Jumat, 14 September 2012

NGAJI DIRI

Bulan ngangkleung balayar dina lamunan
Imut pangirut dina lambey pucuk kastuba susulumputan
Di Langit peuting bentang bentang ngariceupan
Angin peuting lilir ngulisik milu ngageuri.....ngetrokan.!!

Dunya mah kapan lain tempat pangjujugan

Udagan mah engke bakal disorang dina jalan anu panjang
Urang jeung urang bakal balitungan dina itungan
Urang jeung urang bakal ditimbang kutimbangan lampah urang


Gusti mah tara ngahukuman ka mahlukna
Anu ngahukuman urang,lintang ti lampagh urang sorangan
Gusti ngarangkul pasti ku asihna.....
Jalama ngarangkul pasti ku tangkeupan napsuna

Bulan ngangkleung balayar dina lamunan
Urang jeung urang bakal balayar ka tungtung jugjugan
Imut Bentang can tangtu imut kaabadian
Nu langgeng mah imut Gusti dina kaweningan asihna

Ngaji diri,ngaji rasa dibaca ku raga urang
Ngaji diri,ngaji ati pati mah aya di Gusti
Urang leumpang,masing anteng teu meunang loba bengbatan
Raga urang milu leumpang,horeng teu anggang ti PAJARATAN.....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar