan peutingna kabawa ngimpi
Wilujeng wengi jungjunan.....

Sagurat duriat nyanggakeun kanggo salira
Mugi kasurti ku ati muga kabaca ku rasa
Kedah ditampi ulah ditampik.....
Bongan ditampik sok jadi nyeri.....!
SALÉNGKAH DINA NGALÉNGKAH

Asa cikénéh ulin cai hujujanan di lebah lembur
Waktu muter nguruilingkeun lalakon muterkeun jaman
Ti Mangsa ka mangsa di deupaan dijeungkalan disorang ku sorangan

Asa cikénéh....ngalalakon jadi budak ogo lumah laméh kanu jadi indung
Diusapan,dihuapan,dipihéman dina lahunan nu jadi indung
Waktu muter nguruiling muterkeun umur.....
Sakorépat mangsa ngejat ngaliwat ninggalkeun mangsa
Mangsa keur budak ngalangkang dina ka kawaas

Tanggah ka waktu horéng umur geus manjing ka tunggang Gunung

PADUSUNAN
Ngulampreng nganjang ka palebah Gunung Bubut
Haréwos angin lembur noélan acining batin....
Kakangen rasa ngulampreng ngahelaran raga
Batin ngait ngageuri nyantél kaLembur
Kingkilaban Pilemburan gugupay ngajakan mulang
Sedeng diri nyanding pikir di pangumbaraan
Duka tepi ka iraha raga sidéngdang niiskeun pikir di lembur batur

Can kapikir............!!

TIBELAT

Sakorépat haté lumpat rurusuhan muru beungeut lembur
Tanggah nanjak ngarénghap dina tanjakan Cicadas
Gupay rasa kakelar muru Ka Gunung Bubut
Juuh asih muru pangampura Indung......

Kantun kawaas ngukusut pikir keur gandrung
Beungeut indung kiwari nyérangkeun ti Alam kubur......

*Tepis wiring Lembur kuring Congo Januari 2013 *
MURAK LAMUNAN

Ngalangeu nangkeup harigu hareupeun jandéla
Aya angin kahéman datang nepungan mawa kasono
Ngaranggeum eusi haté dina ramo réma rémana kanyaah
Mawa teuteup jumajap eunteup na geugeut
Pereket pageuh rumaket raket meungkeut ku kadeudeuh

Renung sirung dina pucuk pucuk ibun asih
Hawara Gunung juuh dina teuteup nu linduk linduh
Sadami rénghap haroshos dina ketugna jajantung
Kembang asih mayak dina amparan mamarasna rasa

Kagandrung wuyung nalikung nepungan napuk sagunung
Anteng ngahuleng murak geter dina geter,
Rasa duaan ngalarung jauh ngarumpak rangkulan duaan
Guneman batin ngadongkang umanjang kanu nyorangan
Kasimpé haté sumélékét ngarampa haté sorangan
Galecok haté cumarita dina lalamunan jeung susuganan


• Tasik, Januari 2013 katompérnakeun *
AKAD TIKAH.

Saucap sakecap sapaniatan sapamaksudan
Kedal lisan dina akad tikah...
Ngabulungbung ngudag lengkah kabagjaa
Neangan ridona pangeran
Mugia........

JATUKRAMI

Nyiar bagja......
Nyatet tanggal dina titimangsa

Datang waktu muru cunduk
Milih Wanci nu mustari
Pasini jangji dina Jatukrami

NGAWALIAN

Gumulung ngagorolang dina ucap
Cipanon bedah ngarawu rangkulan kabungah
Akad tikah dina ibadah
Ngahalalkeun anu asalna teu halal

Mugia ngampar dina barokahna Pangeran
Amiiin.......
1. Paniatan anu utama pikeun ngalengkah dina nyiar kipayah.Nya eta kudu wani ngabuleudkeun paniatan hate bari niatana kareana Alloh seja IBADAH

2. Sagala rupa garapan pagawean Insyaalloh bakal jadi Amal ibadah,asal dina hate teu boga paniatan arek " NGARUGIKEUN DIRI BATUR JEUNG TEU BOGA NIAT AREK NGARUGIKEUN DIRI SORANGAN "

3. Hirup bakal karasa tingtrim Batin,asal diri geus ihtiar turta tumamprak pasrah sumerah kanu maha kawasa bari salawasna tara lesot tina DIKIR jeung MIKIR.

( * NASOS TASIK * )
iNDUNG

Bada subuh muru lembur,ngagedig mapayan galengan
Sakolébatan pameunteu Ema némbongan
Diburu,disusul.....ditepungan
Horéng indung keur aya jeroeun padung

BAPA

Nyekar nganjang ka Makam nu jadi Bapa
Linduh liuh sorot soca Bapa, teu weléh baé kacipta
Ngagerendeng runtuyan du,a maturan keclakna cimata
Horéng Bapa keur sidengdang aya di lebah Sawarga
Mugia....Amin

PAHATU LALIS

Ngahelas nalangsa,ditilar ku jalma nu dipikacinta
Tilu sadulur ngariung kiwari teu boga indung jeung Bapa
Mulas melis kingkin pikir ngajadi pahatu lalis
Balilihan ceurik batin cuang cieung ngan ukur tilu dulur
Sadar kadar horéng dunya ngan saukur pupulasan sisimpangan ....
Dunya raga anu dipiboga datangna ngan saliwatan
Nu anteng langgeng ayana nya dikalanggengan.......

Tasik, 13 Pebruari 2013.