Jumat, 30 November 2012

MACA RASA DINA RASA RUMASA

Pangangguran....mukaan lambaran catetan hirup
Nu Katimu........?
Dina diri aya tutulisan nu pinuh ku mangsi hideung
Geuneuk rumeuk ngabelegbeg...........
Wujud hirup matak keueung jeung geueuman..........

Tutulisan cocorétan nengetan tulisan lalakon hirup sorangan
Nu katimu...?
Horéng lampah hirup ngan ukur coréteun wungkul
Diri ceurik jejeritan nyeungceurikan polah sorangan
Nu karasa ngan saukur cimata anu pinuh ku pupulasan

Cacarakan ngéjah maca,macaan lampah sorangan
Nu katimu.....?
Horéng hirup pinuh ku panipuan,nipu kadiri sorangan
Laku diri loba jangji sulaya tina ucapan,loba lampah jadi runtah
Geuning diri téh sarakah........nya ?

Geugeuleuh kokotor haté nyangsaya milu nyarandé
Ngadagleg na rasa ceuceub...geuning jarukutan lalukutan
Diri ukur ngawur tangtung ngaberung diawur napsu
Ukur sanggup ngitung waktu kutangtungan.......!
Ngalenyepan ngarampaan.... ?
Horéng umur geus tunggang Gunung ....ngadago manjing di kubur

AWEUHAN SORA PAHLAWAN BANGSA

Mata poé morérét ngabentrak murakeun panas
Sakolépat tinggurilap bayonét nyasaak ngabedah nyawa
Raga karancang disasaak pakarang anu biadab
Tinggelenceng patulayah waruga ditilar nyawa

Beungeut pias neuteup langit ngulapés rebutan pati di tempat jurit
Taneuh beureum gumebyar banjir ku getih
Raga karancang gudawang henteu matak jadi aral
Demi Lemah cai éta patina dipaké tumbalna Nagri

Para pahlawan, kiwari nyerangkeun ti kalanggengan
Neuteup Nagri lemah cai anu teu daékeun baé walagi
Maranéhna kiwari tikekereket milu ambek bari nyusutan cipanon
Teu ridoeun ieu nagri dieusian ku jalma-jalma anu resepeun korupsi......
Demi Alloh maranéhna teu ngijinan ieu nagri dipingpin ku pamingpin anu dolim

Masing Eling...dulur..dulur anu sok ngalindur kaliru...
Dunya téh aya tamatna ,bakal paragat dihanca béak ku mangsa
Ajénan yasana para Pahlawan nu geus bajoang pikeun Bangsa jeung Nagarana
Demi lemah cai mugia aranjeuna kiwari aya dina asihna Gusti
Amin......

PEUTING IEU AYA ANU MULANG

Pras......pris hujan leutik dina peuting ieu
Katineung ngangkleung ngageuleuyeung dina panineungan
Sakeclak cimata jumajap marengan anu miang
Pras...pris girimis dina lumengisna nu keur mulas melis

Tinggerendeng aya sora nu ngagerendeng dina sora solawatan

Ketir kingkin batin ceurik dibarengan ku surat Yassinan
Jumajap parat natrat kebat muru ka pajaratan
Ranggah leungeun leungeun deudeuh ngadareukeutan
Roroésan maruntangan dina gotongan tungtung pasaran
Maranéhna arembungeun kaleungitan............

Satemena kapan ari maot téh awal mukana lawang Ahérat
Ngetrok panto balitungan, wiwitan ku Manrrobuka
Munnkar Nakkir moal gimir pasti naker dina palinggeran
Tinggal raga patulayah geueuman keueung jeung ketir

Innalillahai waainnaillaihi Rojiun
Asal ti Alloh...mulang pasti balik ukur ka Gustina

Senin, 26 November 2012

GURU BIHARI MURID KIWARI

Sajak : Nanang Sos.

Tepung Taun manjing Taun milangkala dina lalampahan GURU
Guru kudu digugu ditiru sangkan hirup teu kalangsu
Guru mawa lalampahan ngarobah alam Pikiran
Dunya mongkléng poék peteng robah jadi caang padang narawangan

Jeneng Tangtung na tangtungan,loba murid anu jadi jeneng nangtung

Guru reueus suka seuri nyakséni muridna nanjung

Basa Guru meunang béja aya muridna bisa korupsi
Haté Guruna ceurik balilihan,jumerit milu ngageuri
Kunaon dibéré élmu kalah dipaké nipu ? ceuk gerentes haténa Guru
Bari teu sadar Si Guruna sorangan keur milu ditipu............
Deudeuh waruga ieu Nagara geuning loba dititipkeun kanu sarakah
Ngurus Nagara ku sora nyarita patarik tarik bari haténa sarulit

Guru mawa lalampahan ngarobah alam pikiran
Alam poék jadi caang hayang muridna baroga kabagjaan
Guru Jatining pahlawan henteu ngudag ngudag panghargaan
Asal muridna Amanah Guruna pasti asa diajénan dihargaan

Di luhur loba inohong ngadon ngalohong ngawangkong
Piwuruk Guru teu dipaliré diangap dongéng méméh sare soré-soré
Guru héman dina jaman teu weléh-weléh ngélingan
Mun hidep nyaah kadiri titip ieu juntrung Nagri

Anaking...........! Mun hidep nyaah ka GURU...bari rumasa sok salah
Lampah sarakah singkahan urang mulang deui kana bebeneran

AWEUHAN SORA TI PALÉSTINA

Sajak : Nanang Sos.

Nu ngocéak ceurik getih ditegalan ngabélaan pati jeung lemah caina
Tingjarerit nungajerit jumeritna parat maratan langit
Di Paléstina.......Patina dulur kuring diintip ku anu darolim

Dina teuteup kahariwang loba panon nu haropak semu pias
Aya teuteup mincuk imut,niruk jantung bari neuteup ka lemah sarakanana

Hanyir getih teu katolih bau hangru pacampur jeung sora Mesiu
Pati ditiir ku kaum kapir.....nu gimir ku sora Takbir
Allohhu Akbar....Allohhu Akbar......Allohhu Akbar
Sora takbir ngageder minuhan langit,jumajap marengan anu sakarat

Di Paléstina ......nu darolim jurig Kapir keur surak ambal ambalan
Dulur Kuring nu keur panceg dina Iman jeung Islamna diganggu bari dihuru
Budak leutik tingkulayab hujan cimata naréangan indung Bapana nu palastra
Jumarigjeug rumanggieung leumpang dina pasoléngkrahna Mayit sasamana

Getih kasobaran ngocor dina kataohidan......
Maranéhna panceg yakin dina kaimanan
Ahad....ahad....ahad,ngageder lir ucap BILAL
Sedeng kuring mung werat ngucapkeun du,a
Yaa Alloh....Dulur abdi teu saimbang bayonét dilawan ku batu Katepél
Namung Abdi yakin ka salira, ku aweuhan sora Takbir kaum kapir pasti jicir
Mugia Dulur abdi abdi sadaya aya dina kabagjaan kaunggulan .....Amin

Jumat, 23 November 2012

LARAS MUSTIKA

Sajak : Nanang Sos.


Sonten sasoanten ngagalindeng dina dinten anu santen
Satumpukan imut sumawur di balé Agung
Rampak pangwilujeng ngiring pésta panganténan
Rumamapés pangdu,a ngantay paantay antay marengan

Tinulis tulisan manjing dina dinten kemis nu mustari

Awal pananggalan mitembeyan mangsa datangna bulan Muharam
Sarébu Opat Ratus Tilupuluh Opat Hijriah jadi catetan sajarah
Ngangkleung rék balayar mungkas mangsa lalagasan

Anaking..... LARAS MUSTIKA.......sora jimat pangjerona
Sajatining buah ati nu teu wéléh nyanding dina dangding kahirupan
Mangka ngagalindeng anaking wirahma hirup hidep lana dina kabagjaan
Tuturusan tuturunan muga tetep tumuwuh renung dina asihna Gusti

Du,a indung jeung Bapa ngampar saampar langit jeung bumi
Nyungsi asih Gusti walagri mangka lastari
Runday saturunan lana bagja salamet dunya jeung ahératna

Amin.....

KAPEURIH DIRI

Sajak : Nanang Sos


Hujan ngecrek sapeupeuting caina cimata kuring
Banjir cileuncang na haté sésérésétan seuseuitan ngagerihan nyeunyeuitan
Nguyung liwung gering nangtung ngalanglayung humarurung
Haté tugenah nyangsaya dirangsadan disasaak béak ruksak ku panyiksa

Deudeuh.......

