Senin, 24 September 2012

AKI SUHARMA

Sajak : Nanang Sos.

Anteng nikreuhna ngaléngkah dina suku nu arang reureuh
Léngkah pabeulit di tapuk ku reumis isuk
Demi kahirupan hirupna heunteu bayeungyang ku kahariwang

Unggal poé Aki Suharma leumpang nyorang tanjakan
Hirup ripuh tapi cadu rumahuh
Haté jembar,pikir tingtrim léngkahna dina ibadah
Allhamdulillah......

Unggal poé mapay sigay néang sadapan.....
Hirup pait tapi hasil kasab milu amis
Sanajan kareueut amisna gula Aki Suharma
Ngan saukur ceuk dina létah jalma nu lian

Tangtungan wujud Aki Suharma
Tanaga geus suda...rampohpoy kurang tanaga
Tapi....? dina haténa aya Emas nu nyéngcélak lir emas sinangling
Aki Suharma cita cita mulya
Hayang anak incuna jaga jaradi sarjana...cenah


Kiwari Aki Suharma geus titis tulis
Anak icuna geus rentul nu diwisuda
Aki Suharma imut, bari sidengdang nyerangkeun ti kaanggangan
Bagja.....! ceuk gerentes haté Aki Suharma bari cumalimba.
Anak incuna diwisuda...Aki Suharma oge keur di Sawarga
Mugia.....


-Katineung keur anak incuna Aki Suharma jeung demang Ciparay-

Tidak ada komentar:

Posting Komentar