Jumat, 14 September 2012

GETER




Sok lewang...nyorang leumpang dina mumunggang anu nenggang
Sok risi mipir pasir dina basisir hate salira
Sok Kaisinan mun rek mayunan kedah balaka ka salira ti payun
Sok nyeriii.....teh, lamun pamaksadan heug ditampik.......teu ditarima ku salira

Tapi sok bungah teh upami pamaksadan geus ditarima ku salira
Asa jadi Arjuna..... !
Tapi sok keuheul teh hate  upami diolo kedah mahugi kasalira
Kudu nganjuk ngahutang.....!
Tapi sok reueus teh ka salira lamun arek mulang heug diongkosan
Sawarga tah du,ana.......!
Amiin.....
                                                          
                                                                Tasik,Sep.2012

Tidak ada komentar:

Posting Komentar