Hujan anteng na cimata,nu diceungceurikan anteng midua rasa
Béak waktu manjing subuh nu didago bumetah balabuh di tempat anu matuh
Diri gering ngajangjawing salaki cicing henteu daék baé nyanding
Palakiah jajampéan cenah rasa sono jeung bogoh geus béak laas korédas
Rahul ngagimbung na wadul padahal mah keur murak hiji bungkusan

Tiktek sora jam dingding ti peuting milu ceurik balilihan
Jarum pondok paudag udag jeung jarum panjang nganjangan milu lolongséran
Jarum detik mapay angka diri ceurik nyeungceurikan diri sorangan
Lampah pamolah sarakah kabéh lampah bakal dibilang dihisab
Nunggu waktu dina umur, panungtungan ngarumpuyuk dina balitungan

Kantun nganti dawuh Gusti urang antri dina patina kagungan Gusti
Mugia jaradi éling......pikeun jalma anu can éling....!!

CISOCA HIJI WANOJA

Sajak : Nanang Sos


Girmis manjing ka burit, ngepris dina citangis nu geulis
Langit alum ngungun nguyung liwung linglung kapidangdung
Hujan téh ngeprak cimata ngalalakon ku cipanon
Cipruk baseuh bari beueus ngait dina pikir nu keur peurih

Murak mulang ku panyawang ,nyoréang mapayan alam ka tukang

Nu kasungsi asih bari nu bihari keur ngimpi bari ngageuri
Ngembat panjang lalampahan laléwang pinuh hariwang
Ngajuringkang narepungan narembongan ngabebegigan

Deudeuh......cisoca putri nyalangkrung,ngabendung napuk lamunan
Sono bogoh geus disorang,manjing bosen dibohongan ditinggalkeun
Horéng hirup lir sinétron lalakon campur cipanon
Kabagjaan ngan saliwat ngolébat ngan sajorélat

Tinggal dangding na lagu pépéling,kokojayan dina rasa kasobaran
Kantun nganti kapastian panceg dina hiji kaputusan.........

KA GANDRUNG NUTUPAN BANDUNG

Sajak : Nanang Sos


Saptu sonten muru Bandung umanjang muru ka Lémbang
Angin Gunung halon tingtrim marengan milu maturan
Deungkleung tineung kawih asih mirig lagu kinasihan
Kebat nanjak ka tanjakan saliwatan manéhna siga mapagkeun

Angin Gunung lilimbungan Tangkuban Parahu nungguan
Kapidangdung lagu liwung,kagandrung

ngarungkupan Bandung
Dayang sumbi suka seuri panuju sugema ati
Pangbagéa Sangkuriang ngagupayan rék nyaksian
Halon tingtrim lagu asih ngentring nyanding na hariring
Duriat nyeumat katresna natrat minuhan sa jagat
Lagu deudeuh na kadeudeuh maneuh hayang tetep pageuh

Basa anjog geus pajonghok,nu amprok bet simpé sora
Sorana ngadadak peura teu nyoara jeung kasima
Samar polah dina lampah bingung murak awal kecap
Nu gandrung nutupan Bandung ukur nangtung bari bingung

Basa pangangguran milu ngintip nu katimu...... ?
Aya nu rarangkulan sili teuteup padeukeut deukeut jeung angkeut
Emmh......boa-boa tuluy papuket nya ?

Selasa, 13 November 2012

SAWANGAN DINA HALEUANG

Sajak : Nanang Sos



Katineung murak sawangan mubul muru ka jauhna
Kapinis mandi di leuwi cipruk baseuh ngojay dina leuwi ati
Saha atuh ari salira......? datang ngalayang nepungan ?
Jauh teu bisa dijugjug anggang lir béntang nu nenggang

Kasanggakeun...Jungjunan !!

