Jumat, 14 September 2012

KATALIMBENG




Kagembang ku kembang nu ligar di patamanan
Siga endah  warna kasumba.....tapi pias
Beureum bodas....pulas saulas....horeng geuning pupulasan
Nyari manis tapi inggis sok sieun pinuh ku hinis.....

Aah.....lain bangban,lain pacing lain kananga kuduna
Lain babad lain tanding,lain kadinya kuduna......
Heuheuy deueuh......
Manuk japati sajodo dikeprak unteup  na taktak
Siga lindeuk reujeung  deukeut  horeng teh lain jodona

Ngundeur deudeuh dipakarangan deungeun
Teu gampang manggihanana......
Di kulayab di teangan disair beunang ku nu lian
Rancunit pinuh ruruhit.....ngan saukur bisa jumerit......
Abong hirup papasangan,teu gampang neangan layan
Ari jodo......?
Diteangan ngadon lumpat,didagoan teu nepungan
Binguuung......!
Gusti mah, maha uninga hirup huripna manusa, gumantung kana pangersa anjeuna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar