Kamis, 26 September 2013

DUMUK LAKU DINA LUMAKU

Medar ngantengkeun tali kahayang dina koleabna langlayangan lamunan
Ditataran,di talian,dikenyedkeun dianjangkeun ka angin angin bihari
Horeng umur laju ngulon,bingbrit geus manjing ka wanci burit
Katalimbeng ngembeng tineung,lamunan betah dikeueuman kucipanon
Duka engke duka isukan,renghap mungkas dina adegan sakabeh lalakon

Seah rampak dina surak, nyurakan lampah sorangan
Diri rumasa kikir jeung pelit sok malibir tina Dzikir reujeung Takbir
Rumasa raga rumasa,salah nganjangkeun kahayang
Abong Dunya pinuh ku enya jeung jiga,padahal ukur panipuan pupulasan
Dunya teu puguh tamatna,unggal poe lalakona ngan ukur nyieunan hanca

Tingtrim kaweningan nu sajati,nya ayana dina pangsujudan
Pasrah sadrah dina sumerah,tumamprak madep ka Mantena
Dumuk laku dina lumaku,pungkasna hirup pinasti pasti ngariung dina pakuburan.........

MULANG DINA PAMIANGAN

Lir lagu tanpa wirahma,aya sora tapi haleuangna teuing di mana
Lir ngentringna sora kacapi,piriganana teuing aya di mendi
Lir runtuyan rumapaka kecap nu ilang tina kaendahan basana
Lir Gunung tanpa tutugan,nu leuweungna geus ilang geueumanana
Lir hiji tangtungan,nu simana geus ilang tina ajen komarana

Kabeh anak jeung ragana geus sirna tina kareueusna
Kabeh harta disabudeureun hirupna geus teu aya mangpatna
Kabeh pangkat jeung darajatna geus teu aya paedahna
Kabeh Dunya saantero jagatna, geus teu bisa nulungan kana kasusahna

Raga Rasa ngan saukur miharep nganti pitulung mantena
Amal soleh bakal manjang jadi pitulung dina mangsana mulang
Mugia....Amin.

PANGBALIKAN

Sariak layung ngarungkupan tangtungan Gunung
Mata poé lingsir ngulon nyumput muru tungtung umur
Panto ati masang tulak ngaranggem badan sakujur
Ronghéap napas di alas umur laju muru kapalebah tungtung pakuburan

Palangsiang mata poé anu poé ieu tepung,boa ukur panungtungan
Raga jagjag nu jugala,mangsa datang bakal dijajap ka pajaratan
Ngan cipanon anu haréman nu werat haat nganteurkeun mulang
Ngagerendeng surat yasinan marengan nu sedih kingkin
Lampah sérong jeung basilat kabéh bakal tumamprak di payuneun malaikat
Humarurung satambruan rasa kaduhung, bakal dirungkupan ku padung
Gegendir takdir nyakseni,kabéh lampah balaka nyarita kana pangakuanana
Taya nu kaliwat bagja jeung cilakana manusa gumantung kana amal pagawéanana

Beungeut sepa bau taneuh,pasongléngkrah jadi tulang anu ruksak
Pangbalikan nu sajati kabéh kumpul bakal mulang ka muara asalna......

MUMUNGGANG KATRESNA

Antepkeun ieu kakangen sina anteng dina pangreungeu sora deudeuhna
Galindengkeun tembang tembangna sina midang dina haleuang sora lamunana
Deukeutkeun sorot socana sina linduk dina liuhna malar teuteupna seukeut geugeut
Hariringkeun lagu kinasihan mangka gumulung dina runtuyan murdana lagu

Wilujeng sumping nu nanggeuy tanggeuyan asih...
Rumampés dina pangrampés mugia jadi pamépés haté
Runtuyan serat kanayagan natrat dina sorana rasa mugia jadi pangriksa
Wilujeng sumping nu anyar sumping sariring dina gending nu wening
Nyanggakeun guneman batin nu meureut rasa ka geugeut mugia jadi kareueut
Wilujeng sumping nu anyar sumping sariring dina gending nu wening
Nyanggakeun guneman batin nu meureut rasa ka geugeut mugia jadi kareueut

Wincikan bilangan rénghap ngeteyep dina sadami ngarayap mapayan hégak
Mangkak ligar kembang tresna, gumiwang dina ringkangna jejemplangan
Lagu urang sukma urang panutan......
sorana angin anginan halimpu muru kapanungtung liwung
Ngalagena gahar sora ,halmpu sora haliwuna guneman jeroeun kalbu

KALAKAY

Nuliskeun sakotrét tulisan tina tulisan anu mindeng dicorét
Pucuk imut dina buah amis mata ngan ukur jadi pangréka carita
Kalakay kalakay sukmana rasa, ngoléang ngalayang kakalayangan
Pucuk kastuba dina lambeyna pindah warna robah jadi warna kacua
Sumawur runtuyan imutna geus diganti ku jirim ijid jeung rujit

Dina girimis nu tinulis dina séwu mamanis,kiwari tinggal citangis
Kuwung kuwung nu melengkung lebah pangambungna kiwari geus suwung mangprung
Kantun rumpaka dina carita nu ilang sukmana tina salambar kotrétan keretas rasana
Kantun mamanis dina citangis nu geulis,geus lantis ngumbahan damis
Tinggal kalangkang tina ringkangna anu miang ngalangkangan dina gelar panineungan
Kantun kawaas nu geus nigas carita lawas kiwari geus béak laas koredas

Tembang sumbang dina panineungan haleuangna kiwari geus pindah surupan
Galeuh deudeuhna dina pangundeuran, kiwari keur ngundeur ka haté deungeun
Sirna rasa dina rasa kabeh cintana geus mungkas adegan lalakon ...........

Gunung Malati Tasik,19 Sep.2013

SIRNA

Aya nu leupas tina sarénghap napas anu pamungkas
Nyeukleuk muru leuweung angker geueuman pinuh ku keueung
Poé ieu,poé anu pamungkas turaés ngéar di pasir, sorana katebak angin
Horéng sukma ditundung tina kurungan,raga dirungkupan ku padung

Beueus baseuh taneuh beureum ngurugan badan sakujur
Cinta dunya geus lekasan balitungan dina itungan tungtungna waktu
Taman éndah narémbongan gugupay tina panto katakwaan
Malibir jalan ka pasir nu rumpil lawang siksa ngadeukeutan ngadago di panto dosa

Simpé sora dina jempé,horéng paéh ngan ukur mamawa boéh
Asiwung mungkus kabingung,kapas bodas maturan awak nu sepa pias
Beueu......!!
Dunya ukur panipuan,kabeungharan teu kungsi milu di kubur
Rajakaya geus pukah milu papisah ,pangkat jeung darajat sirna teu milu maturan
Iwal Iman jeung takwa nu haat maturan di Alam kalanggengan.

Gn Bubut,22 September 2013.