Tineung lagu dina lamunan ngadaweung marengan implengan
Rumasa diri keur kusut dikukusut kunu nyumput
Sanés diri henteu surti,mung risi bilih lain milik diri
Kulak canggeum bagja awak,rumasa diri tuna jeung laip

Mending nembang na sawangan,sugan balébat nembongan
Mun gurat jodo urang nepungan takdir gusti pasti ngajirim ngahiji
Jungjunan.....
Lagu urang téh haréwosna batin urang anu tara anggang tina diri urang
Sawirahma dina haleuang,urang kudu tetep rampak dina hiji pamadegan

Paniatan dina tembang,haleuang pasti marengan
Pupuh kinanti na ati mun geus milik pinasti bakal ngahiji
Kantun lagu jeung rumpaka,karinding nyanding hariring
Tinggal tarékah jeung lampah, pareng mah aya dina pangersa mantena

Nyanggakeun hariring asih muga anteng ngalagena
Nyanggakeun laguna kalbu,jumajap marengan du'a

Senin, 12 November 2012

NYALIKSIK DIRI

Sajak : Nanang Sos.


Ngalantung ka papantunan hirup,dibaturan ku haté,rasa,jeung ku waruga
Tiluan anteng guneman nyaliksik diri muru ka waktu ka wanci
Ngariung na papangungan hirup niténan ringkang jeung leumpang
Sili obrolan,sili usapan,sili upahan,sili béjaan,dina rangkulan

Masing sadar dulur.. beurang lain anu urang,peuting lain anu kuring
B

umi Alam jeung pangeusina urang saréréa teu rumasa ngaboga boga
Boga naon atuh ari urang ? Boga dosa jeung kahayang
Nu sok ngulayaban nuyun nungtun dina kasalahan

Ngukur waktu kana tangtung ,adeg adeg pecat sawed
Umur muru tunggang Gunung pati antri di Gustina
Ari umur lain gagaduhan,dunya ukur papanggungan
Alam hirup papasangan,bacaeun tapakuraneun

Beurang nganjang dina leumpang,ngaringkang na jejemplangan
Waruga urang sili eunteungan,sili anjangan, nganjang ka pangakuan diri sorangan
Haté mah tara linyok jeung bohong,dulur...nu bohong mah ucap lisan urang

Tanya ka diri sorangan, dina diri kiwari aya anu keur seuri jeung ceurik
Rek iraha urang tobat ? sabab maot teu ngadagoan tobatna urang

Minggu, 11 November 2012

                                    SURAT DURIAT

Surat duriat nu katampi dina dinten kemis kamari
Ditulis ku mangsi ati,minangka wawakil jirim dirina
Surat kayas warna keretas saulas jumajap sairing dina lenyap
Bray...dibuka,bray...asihna kagambar tangtungan anu nulisna

Amplop dibaca haté lumenyap,amplop dibuka bréh kacipta si manéhna
Dungdak déngdék muka amplop, umat imut sura seuri pamolah asa keur ngimpi
Ratug jantung tutunggulan dina dada aya dulag datangna bet salah mangsa
Lain sihir lain sulap,natrat nyata manéhna balaka ngedalkeun rasa cintana

Cacap tamat maca surat, natrat ngampar sajagat amparan duriatna
Surat ditilep di lipet dikeukeuweuk dina tangkeupan rasa deudeuhna
Surat cipruk beueus baseuh lécét balas bulak balik maca
Galecok ngobrol na haté élékésékéng samar ku pamolah sorangan
Runya renyu umat imut gumeulis teu daék cicing
Kapidangdung giung liwung maca surat asa teu daékeun baé cacap

Tungtung surat dina ucap dihias kurumpaka kecap
Panutan...asih téh paparin Gusti anu salawasna kedah dipulasara
Nyaah datang tina rasa héman .....bogoh datang tina rasa sono
Badé beureum badé hideung nu dianti mung ukur kapastianana
Mugi kasurti.......!!

Jumat, 09 November 2012

TEPUNG LAWUNG DINA LIWUNG

Nganggit sabaris rumpaka lagu, diréka dina carita
Nyipta tepung hayang tepung, pareng tepung dina haté nu keur liwung
Runtuyan hariring lagu gumalindeng dina imutna nu ngagelenyu
Miis mamanis nu geulis bet katawis dina palebah damisna

Tamat sapadalisan kawih, hariringna teu weléh ngentringan asih
Dilak soca jeung rindatna lumenyap ngiwat duriat


Sorot soca wening asih jamparing paser kadeudeuh
Béar marahmay imutna pasrah sumerah cintana

