Jumat, 14 September 2012

NU NGACAPI




        Réma rema ramo panangan nu mecut nyampay dina kawat kacapi
        Rasa rumenghap ngalenyap,ngageter mirig hariring
        Jentreng kacapi dina hariring ngentringan  asih nu nyanding
        Dilak nu geulis sorot socana ngarangkulan maut imut
        Imut nu geulis,teuteup nu geulis mudunkeun lagu dina sapada

        Sawirahma cindek lagu dipungkas galindeng gandrung nu wuyung
        Urang anteng nyamuni nyumputkeun asih pabuni buni
        Aya nu sono aya nu bogoh aya nu meulit murilit bareng jeung geter
        Dina hate aya nu simpe aya nu rehe jeung aya nu hayang mepende

        Nu sumolondo...anu sono ngadodoho ilang dangiang haleuang
        Jentreng kacapi ngiles ngereles henteu nyoara
        Sora kawih sora kacapi geus teu kapireng
        Nu katimu,nu kapanggih nu ngawih nyuuh dina rangkulan anu ngacapi
       
        Rema rema ramo panangan nu nyampay pindah puntangan
        Nu kapireng lagu halimpu teu dipirig deui ku kacapi
        Teuing di mendi..........

Tidak ada komentar:

Posting Komentar