Jumat, 06 September 2013

KUMALAYANG

Sakiceup anteb dina paneuteup,kumalayang ngaringkang dina haleuang
Ngawincik guneman ati,nurih jirim dina petengna peuting nu jempling
Geuning paneuteup salira panutan.....nu tembres matri ngait dina ieu ati
Teuteup seukeut dina geugeut pereket nangkeup kadeudeuh...ku pageuh

Sajatining dina getering batin, lain ringkang anu ukur pupulasan
Puguh jirim dina wujud diri, mung asih salira nu ngumbara dina ieu rasa

Nyungsi hariring dina guneman tatali asih, laur tangtung dina lamunan
Kapan salira nu wantun midang dina haleuangna geter ieu tresna panutan

Kapidangdung lawung tepung najan ukur tepung dina papantunan
Tapi imut salira geus maut mudunkeun rasa dina duriat anu natrat ngagurat

Ngalongkewang ngumbar sawangan harepan mubul ka alak paul
Tepung lawung dina kagandrung,urang duaan muru ka Tanjung nanjung
Teu ayeuna sugan jaga,kumalayang dina paniatan urang duaan
Rumampes dina pangdu,a Kagandrung tepung di Bale Agung......
Mugia.......!

Gunung Malati,6 Sep.2013

CICANUKUR DINA CATUR

Nuliskeun kasono dina congo tungtung waktu
Bet kapireng imut lembur kapidangdung dina hibarna layung anu keur mayung
Cai wahangan ngolétrak,ngadon nguyung ngukur catur di palebah walungan CICANUKUR
Deudeuh...kawaas nyasaak rasa korédas narajang alasna mangsa

Dina angin angin nu bihari,kaasih ngageuri mulas melis milu ngalengis
Ngukur waktu dina catur balitungan dina sésa rénghap tungtungna umur
Ngan sajorélat urang leumpang horéng ngan ukur saliwat
Léngkah hirup bakal mungkas adegan tina lalakon sinétron
Raga nyangsaya bakal reureuh pageuh maneuh dina jero taneuh

Emh..........!
Tawis diri diukir ngan saukur ku ciri nu geus pasti
juntrung tangtungan kumalungkung ngan ukur rentul dina tutunggul
Ti bihari muru kakiwari beungeut lembur pangbalikan ngadagoan
CICANUKUR dina catur horéng diri bakal mungkas dina mangsa gupayna pileuleuyan

Gunung Bubut,3 September 2013.

SUJUD

Tapakur nepungan waktu manjing ka wanci janari leutik
Teuteup seukeut nyorang sujud tumamprak na amparan karumasaan
Jirim hirup nincak salah,manjing mamanis dina citangis
Astagfirulloh halladzim.........

Satumpuk paniatan tobat,can cukup waktu pikeun mupus hiji dosa
Dzikir jeung takbir ngageder,muga hate jadi pangger
Paniatan dina niat, Alloh nu langkung Maha Uninga
Gustii...jumerit batin ngageuri Mugi Gusti nampi kana tobat abdi

NEPUNGAN INDUNG JEUNG BAPA

Carita nu lawas dina kawaas dipeuntas peuntaskeun ku rasa anu ngahelas
Bet kagagas nu anggang asa atra narepungan narémbongan
Dina carita lalangsé juruna haté,aya salira anteng satia mepéndé
Geuning tuluy ucang anggé dina juruna kongkolak panon kuring

Di juru tungtung langit kulawu aya imut salira nyumput marengan ngempurna layung
Dina jangjang langit langitna kasono,salira gugupay imutna marahamay
Dina kalangkang ringkangna salira,haté ngalayang nepungan raga nu mulang
Dina tutunggul tungtung kuburan kuring anteng ngajentul ngahuleng sorangan
Dihandapeun tangkal samoja, salira tibra ngageubra digeberan runtuyan Du,a
Yaa Alloh.....mugia Ema jeung Bapa pinilih janten ahli sawarga.......Ammin.

Gn. Bubut, sabada lebaran. 2013.

WILUJENG SUMPING PEUTING

Wilujeng sumping petengna peuting........
Dina ngarayapna renghap napas, aya saulas kawaas ngagenyas pinuh kawaas.
Wilujeng sumping petengna peuting...
Dina harewosna batin nu kingkin, bet aya carita anu teu pati daria
Naha bet jadi cumalimba...?
Peteng peuting dina peuting,samagaha dina hate sorangan
Ngagenyas cempor kahayang,kakalincesan sosoranganan

Wilujeng sumping petengna peuting......!
Hate ngarayap ngudag kasimpe,tandona rehe jeung jempe
Cipanon lalarung kabingung,beueus jiga nu teu meunang tuus

Wilujeng sumping petengna peuting.......!
Dina peuting manjing jempling, cikerih nyulam kapeurih ?

YUGA ANGGANA SOSANI

" Nganti wanci dina pasinina,sabulan panceg mangsana urang geusan tatahar ngaguar lalakon caritana.
Bongan lalakon urang anu salawasna teu weleh anjang anjangan kumalayang,ngulayaban nganjangan ka Kahiangan.
Wilujeng Anaking....Urang duaan hirup duaan,tamada hirup paduduaan jeung ringkang kalangkangna anu jadi Indung jeung Bapa.
Cacap tamat ngalalana dina lengkah leumpang sorangan,dibarengan diserangkeun ku teuteup anu jadi indung hidep ti kalanggengan.
Urang cindekeun Anaking.......dina mangsana tepung jeung pareng,urang seumat ku panyeumat duriatna rasa.Mugia warsih sasih payun,urang sarerea pareng nyakseni,tiasa nyieun pasini ku jangji dina tawis jariji manis......anu sayakti.Mugia AMIN"

NU NGALANTUNG KA BANGBARUNG

Sumolondo ngalongok panto,ngalantung dina tungtung bangbarung
Pasihan Agaan....sora peura ngaheas pegat datangna semu les lesan
Nu di uji ku ka imanan Malaikat tihothat milu nyatetkeun paniatan

Pasihan Agaaan.....nyambung tanaga ku urut sesa dahareun nu nyesa
Bongan awak garing angar,tanagana beak dipake nahan rasa laparna

Pasihan Agaan.......!
Nu neureuy ciduh ti isuk,anteng kumetap dina biwirna nu garing tigerat
Sedeng Nu Beunghar anteng naleukeum dina kendahan Dunya.
teun hayang malire nu rehe,bongan kabeungharan Dunya teu walatra
Cenah.......!

Pasihan Agaan....leungeun namprak dina keleperna beuteung nu lapar
Nyombo ku pangolo kabodoan, da rumasa katalangsara ku kasangsaraan

Pasihan Agaan......! Sora peura jeung nu lapar kalaparan dirangkul ku Malaikat
Datang Agama islam nepungan,mere pangucap anu mangfaat
Takwa lain dina sesebuatn lisan,soleh lain dina paniatan lambe
Iman jeung Takwa kudu gumulung ngawujud dina kahirupan anu saestu.
Praak.......! Garap.......!

