Jumat, 14 September 2012

KANIA


                           

           Kania....duh.... Kania,lagu kalbu dina kalbu
Sumawur galindeng tembang kasmaran
Kania.....duh.... Kania,tingtrim asih na hariring
Kasanggakeun keur salira......
Mangga catet ku salira Kania...! catet dina tirtaning asih nu pinuh ku galeuh galeuhna 
kadeudeuh
Tapi poma ulah digeugeuleuh....margi.....!
Ieu asih meunang milah-milah meunang milih,meunang maut tina dasar ati anu wening
Mung kanggo salira..........sanyaliraeun......Kania !

Kania.....duh ...Kania....Katingtriman jeung hariring gumulung mungkus duriat
Kania.....duh....Kania,Duriat mangka teu pegat sing natrat nganteng sing langgeng...
Kania.....duh....Kania,Sadunya mung hiji Kania nu sok leukeun milu marengan....
Kania.....duh ....Kania,Kania teh hiji Mojang gambaran keur hiji Mojang.....
Nu mupusti kana jangji,teu weleh hirup saati,tara linyok tara bohong,lana satia micinta...


                                                                         Gn. Malati Puhu,september 2012.
                                                                           Keur : Nani Sy.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar