Jumat, 14 September 2012

ANU NGANCIK DINA ATI

Tuh Mega jeung reueuk neuteup.....saur salira harita
Kuring anteng tonggoy mulungan kalakay murag
Tuh Mega jeung reueuk neuteup.....saur salira harita
Kuring masih can malire ka salira....horeng aya anu mepende

Ngenclong lamunan datangna sok samar samar

Ngetrok panto nepak dada
Teuing Asih nu saha nyiliwuri nepungan lain dina wanci

Aya sora dulag ngageter dina jajantung,padahal lebaran enggeus lekasan
Aya kalangkang kasatiaan datang nepungan...
Padahal hate geus karancang lir ayakan
Aya nu nyuuh nyegruk dina lahunan,menta pangampura
Padahal kanyaah geus koredas lekasan

Aya dua dampal leungeun nu kotor keur tumamprak ka Gustina
Aya nu jumerit tanggah ka langit,menta ampunan ka Gustina
Aya nu nitipkeun asihna,bari menta rido ka Gustina
Nyuhunkeun di paparin kabagjaan dina hirupna

Aya anu ngancik dina Ati,asihna miharep ridona Gusti
Amin.......

Panitih wanci Keur baraya anu duaan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar