Jumat, 14 September 2012

GERENTES HATE...

 " Panutan....dinten kamari ahad kaping 2 sepetember taun 2012,basa akang pareng mulang tos ti Jatiwangi,kira-kira wanci asar,akang ngalangkung ka lebah lembur Cinyasag Panawangan Ciamis,mung teu kantos teras nanjak ka tonggoh,da ieu lengkah ngadadak teu werat kedah ngalengkahkeunana.Tanjakan teh bageur mung ukur samet werat diteuteup dipelong dipencrong wungkul ti palebah jalan R
aya, da ieu hate teu wasa kaburu ngarakacak rus ras waas jeung ngahelas emut bae ka salira anu tos ngantunkeun mayunan miang ka kalanggengan.Dilebah mumunggang pasir Pagoromas,katiten kacipta, kagambar,kareka,yen dina handapeun tangkal anu iuh itu, aya salira anu keur anteng imut dina jero pakuburan,hate ngadadak beuki ngaleketey bageur...., sora peura jeung dareuda, panungtunganana bet jadi teu sadar cimata kanalangsa jadi bedah sosoranganan marengan runtuyan du,a anu dipapatkeun kanggo salira nyalira.Ti dinya akang teh teras bae laju ngidul bageur... seja nepungan wa Sinta badega urang tea geuning, anu sok haat babantu ngurus balong,tapi hanjakal deuih harita mah manehna oge keur pareng suwung, teu kapireng kudu tepung. Anu aya harita iwal ti anak jeung pamajikaana bae.Didago diantos sono, wa sinta tetep teu daek bae jol datang.Panungtunganana,nya akang ngalengleong muru mulang ka Tasik bari mekel beueusna cipanon kasono pikeun salira.Ya...Alloh jantenkeun ahli Surga pun Nani Sopiantini Y, bojo abdi jeung indungna pun anak anu tiluan Laras-Yuga jeung Anggit.Amin....!"
- Tasikmalaya, puhu September 2012

Tidak ada komentar:

Posting Komentar