Selasa, 25 Maret 2014

KAKELAR KA PANGANDARAN

Saampar gelar kakelar,ngampar di basisir laut Pangandaran
Aya imut nyuruwuk mudun dina cai laut
Aya kakangen manteng ngangkleung dina Panineungan
Duuh...ku waas...!
Seah lambak dina ombak,niir pasini di sisi basisir ati
Harita duaan ngajega murak gelenyuna dina rangkulan imut

Waas.....Sagara ombak ombakan,angin burit lelendean
Layung ngempur ngagulubur mayungan rindatna paneuteup
Kumalangkang rambut panjang adu manis jeung dilak socana
Ku geuliiss...Ku Manis...Aah...Rancunit.

Di Pangandaran.......!
Mangpirang pirang katineung ngulayaban ngahelaran nembongan....

Di Pangandaran.....
Duriat ngundeur kadeudeuh,maneuh dina hariringna basisir Asih
Waas....Kawaas mulas kawaas saulas saulas
Ngampih dina kikisik basisirna pangantian kaweningan Asih

Tasik,26 Maret 2014.

Kamis, 26 September 2013

DUMUK LAKU DINA LUMAKU

Medar ngantengkeun tali kahayang dina koleabna langlayangan lamunan
Ditataran,di talian,dikenyedkeun dianjangkeun ka angin angin bihari
Horeng umur laju ngulon,bingbrit geus manjing ka wanci burit
Katalimbeng ngembeng tineung,lamunan betah dikeueuman kucipanon
Duka engke duka isukan,renghap mungkas dina adegan sakabeh lalakon

Seah rampak dina surak, nyurakan lampah sorangan
Diri rumasa kikir jeung pelit sok malibir tina Dzikir reujeung Takbir
Rumasa raga rumasa,salah nganjangkeun kahayang
Abong Dunya pinuh ku enya jeung jiga,padahal ukur panipuan pupulasan
Dunya teu puguh tamatna,unggal poe lalakona ngan ukur nyieunan hanca

Tingtrim kaweningan nu sajati,nya ayana dina pangsujudan
Pasrah sadrah dina sumerah,tumamprak madep ka Mantena
Dumuk laku dina lumaku,pungkasna hirup pinasti pasti ngariung dina pakuburan.........

MULANG DINA PAMIANGAN

Lir lagu tanpa wirahma,aya sora tapi haleuangna teuing di mana
Lir ngentringna sora kacapi,piriganana teuing aya di mendi
Lir runtuyan rumapaka kecap nu ilang tina kaendahan basana
Lir Gunung tanpa tutugan,nu leuweungna geus ilang geueumanana
Lir hiji tangtungan,nu simana geus ilang tina ajen komarana

Kabeh anak jeung ragana geus sirna tina kareueusna
Kabeh harta disabudeureun hirupna geus teu aya mangpatna
Kabeh pangkat jeung darajatna geus teu aya paedahna
Kabeh Dunya saantero jagatna, geus teu bisa nulungan kana kasusahna

Raga Rasa ngan saukur miharep nganti pitulung mantena
Amal soleh bakal manjang jadi pitulung dina mangsana mulang
Mugia....Amin.

PANGBALIKAN

Sariak layung ngarungkupan tangtungan Gunung
Mata poé lingsir ngulon nyumput muru tungtung umur
Panto ati masang tulak ngaranggem badan sakujur
Ronghéap napas di alas umur laju muru kapalebah tungtung pakuburan

Palangsiang mata poé anu poé ieu tepung,boa ukur panungtungan
Raga jagjag nu jugala,mangsa datang bakal dijajap ka pajaratan
Ngan cipanon anu haréman nu werat haat nganteurkeun mulang
Ngagerendeng surat yasinan marengan nu sedih kingkin
Lampah sérong jeung basilat kabéh bakal tumamprak di payuneun malaikat
Humarurung satambruan rasa kaduhung, bakal dirungkupan ku padung
Gegendir takdir nyakseni,kabéh lampah balaka nyarita kana pangakuanana
Taya nu kaliwat bagja jeung cilakana manusa gumantung kana amal pagawéanana

Beungeut sepa bau taneuh,pasongléngkrah jadi tulang anu ruksak
Pangbalikan nu sajati kabéh kumpul bakal mulang ka muara asalna......