Gending kacapi na ati mirig kawih lagu Asri
Tineung nineung dina lagu, halimpu tumuwuh jeroning kalbu

Midang datang mawa tembang haleuang tresna duaan
Kangen nineung unggal dinten ngahayu hayu patepung
Nyipta tepang unggal dinten dicicipta dirarancang ku duaan

Nu datang teu lami nganjang,tamat ngawih pamit indit
Tinggal tamperan kahéman nu renung dina bibit bibitna rasa asih
Nangtung wuyung kanu ngantun baluas bet iklas luas ngantunkeun
Tineung lagu dina panineungan nu nembang bet kapiraray
Kantun lagu jeung rumpaka jumajap jajap duriat
Tinggal diri nu ngageuri jumajap kedaling ucap.... Wilujeng angkat
Nu laju ngidul...muga urang bisa tepung dina poé nu isukan
ARJUNA KASMARAN

Puspa éndah ligar di mumunggang pasir.......
Mangkak ligar kembang renung jadi dina haténa Arjuna
Wawangina kembang nyambuang sapatamanan rasa
Seungit ngadalingding,sumanding sumilir asih

Kapidangdung aduh....ieu haté jadi liwung kapigandrung
Duriat sarasa nyangsaya ngampar dina taman tresna
Mustikaning ati mentangkeun jamparing asih
Wuyung nguyung liwung linglung sok hayang baé tepung

Jatining waruga rasa, satemena ari enas enasna mah horéng teu daya upaya
Rumanggieung haténa kumambang ngangkleung ngambang puyang payéngan
Kumalayang rasa kapakan kakalayangan......
Duriat sarasa geugeut layeut teu weléh baé sok hayang padeukeut

Mugi kasurti ku ati geulis..... kagandrung kiwari napuk lamunan
Pabeurat beurat timbangan susah nyieun hiji kaputusan cenah....
Kiwari Arjuna wuyung gandrung bingung siga anu linglung
Arjuna keur huleng jentul ngajentul jiga tutunggul.......
Urang tulungan yuu....!!
MOJANG JEUNG REUNGIT

Cureuleuk......soca Rancunit...

Luis.....geulis........ manis !!
Katumbiri sorot layung melengkung kuwung kuwungan
Diina pangambung anu geulis,nu geulis di coco reungit
Watiiirr.....!
 
 
 NGALAMUN

Ngahintul lir tunggul ngajentul
Ngahuleng.........
Nangkeup harigu.....bingung !
 
SOLAT

Ngampar sajadah.....
Nyium lampit Bumi Gusti sumujud ka yang Maha Agung
Aya nu ragrag tina kongkolak panon,haneut baseuh mapay pipi
Horéng aweuhan aworna sora ceurik batin nu sumegruk di jero Tajug
Ménta hampura...ménta ampun kanu Maha Agung.....

Rabu, 07 November 2012

NU LILIR NA WANCI PEUTING

Poék peteng dina peuting ngagojod disimbut jemplingna peuting
Ngabebengkang dina ranjang waruga duaan disasaran ku duaan
Nitip asih dina wanci nganyam kahéman dina wangunan kanyaah
Reup talibra....duaan sili keukeupan dina tangkeupan pakeukeup keukeup
Pareng ngulisik panon gigisik.....beunta ngahérang tuluyna sili kiceupan
Nyéh imut...satumpukan simbut

ngalumbuk handapeun suku

Poék peuting dina jempling,angin peuting mawa tiris
Leungeun ngopépang ngulayaban ........duaan sili puntangan
Gupuy gapay rumpu rampa mapayan kahayangna rasa
Cacap rénghap dina napas,sadami dina wirahma asih
Seesst....aya sora teu pati nyoara haroshos moro kasono

Euleuh....!! Nu jongjon anteng na peuting pakepuk nungkup bungkusan
Rénghap lumenyap ngalayang sukma ngapung ngawang ngawang
Tinggal cihcir nu ngageuri ngajakan mandi dina wanci janari........
Tirisss........!