TANJAKAN PAGOROMAS

Napak keupat dina jalan satapak,ngajugjug muru padataran Pagoromas
Ku waas......!
Pasir kuring ngahariring ngageuing ngajakan eling
Nya di dinya Enung,lagu kalbu kalebuh dina gundukan cipanon
Natrat ngagurat,tapak tapak duriat ngawirahma dina guneman carita
Deudeuh.....!
Dina kadeudeuh nu maneuh,katuruban gundukan taneuh
Aya lalakon urang kabawa mulang.......!
Nyieun lalakon dina pangkonan,dikeukeuweuk dina tangkeupan asih
Di Tegalan kebon eurih...Enung,aya salira nganti sajatining pangwilujeng
Mugia lastari dina kaabadian,mugia bagja dina runtuyan pangdu,a

Dunya teh tungtung panungtungan nu di pungkas ku misah alam
Pajaratan kokolebatan pangrereban nu pamungkas
Nya ka dinya kuring mulang,sungkeman mungkas adegan
Diri manjing dina wanci,mangsa mulang kapangkonan
Reureuh maneuh jeroeun taneuh,pangbalikan panungtungan
Mugia teu nyasab mangsa kuring kudu mulang ka wiwitan.....
Amin.......!

TINEUNG DINA PANINEUNGAN

Betah di ayun ayunkeun kasimpe,bari guneman dina lamunan sorangan
Betah nyawang ringkang manehna, nu kungsi tepung salangkung
Betah ngadedenge nu kungsi kadenge, tina sora harewos manehna
Betah ngararasakeun renghap kasono manehna,waktu tepung dina rangkulan

Nineung ku ogona,waktu ngasongkeun kasono
Nineung ku imutna,waktu manehna nyumput dina rangkulan
Nineung ku satiana najan teu lana manjang datangna
Nineung ku bageurna,najan pajauh manehna tetep mituhu satuhu
Nineung ku pundunganana,najan teu puguh asal usul anu jadi sababna

Nineung jeung nineung, kiwari kantun panineungan......
Waas jeung waas...dina tetelar kawaas,kiwari ukur kawaas
Aah.....horeng teu betah kudu jauh ti manehna.......
Heemh............Teu laas...laas.

I UJUNG BERUNG WUYUNG KAGANDRUNG

Sajuringkang kakangen langgeng ngerepuk napuk sa Gunung
Gandrung liwung kapidangdung ngarungkupan Ujung Berung
Manteng rasa,matri ati misurti kanu sahiji
teup imut eunteup tumapel na jangjang langit wiati
Ngampar natrat dilak soca, pulas rasana horeng ukur pupulasan

Rampak sora dina paguneman,geus deukeut miyuni lindeuk japati
Lain eta nu satia,nu enya mah kapan ayana di kahiyangan
Mending tarapti dina panginditan ,bisi hate raheut nu kadua kali
Kagandrung ngarungkupan Bandung,tepung ukur nambah wuyung

Katambias paniatan,bakal parna gering nangtung
Mending mundur lalaunan,pacuan ulah tisoledat manah
Pantengkeun niat saestu,nyiar jodo mah mending dina istihoroh

SIMPÉ SORA DINA SORA

Basa kasimpé nepungan jemplingna peuting
Rasa kingkin kumarembing nyeuitan niiran kapeurih ati
Di luhureun méga malang nu meuntasan langit lapis nu ka tujuh
Haté nganjang kumalayang ngalayang nepungan Béntang anu nenggang
Sugan bisa nulungan.........!

Di Luhureun reueuk nu geuneuk maleukmeuk,kuring ngadaweung
Haté anteng ngeukeuweuk kasumpek nu heureut rupek
Sedeng di luar girimis Pras pris ngeprikeun citangis kapeurih
Leungeun gupuy gapay ngulayaban ngarawélan katingtriman
Bari teuing dimendi wujud katingtriman nya ayana.

Palias.....
Kasimpé nuguran haté,sing pundung bisa ditundung
Bagja datang muga marengan salalawasna,kanalangsa muga sirna ti awit bulan Puasa
Amiiin.....!!

DUAAN DINA PIGURA

lagu urang tineung urang,bet kapireng dina galindeng sungkeman
Nganti jangji nu geus pasini,sugan lastari nepi ka wanci
Raket deukeut dina geugeut,sugan mekar tumuwuh dina kadeudeuh.

Rincik wiati saati,ngengklokan harewos rasa
Gelik suling dina dangding nuliskeun rumpaka cinta
Tungtung lagu dina imut,nyeumat duriat sajagat tresna
Lagu urang tineung urang ligar dina mumunggang rasa duaan

Misurti wincikan dangding nu nyanding ditepis wiring kuring
Pigura gapura rasa dipapaes tangtungan wujud urang duaan
Bagea..nu midang dina kalangraga sugan salira nu baris bumela satia
Mugia.......

SUMERAH

Nyanggi lagu kahirupan diwincik dina wirahma wirahma léngkah diri
Sakecap ucap rumpaka kecap, ngalagena ngagurat dina serat kanayagan
Horéng hirup unggal poé dialungkeun Boyongkeun gedurna napsu
Sakapeung panénjo sok salah nempo,loba dibébénjokeun ku panempo nu samar samar
Dunya ukur kaulinan teu lana langgeng ayana......
Nu abadi dina pasti, mung Gusti Robul ijati.......!

Bener nyambung dina kasalametan, sawarga museur dina tempat kanimatan
Sedeng sarakah milampah salah, lumpatna dina kacilakaan

Tinggal haté masing surti ngawincik diri.......
Kantun menekung milu tapakur saméméh hirup di kubur
Nyanggakeun raga tumamprak,sugan rénghap bisa nyésa nepi ka poé isukan...
Mugia.......Amin !

BABALAGONJANGAN :

Ki Sunda hirupna baris aya dina kamajuan,asal dina dirina henteu ngabogaan sipat, NGEDUL,WADUL,JEUNG RAHUL

Urang Sunda kudu ngabogaan sipat : "GOTONG ROYONG,NYAAHAN DEUDEUHAN, BEREHAN, jeung BABADAMIAN.
Urang Sunda henteu meunang HEES KU HESE,Tapi urang Sunda kudu tetep teuneung jeung ludeung dina nanjeurkeun BEBENERAN.

Utamakaeun heula atikan SIRAH,HATE JEUNG LEUNGEUN,sabab dina ngalakonan hirupna,ki sunda salawasna kudu ngabiasakeun diri, samemeh ngalengkah hatena geus kudu leumpang,jeung samemeh nyarita hatena kudu geus ngomong leuwih ti heula

( NASOS Tasik )

TUMAMPRAK DINA PANG DU,A.

