Jumat, 14 September 2012

SURAT

Tirtaning Asih ngaluis dina kalangkang nu geulis
Saulas sausap sagaris ditulis dina mamanis...gumelis
Aya seratan salira dina keretas kayas,ngagenyas....waas
Aya imut salira sarenyu....pinuh pangirut....lucu !

Cinta teh lolong geulis......

Tapi urang teu meunang dilolongkeun ku cinta.
Cinta teh suci panutan......
Tapi urang ulah kumawani ngotoran cinta
Cinta teh kadeudeuh bageur.....
Tapi urang ulah kumawani ngageugeuleuhna

Cikahuripan acining katresna,talaga wening dina kaheman
Deudeuh jeung geugeut ngagurat dina surat
Bray.....di buka....Bray kacipta
Surat ditilep,amplop diteuteup anu ka gambar imut salira

Mugi kasurti eusina,muga kagambar maksadna
Bade beureum bade hideung waleranana kalintang dianti antina......saur salira

Surat....surat.....surat,wawakil getering batin
Surat....surat......surat,kedaling ucap anu natrat ngagurat

Tidak ada komentar:

Posting Komentar