Senin, 05 November 2012

                                         AWEUHAN DI LEMBUR KURING

Nangtung ngalantung bari nyipta imutna beungeut lembur
Nu kacipta angin Gunung ngadalinding ngusapan nyanding hariring
Riak séah cur cor cai pasawahan,wening tingtrim rumampés mapag nu sumping

Sirna pikir digeberan angin Gunung, kumalayang kawaas nataran rasa
Jantra awi nyoara dina curugan cai,deungkleung déngdék dina lagu kahirupan
Kebat leumpang mapayan galengan sawah, cai muih meredong semu ngaleuwi
Haté bangblas sidéngdang nganclomkeun suku,pikir sirna ngeprikeun kasumpeg pikir

Cacap tamat mapayan amparan sawah,mulang balik anjog ka jalan anu garekgok
Jalan lempeng pinuh logak diaspalna tatambalan teu walatra
Haté galecok pinuh pananya..... Dikamanakeun nya ari duit Nagara ?
Langit imut,mata poé nyeungseurikeun ngabetrak ngarérab Dunya
Maranéhna duaan rampak ragem babarengan ngajarawab...?
Masing éling......Manusa......!
Naraka jeung kuring ayeuna keur ngadaragoan pamingpin anu sok dolim jeung sarakah
Cenah......! ceuk maranehna duaan harita maréré jawaban ka kuring.

Minggu, 04 November 2012

MURAK SAWANGAN DI PANAWANGAN

Ngitung léngkah dina leumpang ngaringkang nyorang jalan sorangeun
Dina jalan anu mites jeung nanjak sagurat tapak duriat ngembat natrat dina gurat
Teuteupan muru péngkolan..... kasono teu weléh nyoco
Jalan panjang narawangan kebatna muru ka Panawangan

Teuing ku anteng awor sora na haréwos kasungsi ku sora ati..
Sora béak nyanding peura nu jumerit sorana maratan langit
Di gentraan digeroan nu digero anteng tonggoy nonggongan
Deudeuh....!
Lamunan napuk halimun kagandrung mubulna ka alak paul
Nyungsi asihna ka biwirna langit nu leungit tetep ngereles indit

Ngénclong ngagencalang ka hayang nyacas nenggang ngadeukeutan béntang
Langit diri ngalungkawing meredong pinuh longkéwang
Pras...pris girimis citangis seuseuitan nyeunyeuitan ngagerihan
Kembang bungur sisi jalan mulas melis haat ngupahan ngomongan
Mending neangan kembang nu anyar,tong ngadagoan kembang anu geus muguran
Cenah....! ceuk harewos kembang bungur nu linduk liuh ku pangiuhan

Kamis, 01 November 2012

                                              SASEMPLÉK HATÉ DI RANCAÉKÉK

Ti Bandung muru ka lembur satangtungan halimun Gunung napuk lamunan
Nyawang ringkang dina simpéna jalan nu macét, haté galecok teu daék réhéLebah jalan Rancaékék aya sasemplék haté awéwé nu rajét pejét ku papada awéwe
Deudeuh...ceuk geter sora angin peuting nu anteng milu ngusapan milu ngupahan

Kanyeri ngaitna batin , nyeunyeuitan ngagerihan tingsérését tingsérédét
Ceuceub jeung geuleuh ngahiji diri kingkin digeringan ku pamolahna hiji lalaki
Ngalanglayung haté nguyung kapidangdung humarurung diri ditundung
Pikir ceurik jejeritan lolongséran nyegruk disidem ku haté sorangan
Aral jeung subaha narepungan ngajajanteng ngadeukeutan narepungan
Satumpuk rasa tugenah numpuk napuk ngaracung milu tumanya
Naha ieu diri gumelar ka alam dunya téh kudu disasaak baé ku kanalangsa ?
Naha kuring mah teu ngabogaan hak geusan meunangkeun rasa kabagjaan ?
Kabéh pananya dijawabna ngan ukur ku murulukna cipanon....!

Néléngnéngkung lagu indung kapeurih anak kapeurihna rasa indung
Bungah jeung susah sili baganti, éta kabéh tapakuraneun diri sorangan
Sabar téh kapan buahna kaimanan anu kudu dibarengan ku kahémanan
Urang gumelar ka alam dunya pasti dalit jeung kapeurih, éta mah apanan tos Takdir 
Geubigkeun jirim sayakti kuat pageuh dina adeg-adeg tatapakanna kasobaran
Singraykeun lalangsé kapeurih gumiwang datang caang dina rasa kabagjaan
Mugia.......!