Bismillahiromhmanirrohhim......
Yaa Alloh abdi ngucap sukur kana rupining sadaya nimat anu parantos dipaparinkeun ka Abdi sakulawarga.
Yaa Alloh mugia Abdi sakulawarga salamina henteu liren tina nampi rupining nim,at,nim,at Iman sareng nim,at islam,nim,at Dunya sareng nim,at aheratna.
Yaa Alloh mugia abdi sakulawarga salamina aya dina amparan pangampura salira.
Yaa Alloh mugia abdi sakulawarga dina dinten ieu,sareng dina dinten dinten anu bade di sorang,salaminan ditepangkeun sareng jalmi jalmi anu ariman anu tarkwa,anu saroleh anu hareman,anu salawasna tetep tumetep micinta ka salira sareng ka para Rosul Rosulna.
Yaa Alloh......Jantenkeun lengkah Abdi,ucap, kiceup jeung paripolah kulawarga abdi sadaya, salamina janten Amal Ibadah anu tiasa nyalametkeun abdi sakulawarga di Dunya sareng di Aherat.
Yaa Alloh gampilkeun abdi Sakulawarga dina milari rijki. Paparin Yaa Alloh.... abdi sakulawarga rijki anu halal, rijki anu dipikarido ku salira.
Yaa...Alloh Paparin abdi sakulawarga rasa sehat.Sehat lahir sareng sehat Batin.
Amiin.......Amin....Amin....Yaa Roball Allamiin.....!!

SURAT DURIAT

Surat anu anyar katarima téh ku manéhna teu waka rurusuhan dibuka.Amplopna diilikeun,diimeutan ditaliti anu ngirimna.Sanggeus sidik anu ngirimna bari atra kabaca ngarana.Belenyéh manéhna seuri konéng,seuri surti tanda hatena bungah guligah.
“ Alhamdulillah teu burung ngabalesan geuning Srikandi anu di piati téh !” ceuk gerentes haté manéhna, nyarita sorangan bari dungdak dengdék macaan tulisan anu tinulis dina lebah amplop surat anu anyar katarima ku manéhna téa.
” Horséééh.......Cinta kuring ditarima Horséééh....!”Haté manéhna susurakan sorangan.
Braay....surat téh lalaunan ku manéhna di buka,tuluy diilo ditaliti,dilenyepan imeut pisan maca eusi suratna téh.Bréh...kabaca ku manéhna tinulis hiji tulisan anu unina téh kieu :
“ Kaweningan asih akang ku abdi katampi pisan,namung mugia ka surti ku ati nu wening,jalmi mung ukur tiasa ngumaha, pareng jodo mah kapan ayana tinangtos geus pasti aya di Gusti.Mugia Akang teu rengat galih,abdi sanés badé nampik asih akang,kantenan badé kumawantunbaha nolak kana kanyaah ti akang mah,paralun....Abdi teu badé wararantun teuing sok sieun bilih janten kaduhung engké kapayuna,da rumaos abdi ogé sanés jalmi anu sampurna.Namung mugi salira Akang wening galih,bet ku hanjakal pisan atuh,asih akang ka Abdi téh dongkapna geuning kapandeurian.Kamari dina Sasih kamari ka sepuh abdi parantos aya anu sumping mayunan Akang.Abdi ayeuna parantos aya anu nyangcang anu nyirian.Abdi parantos dicirian ku panawis tawis, mangrupi ali meneng anu meulit dina jariji abdi,bari abdi duaan parantos kedal janji baris mupusti asih ti hiji lalaki anu tos sumping nepangan ka sepuh abdi tea ”.
Gebeg haté manéhna ngagebeg,rénghapna ngalenyap ,panonan molohok mencrong kosong,leungeuna teu sadar ngekesek keretas surat anu kakara réngsé dibaca.Lung baé di alungkeun keretas surat anu anyar di baca ku manéhna téh.Anu satuluyna nasib keretas surat milu ngahias ngeusian carangka runtah.

BABALAGONJANGAN.
" Cinta Sajati hirupna lir cai walungan anu salawasna ngagolontor canembrang herang ,kanyaahna tara ngoletrak tara saateun jeung ngurangan.
Rasa Satia dina dirina bakal bisa ngaleungit, bari leungitna bareng jeung renghapna anu Pamungkas "

" Cinta bakal terus tumuwuh akaran uratan jeung ngarandakah lir hiji tangkal anu ajeg,lamun maranehna duaan salawasna bisa sili ajenan,sili ayunkeun ku kaheman tur surti kana kapribadian dirina sewang sewangan "

" Hiji pasangan bakal karasa satiana,lamun salawasna sok resep miara kanyaah,kadeudeuh kaheman,bari dina harirupna tara lesot tina paniatan ibadah jeung neangan ridona Pangeran "

" Singkahan sifat sirik jeung kikir dina diri,biasakeun unggal waktu migawe sodakoh,jeung amal ibadah anu liana, sangkan hirup salawasna jembar jeung sehat "

" Biasakeun dina hirup ngalobakeun nginum cai herang samemeh migawe leumpang jeung ngalengkahkeun suku anu munggaran,bari samemh cai anu di inum teh, biwir urangna salawasna teu lesot tina ngucapakeun heula bismilmillah,solawat dikir jeung almaull hussna "
Subhanalloh...Mugia ieu tulisan teh aya mangfaatna pikeun balarea.Amiin.....

( NASOS Tasik )

HUJAN CIMATA MAPAG BULAN PUASA

Tangtungan budak lalaki jeung hiji NINI-NINI mangsa deukeut ka Bulan Puasa
Batin maranéhna duaan ngajerit mulas melis dianteur ku beueus cipanonna......
Hiji Budak Nyambat nu jadi Bapa ku sora anu les lesan semu hapa jeung peura

Cenah anu jadi Bapa téh masih aya gumelar di ieu Dunya
Tapi naha manéhna teu apal kana kanyaah anu jadi Bapa....?
Indung nu ngakandung geus jauh jiga nu nundung
Manéhna hirup nyiruruk jeung Ninina anu geus pikun di hiji saung

Maranéhna duaan hirup ngangkleung dina kasangsaraan,Yatim lain,pahatu lain
indung Bapana geus paburencay ngarurus napsuna séwang séwangan
Ilang rasa, nyingkahan Anak sina tunggara di urus ku hiji Nini Nini
Padahal Anakna teu kungsi maksa hayang gumelar ka ieu Dunya

Deudeuh teuing Anaking,nahan lapar paduduaan bari jeung euweuh pasakeun
Ganjel lapar jeung halabhab...
Maranéhna duaan neureuyan ciduh jeung keclak cipanonna

Di hiji saung....butut !
Hiji jirim nini nini ceurik balilihan ngusapan sirah incuna.......
Sing Sobar Anaking......ceuk gerentes haté Ninina bari ngagidir pinuh kagimir

HARÉWOS BÉNTANG

Bulan.......!
Nyanggakeun sungkeman ati, minangka hariring batin tawis diri tetep masih miasih
Kasungkemkeun Jungjunan duriat ngampar sajagat,haturan kanggo salira nyalira
Rasa asih manjing wening minangka kado kasono...kade sing Moho nyaa...?
Ulah lali kanu keur mupusti asih ,najan raga urang pajauhan
Rasa mah tetep dalit ngahiji.........teu kedah mangmang hariwang

Urang jeung urang lir Bulan jeung Béntang siga jauh padahal sili deukeutan
Deukeut rasa dina amparan rasa,kasatiaan mah kapan urang anu miboga...Nya ?
Antepkeun anu keur ngomongkeun urang ,da éta mah tawis maranéhna keur salsé
Ulah opénan,ulah pundungan jungjunan..... bilih kapegung ku rasa kabingung

Biru langit,biru warna kasatiaan,kadé sing pengkuh kuat nahan gogoda nyaa ?
Gogoda reujeung hahalang sok datang mangsa keur tandang bajuang
Teu kenging béngbatan Nyaa....? Urang laju dina tujuan,malar kahontal udagan
Ceuk BÉNTANG ngaharéwoskeun kasono ka BULAN..........! Emhh.......!!