MUMUNGGANG KATRESNA

Antepkeun ieu kakangen sina anteng dina pangreungeu sora deudeuhna
Galindengkeun tembang tembangna sina midang dina haleuang sora lamunana
Deukeutkeun sorot socana sina linduk dina liuhna malar teuteupna seukeut geugeut
Hariringkeun lagu kinasihan mangka gumulung dina runtuyan murdana lagu

Wilujeng sumping nu nanggeuy tanggeuyan asih...
Rumampés dina pangrampés mugia jadi pamépés haté
Runtuyan serat kanayagan natrat dina sorana rasa mugia jadi pangriksa
Wilujeng sumping nu anyar sumping sariring dina gending nu wening
Nyanggakeun guneman batin nu meureut rasa ka geugeut mugia jadi kareueut
Wilujeng sumping nu anyar sumping sariring dina gending nu wening
Nyanggakeun guneman batin nu meureut rasa ka geugeut mugia jadi kareueut

Wincikan bilangan rénghap ngeteyep dina sadami ngarayap mapayan hégak
Mangkak ligar kembang tresna, gumiwang dina ringkangna jejemplangan
Lagu urang sukma urang panutan......
sorana angin anginan halimpu muru kapanungtung liwung
Ngalagena gahar sora ,halmpu sora haliwuna guneman jeroeun kalbu

KALAKAY

Nuliskeun sakotrét tulisan tina tulisan anu mindeng dicorét
Pucuk imut dina buah amis mata ngan ukur jadi pangréka carita
Kalakay kalakay sukmana rasa, ngoléang ngalayang kakalayangan
Pucuk kastuba dina lambeyna pindah warna robah jadi warna kacua
Sumawur runtuyan imutna geus diganti ku jirim ijid jeung rujit

Dina girimis nu tinulis dina séwu mamanis,kiwari tinggal citangis
Kuwung kuwung nu melengkung lebah pangambungna kiwari geus suwung mangprung
Kantun rumpaka dina carita nu ilang sukmana tina salambar kotrétan keretas rasana
Kantun mamanis dina citangis nu geulis,geus lantis ngumbahan damis
Tinggal kalangkang tina ringkangna anu miang ngalangkangan dina gelar panineungan
Kantun kawaas nu geus nigas carita lawas kiwari geus béak laas koredas

Tembang sumbang dina panineungan haleuangna kiwari geus pindah surupan
Galeuh deudeuhna dina pangundeuran, kiwari keur ngundeur ka haté deungeun
Sirna rasa dina rasa kabeh cintana geus mungkas adegan lalakon ...........

Gunung Malati Tasik,19 Sep.2013

SIRNA

Aya nu leupas tina sarénghap napas anu pamungkas
Nyeukleuk muru leuweung angker geueuman pinuh ku keueung
Poé ieu,poé anu pamungkas turaés ngéar di pasir, sorana katebak angin
Horéng sukma ditundung tina kurungan,raga dirungkupan ku padung

Beueus baseuh taneuh beureum ngurugan badan sakujur
Cinta dunya geus lekasan balitungan dina itungan tungtungna waktu
Taman éndah narémbongan gugupay tina panto katakwaan
Malibir jalan ka pasir nu rumpil lawang siksa ngadeukeutan ngadago di panto dosa

Simpé sora dina jempé,horéng paéh ngan ukur mamawa boéh
Asiwung mungkus kabingung,kapas bodas maturan awak nu sepa pias
Beueu......!!
Dunya ukur panipuan,kabeungharan teu kungsi milu di kubur
Rajakaya geus pukah milu papisah ,pangkat jeung darajat sirna teu milu maturan
Iwal Iman jeung takwa nu haat maturan di Alam kalanggengan.

Gn Bubut,22 September 2013.