GERENTES........!

Rek diajar ludeung nganjang ka petengna peuting
Sugan rasa ka iwat ku kingkilaban nu kokolebatan
Rek diajar teuneung guntreng jeung hate sorangan
Sugan sora hate teu peura beakeun ku sora

Satemena kapan sora teh datangna tina ucap pangucap
Ari ucap.....? Kapan datangna tina rasa nu ngagalura
Rasa jeung ucap satemena teu anggang tina kahayang
Kahayang reujeung hahalang horeng teu anggang tina rasa kahariwang

Kade ulah reuntas pangharepan Nya.......?
Cenah ceuk sora ieu hate.......!!

Tasik,6 Juni 2013.

JAGAT WAWAYANGAN

Sakotret rek nuliskeun geter ati,saucap arek ngedalkeun geter rasa.
Sabaris rek nuliskeun tutulisan kahayang hate,sugan hate ngarasa kapepende
Lalakon reujeung lalakon,ngantay paantay antay dina lampah paripolah
Sanajan teu gampil mupus hiji catetan lalakon
Tapi lalakon bakal dipungkas ku mangsa tina hiji caritana

Jirim hirup aya tungtungna,digurat ku catetan lengkahna
Rengkak polah wujud rasa,kabeh waruga bakal mulang kaasalna
Tingggal lalakon jeung lalakon.......gumantung kanu ngalalakona
Arek ngalalakon alus atawa ngalalakon goreng....?
Nyanggakeun gumantung kana dirina sewang sewangan
Rek dibawa kamana ieu carita ?
Kumelendang di Jagat wayang,kabeh ukur jadi wayangna

Keur ngawayang dina wawayangan ngarengkak kumaha dalangna

Kamis, 02 Mei 2013

DI PADAHÉRANG AYA KEMBANG

Nu kalisankeun dina ucap anu kedal tina pangucap
Wilujeng tepang kembang ligar nu mayak dina jalan satapak
Dina sorot sosocaning sétra wening, nu wening teu weléh tingtrim
Dina teuteup aya nu deukeut raket sajeungkal tina palebah angkeut

Wilujeng tepang nu keur anteng midang dipatamanan kahéman
Dina galura ombak geter katresna, aya salira ngabedaga ngajega
Dina tangtung galuraning tangtung aya anu hurung nangtung
Dina tangtung nu keur nangtung, aya padungdung ngajakan tarung kagandrung
Srikandi ati mentang rasa sérédét paser kadeudeuh
Jamparing asih putih asih gahar sora ngoncrang rasa sajorélat jadi tibelat

Geter rasa samar polah katalimbeng teu wasa kedah balaka ti heula
Padungdengan guneman batin sorangan, teu wantun kedah nyarios ti payun
Disidem diteundeun pageuh dicangreud sina galecok dina jero batin sorangan
Tirta asih putih wening ngagenclang herang di PADAHERANG NYORANGAN......

Tasik 01 Mei 2013.

LALAKI TAYA KAWANI

Arek nyumput dina imut, tapi kalah kapaut.
Arek wakca arek balaka,tapi teu werat ngucapkeunana
Arek surti,arek miati, tapi sieun nganyenyeri
Arek indit arek pamit,tapi hate tetep murilit ngait

Arek micinta,arek miasih anu saenyana,tapi sieun ambon sorangan
Arek datang,arek nepungan ka sepuhna,tapi sieun teu ditarima
Arek nanyaan,arek nyirian,sieun cinta manehna ngan saukur pupulasan
Arek gilig arek buleud patekadan,sieun cintana nogencang

Kumaha atuh kuduna .....? luur...?
" Tong boga kahayang mun rumasa hirup loba kahariwang "
Asa enya mending kitu nya ....?

Panineungan lalakon di SMKI Bandung

Senin, 29 April 2013

KASAMARAN

Nu di raksukan warna pulas biru,sonten tadi aya ngalangkung
Nu geulis katawis ngeluk tungkul nyumputkeun imut,duuh....kuring jadi tagiwur
Di teuteup disérangkeun ti ka anggangan... haté lumenyap ?
Dibalédog ku teuteup manéhna ...... ngabalieur

Dicoba ditanya ku pananya rasa....ééh....teu katajieun
Kunyam kunyem kuring nyoba mapatkeun jampé pamélét.....?
Manéhna angger anteng haré haré.....haténa simpé
Diudag ku harepan....manéhna lumpat ngejat

Disusul katungtung jalan.....gok amprok tepung
Dirangkul ku kapanasaran manéhna ampir lumpat
Amprok jonghok geus padeukeut.....haté ngagebeg
Heemh......kuring kabobodo, horéng manéhna téh awéwé Plastik
Banciiiii.............Geulis.....beduul.....!

SAATI DINA WIATI

Sasoanten wanci sonten nu manis nu hideung santen
Imut marahmay mapaés raray duh...nambihan manis
Nu Geulis ti lembur singkur,sari manis kempot pipi
Geulis mirip widadari lumungsur turun ti langit

Lir...bentang nu nenggang sorot soca raclik ragrag dina ati
Wening tingtrim nyanding asih...... asihna teu pupulasan
Najan hirup bau lisung mojang kampung henteu dusun
Najan midang henteu dangdan, nu geulis matak kagéndam

Sasoanten wanci sonten nu manis nu hideung santen
Midang mangsa dina rasa,pasini raket saati
Ngampar amparan kahéman sasih payun tepungna di Balé nyungcung
Pasini raket ngahiji dibeungkeut ku jatukrami
Saati dina Wiati....hirup ngahiji............!!.

( * Tepis Wiring Kota Tasik,Puhu Janbuari 2013 * )

SAGURAT DINA GURAT PANGADATAN

Sagurat ngagurat dina gurat gurat pangadatan
Kosong molongpong dina lalakon dibungkus ku kabohongan
Cinta ukur kaulinan saméméh meunang layan nu anyar

Nu datang mawa sasémplék haté,lumah laméh mépés haté
Sumolondo mikasono ménta welas kinasihan
Eusi haténa pasalia teu akur reujeung pangucap
Pajar datang nyaah ka anak teu werat kudu paturay

Hemh...ari lalaki boga rasa kumawasa asih ukur kaulinan
Laas duriat jeung nu lian,mulang balik ka wiwitan
Sujud sideku sumujud umajak ngajak ngaruju
Pajar kaliru nyieun putusan,moal arék nganyenyeri deui

Buktina......?
Nyaah..ukur saliwatan,mun dunya geus kahontal ka udag
Manéhna ngejat ngoréjat lumpat muru ka tempat nu anyar
Sukan- sukan jeung nu lian........

NYEKAR

Haneut moyan hujan poyan pras pris girimis di lebah Ciamis
Samar samar na tetelar pasir, aya sora Tresna nu manjing dina citangis
Sawangan kebat labas milu meuntas , naratas ngudag kawaas ka Pagoromas
Angin katiga niupan ngusapan,rampak maturan raatna cimata
Deudeuh........!
Reumis pasir maruntangan beueus dina ligarna kembang samoja

Tembang téh tembang hanaang sawirahma dina dareudana tembang kacinta
Lagu kalbu tetep ngagalindeng sasoanten sareng soanten salira nuju di Dunya
Geuning kieu ari rasana nu kaleleban...! Diri ketir ngaléngkah sasampoyongan
Haté rus ras kanu miang nepangan ukur dina pangimpian,panglamunan

Deudeuh.....!
Kalakay murag dina sawangan ditéwak ngereles ilang
Pikir galécok ku kasono,ukur wasa talatah ka angin pasir
Nyekar nepangan ka pangreureuhan, jumajap nganteurkeun weningna cimata
Digentraan digeroan,nu digeroan tonggoy nyérangkeun ti kalanggengan
Cinta reujeung kembangna samoja sumawur marengan du,a
Tumungkul neuteup tutunggul,nu diteuteup anteng dina kanimatan kabagjaan
Mugia Gusti........Biangna pun Anak salawasna aya dina Sawargana salira
Amin Yaa Roball Allamin.........

( * Cinyasag Panawangan, Pebruari 2013 * )

AKI KARDI JEUNG TAJUG LEUTIK

Aya sora Adan nu angin anginan di tajug leutik,sorana teu pati béntés
Sora Aki Kardi ngajak éling ngajak nyaring ngajak madep ka Gustina
Unggal waktu unggal solat pardu ,Aki Kardi tetep satuhu kanu Maha Agung
Hayya allahssolah,Hayya Allassollah....!
Saeutik pisan anu meunang hidayah kataji hayangeun solat

Di Tajug leutik.......Aki Kardi .ngampar sajadah,haténa pasrah sumerah
Di Tajug leutik...Aki Kardi, Adan Komat,jeung solatna ngaladangan sorangan
Di Tajug leuti...Aki Kardi......!
Taya nu maturan taya nu marengan hayangeun milu solat babarengan
Di Tajug leutik........
Aki Kardi cumalimba beueus cisoca munajat kanu Maha Kawasa

Subhanalloh....Tajug leutik geus teu payu kunu solat berjamaah
Kumaha nasibna Masjid nu Agréng méntéréng.....?
Di Tajug leutik, tingtrim wening haté jempling........!!

( * Lembur kuring, Pebruari 2013 * )

TAPAKUR WAKTU TAHAJUD

Cempor ajug hurungna kakalincesan di jero kamar Bilik
Haté manteng hurung ngempur murak kasimpé wanci janari
Cai abdas nyanclakan dina amparan sajadah pangsujudan
Nyéngcélak cahaya katakwaan ngagenclang hérang marengan solat tahajud
Diri téh leutik jeung laip yaa Alloh.........
Abdi dongkap madep ka salira rumasa lamokot ku dosa
Nepangan salira nu Maha welas tur Maha Asih......
Saur salira...!
” Sing Saha jalma anu migawé solat Tahajud,manjing dina waktuna
sakabéh paménta dina wujud du,ana pasti ku kami bakal dikobulkeun“
Amin......

Subhanalloh.....!
Panon rapet cepel beurat migawé kudu nguniang hudangna
Tawis diri dikeukeupan ku Dosa nu tumapel nyaliara sa awak awak
Rumasa diri rumasa,mupus dosa moal katebus ku mangsa sésa umur nu aya
Mun teu ayeuna iraha nobatan diri...?
Sedeng malakal maot datangna teu ngadagoan tobatna hiji Manusa

( * Tepis wiring Tasik, Pebruari 2013 * )

ALI MENENG

Tawis soca galeuh ati panyungkem tawis katineung
Mugi janten panineungan panyangreud panyangcang rasa
Urang jeung urang sarasa,papada melak kanyaah
Renung ligar kembang asih,mangkak endah sapatamanan tresna

Kantun sing leukeun miara nyiraman ku rasa heman
Asih teh apan paparin Gusti,nu kedah dipupusti di dama dama

Beulit asih dina jarirji,ali meneng tawis tineung
Mugi sing meulit ngahiji,mangka geugeut layeut pageuh
Kantun nganti wanci nu mustari,ciri mah tos kasanggakeun
Kantun tepung di Bale Agung,ngariung di Bale nyungcung
Wilujeng.......

(* Haturan kanggo Pun Adi di Bekasi,anu bade ngadahup Dina Tungtung sasih Maret.* )

Tasik, Maret 2013.

PANGGUNG LALAKON

Aya nu indit bari tuluy ngaleungit,aya nu mulang aya ogé anu datang
Kabéh ngalangkang ngeusian lambaran keretas keretas bodas
Lalakon dina lalakon kabéh dicoba dikumbah dipupus ku cimata
Bet angger baé natrat katara..........

Katumbiri warna warni melengkung ngahias rasa
Widadari papasangan ucang anggé dina haté dina implengan
Tarajé emas sinangling horéng kabéh ukur pangbébénjo pangrerema

Dunya téh ukur haleuang sumbang,lalakona loba anu samar samar
Séah surak reujeung keprok, éta kabéh ukur ramé saliwatan sabéngbatan
Taya nu lana taya nu langgeng dina kaabadian

Deudeuh...raga sukma ngulayaban dina panggung panipuan
Mun salah ngigelanana,réngkak teu nincak kana kekecrék
Galeuh asih putih wening ayana dina rangkulan Gusti...
Amin.....

Tasik,puhu Maret 2013

KARISI

Hayang nulis dina tungtung imut nu geulis,tapi sieun teu nyari
Hayang gagambaran,ngareka pamolah rasa tapi sieun teu mangrupa
Sakotret tulisan hate direka dina ungkara.....
Risi inggis batan maut hinis sieun asih teu ditampi....

Tutulisan gagambaran di impleng dicicipta sugan endah
Hate galecok dina dada,teu wani kedal balaka
Rumpaka pangjajap ucap,ngabigeu lir anu pireu

Ranggah leungeun gupuy gapay neangan nu welas asih
Diri ngajangjawing pikir,ketir ceurik balilihan
Ngulampreng ka Taman Tresna,nu katimu...?
Diri keur gandrung keur wuyung.....
Bingung.............!

RUS RAS

Geus diteundeun dina pependeman hiji waruga anu kungsi lana satia
Nya di dieu dina kuburan batin, salira tibra dina katingtriman
Sumilir angin surgawi,ngadalingding wawangi minyak kasturi
Sumawur kembang nu nyekar, beueus baseuh dibanjur cipanon lalakon

Wilujeng tepang panutan dina buligirna panon batin nu teu weléh balilihan
Ieu diri seja datang ngiring nyekar nepangan salira di pajaratan
Geus méh dua taun urang papisah,misah raga tina dunya pawenangan
Raga salira nyangsaya dina alam pakuburan,ringkang salira maturan dina lamunan

Ku Wening imut salira marahmay nyérangkeun ti kalanggengan
Batu nisan di usapan diceungceurikan rus ras pinuh ku kawaas
Batin ngait alim ngantun teu wasa kedah paturay......
Anteng teuteup rumanggieung panon mencrong maca tulisan anu tinulis
Bréh kabaca...Natrat atra asma salira ngagurat dina tulisan NANI SOPIANTINI Y.Bin SAHWI ISKANDAR,
Gumelar Tgl 3 Pebruari 1963 Pupus ngantun Mulang ka Kalanggengan tanggal 26 Agustus 2011

MIDANGDAM

Yaa Rosull...........
Nyanggakeun haréwos ati,nu matri dina sanubari
Unggal wanci batin ngait ngancik miasih midangdam asma salira
Yaa Rosull .........
Abdi sadaya tibelat, duriat natrat ngagurat dina solawat
Salira luhung tur agung muga maparin safaat ku Rohmatan lill allamin

Yaa Rosul......
Kasono teu weléh moho abdi sadaya hoyong diangken umat salira
Manjing di Yaumall ahir abdi sakulawarga mugia aya dina rangkulan salira
Amiin........
Allohuma solli alla syayidina Muhamad,waallla allaihi syadinna Muhamad

GERENTES.........!!

Alhamdulillah
manjing waktu muru subuh masih keneh aya imut....
Muka lawang Panto hate mapag mata poe datang
Lahhaolla walla kuatha iila...........

Yaa Alloh,
Salengkah tina unggal lengkah abdi mugia salamina janten amal ibadah
Sakiceup tina unggal kiceup abdi ,mugia mawa kasalametan
Gampilkeun sagala urusan abdi sakaulawarga,turta aya dina rido salira
Paparin abdi Rijki Ya Alloh....Rijki anu halal anu dipikarido ku salira
Tepangkeun abdi salamina Ya Alloh, sareng jalmi2 anu saroleh,anu ariman takwa ka salira........

Yaa Alloh......
Papaparin abdi turunan anu marulus lahir sareng batina,anu salamet dunya rawuh aheratna.
Amin........

BÉNTANG

Mangréwu réwu kiceup béntang tingkaretip tingcarélak di ka anggangan
Langit biru pulas imut,sumawur jumajap muru rangkulan
Bulan ngempray,bulan nganjang maturan kiceupna Bentang
Galeuh deudeuh wening asih,éndah ngan ukur di palataran impian
Dilak soca imut marahmay manis ngan ukur dina ciciptan

Peuting téh nyanding kasimpé,kiceup béntang maturan ti tempat nenggang
Dii sungsi ku ati henteu katepi , nu disusul ku lamunan kalah suwung ngajauhan
Jangji asih mulas ucap, éndah dina ucap lambey
Asihna duka saha nu bogana......

Nyiar Béntang kanu nenggang,horéng teu gampang meunangkeunana
Nyungsi sajatining asih nu wening ,geuning teu gampil manggihanana
Unggal poé diri nganti ngadago datangna Béntang
Unggal poe diri ngadagoan sugan aya Bentang anu haat daek ngadeukeutan

Ceuk Bulan........!

Tasik, 17 Maret 2013

NGUMBAR TINEUNG DINA DAWEUNG

Hujan mirispis dina girimis nyanding wanci pasosonten....
Leungeun naleukeum nanggeuy tineung ngadaweung bari ngahuleng.......Ku Anteng......!!
Murak tineung dina daweungna bari neuteup langit ceudeum

Hujan teh lana maturanana,hujan girimis mapayan damis
Naha bet jadi citangis....?
Bongan rasa cuang cieung dikantun ku anak deungeun
Deudeuh....
Hujan miripis dina girimis,caina cimata kuring
Lumengis.......diri !!

MOJANG DAHLIA

Aya kareueus nu beueus dina galeuh galeuhna tamperan kanyaah...panutan
Rasa duaan dina kasatiaan tumapel rumaket pageuh dina kadeudeuh
Ku anteng......!
Rasa nyaah ngagalura sasora dina rasa ngalagena .....betah

Dangding téh,dangding kawening panutan.....
Dangding pinuh ku hariring duméling ngentringan asih bihari
Ku anteb.........!
Lagu tineung dina panineungan murak kanyaah duaan
Mugia langgeng anteng dina hariring weningna asih

Panutan.....lagu téh rumpaka imut ......nu sumawur dina amparan tresna
Nyanggakeun........
Galeuh asih nu nyamuni,kiwari nembrak katara dina kalangkang kahéman urang
Guligah soanten batin nu motah dina dasarna duriat ....muga teu pegat
Panutan.......
Harepan urang duaan mangka ajeg dina adeg adeg
Pereket meungkeut kadeudeuh ku geter geterna Katresna......

Tasik, Congo Maret 2013

TANGTUNGAN INDUNG

Ngarayap naratas leumpang ,naker karep dina tanjakan nu nanggeuh pageuh
Sakolébat kalangkang indung ngaronghéap dina rénghap nu ngalenyap

Kakangen ngagunung sagugunung ngarunggunuk dina wujud asihna indung
Angin Pasir ngahiliwir jumajap nganteurkeun Du,a
Taman pakuburan liuh linduk lenyepaneun tapakuraneun

Ema......deudeuh Ema....teu kahalangan ku beureumna taneuh nu beureum
Waruga salira...nyangsaya dina kanimatan alam Barjah
Teuteup salira anteb leleb nyérangkeun ti Kalanggengan
Kanyaah salira natrat ngagurat ngaprak dina marganing alam nu nyanding

Ema ........
Jirim diri téh wujudna lumaku dina lampahna paripolah nu keur disorang
Raga rasa dina ieu diri bakal mulang ka sarakan tempat Ema mulang
Raga sukma bakal balik pamit muru madep ka Gustina......
Pakuburan keur ngadago,muka panto ngajak mulang nganjang muru ka Pagéto
Mugia.....urang tinemu bagja......!! Amiiiin......!!

Kota Resik, Puhu April 2013

URANG

Dina diri urang téh aya urang......
Keur leumpang anjang anjangan
Dina diri urang téh aya urang
Keur leumpang sili longokan...

Ari urang geus boga naon, keur bekel bawaeun mulang

WANCI

Sareupna mata poé nyumput di tukangeun Gunung
Sarérét geus manjing soré can boga céngcéléngan kahadéan
Umur laju maju ngulon......
Awak begang geus bau taneuh
Horéng umur diatur ku waktu ,raga badag bakal maneuh di jero taneuh

Pasti........!

NU SARAKAH.

Panas ngabetrak di jero haté...
Unggal poé uteuk muter disébakeun ka napsu
Jalma leutik dilicikan,sina jadi korban pulitik nu licik

Anu Pinter kabalinger,nu teu nyaho di bobodo
Demi kalungguhan.....
Sobat diajak basilat jalma leutik ditincak sina ngajerit
Hirup poho katemah wadi,cenah demi ajen diri
Sarakah.......! ngudag kalungguhan aturan pangéran di rumpak

Dasar Sétan pangabetahna ngulayaban dina haté haténa jalma jahat

Tasik,2 April 2013

CEUDEUM

Ngaguar lalakon hirup dina hunyurna pasir kahirupan
Sakatiga hujan pras pris maseuhan jalan sorangeun
Leumpang nikreuh kundang iteuk dina uteuk
Talaga rasa angger bedah teu kaampeuh teu kabendung
Diri ngungun dina wuyung ,hirup anteng diharudum simbut lamunan

Wanci téh ngeunteungan berewitna ati
Angin pasir ngadalingding mawa béja nu sumanding dina sumilirna wanci lilir
Sora ngoncrang bedas béntés,antaré mépéndé haté

Kadé lali,dinten enjing Bébéné salira baris réndéngan jeung nu lian
Sing sabar nyaaaaa......!!
ceuk haréwos angin ngusapan bari ngupahan

Langit angkeub,alam ceudeum samagaha sosoranganan
Manuk pasir tingrariung,ribut parebut nandéan cipanon lalakon.
Emhh.......!!

Tasik, 7 April 2013.

BIRU LANGIT BIRU KASATIAAN

Ngangkleung angkleung angkleungan dina sagara lautan asih
Anjaclang sosoranganan ngawelah parahu muru ka basisir birahi
Angin asih lilimbungan ngerepuk napuk kasono
Imut manis dilak soca anteb leleb tilem dina tirta lautan kahéman

Sagara téh kuring nu boga,ombak lautan ngagalura dina ombakna kaéndahan
Biru langit biru laut,linduk liuh biru jadi panyaluuhan dina hirup
Di Basisir haté manéhna kuring balabuh....
Di Basisir galeuh deudeuhna kuring maneuh jeung tumetep
Di Basisir galura kanyaahna kuring nyangsaya milu bumetah
Dina rénghap ambekanana kuring mépéndé haténa......

Heemmh.........!!
Langit kuring,langit anjeun,laut kuring laut anjeun
Biru wening pulas warna,dipulas ku warna kasatiaan
Nyanggakeun........!!

Tasik, 9 April 2013.

PASRAH SUMERAH

Aya sora dina sora batin, asmaning salira ngagentraan ngadeukeutan
Aya hariring dina acining batin, soanten salira ngentringan nyanding dina katingtriman
Aya angin Sawarga pangintun salira nu leukeun anteng niupan,leukeun anteng ngarupahan
Aya asih pangintun salira nu ngagenclang herang ngagenyas,nyengcélak bodas

Leres.......!!
Horeng salira anu tara tebih tina pangrasana ieu rasa
Asih wening salira taya liréna taya reureuhna
Deudeuh salira taya kendatna,unggal wanci,unggal detik teu weléh tetep nyarengan
Rumaos rasa rumaos, ucap sukur sakedik pisan kalisankeunana
Léngkah hirup salawasna dieuyeuban dipulas warna amarah
Salira nu maha wijaksana,mugia ngamparkeun amparan pangampura

Gustiii......abdi jumerit rumasa hirup lamokot ku dosa
Jait hirup abdi Gusti......ulah bumetah lana dina katunaan dina kasarakahan.
Allohhu Akbar........! Allohhu Akbar.....Allohu Akbar

Tasik, 13 April 2013

NGUMBAR TINEUNG DINA PANINEUNGAN

Murak tineung dina tineung nu kapireng janten seueur panineungan
Soanten salira nu halimpu unggal dinten ngagalindeng dina paguneman implengan
Wuwuh manis,dilak jeung kiceup salira ngalangkangan tibelat matak ngalenyap

Lagu téh gambaraan harewosna sora kalbu panutan........
Pangrerema rasa nu marengan umanjangna asma salira dina lamunan
Wujud geter anteng manteng ngetringan sajatining sora batin
Tineung lagu nu halimpu panyambat rasa duriat nu teu weléh anteng tibelat

Ku éndah......sora,gahar geter asih miasih tetep miati sawiati
Galeuh deudeuh amaparan héman, nya di salira pangreureuhanana
Panutan....mugia urang tetep bumetah dina amparana kahéman,
Anteng tingtrim muga lana dibarengan sumandingna asihPangéran

Tasik,14 April 2013.
Haturan : Kang H. Asep Kosasih SA di Garut
Bilih bade disanggi dina lagu nyanggakeun......

PAMOLAH

Sajeungkal tina itungan Ramo.....horéng aya anu mikasono
Saléngkah tina wilangan léngkah.....diri aya anu ngadagoan
Sakiceup tina unggal kiceup........Aya anu ngalangkang némbongan
Saunggeuk tina unggal unggeuk....Aya anu ngaheueuhkeun
Saucap tina unggal kecap rumasa loba salah ucap.....!
Pamiangan memeh urang mulang,Mantena ngadagoan tobatna Urang

NU NGADAGOAN

Teu anggang tina rongkahna kahayang ?
Aya anu ngadagoan urang.....
Teu jauh tina ngaguruhna napsu urang ?
Horéng aya anu keur nungguan urang.....
Sarénghap tina rénghapna urang ?
Raga urang bakal mulang ka wiwitan

SUMERAH

Aya haseup nu ngelun hideung di jero sirah
Aya durukan nu ngagebur hurung dina jeroeun kurungan hirup
Aya nu menekung ngajentul ménta ampunan....
Aya nu ceurik balilihan ménta pangampurana pangéran
Aya nu lumengis mulas melis jumerit sumerah pasrah ka Gusti
Subhanalloh........!
Aya nu ngagenyas herang cahaya iman,hayang leupas mupus dosa
Mugia tinekanan.......Allohu Akbar.......!

Tasik,wanci janari 17 April 2013.

SAGARA RASA

Dibasisir batu karang kuring nguniang nuliskeun sajumlah kahayang
Catetan reujeung catetan ngantay antay antayan jadi hiji tulisan
Tinulis ditulis ku mangsi ati,nembrak natrat ngagurat dina geter geterna duriat

Rasa téh tara sulaya,tara linyok tara bohong,tara daékeun ngabohongan
Kabéh rasa milu nyakséni jeritna ati,rampés rampak babarengan dina rasa anu sawirahma

Mungguh batin kiwari bet sok ceurik balilihan sosoranganan Jungjunan.....
Bongan rasa dikukusut ku imut nu kantos janten pangirut
Pikir ngait murilit meulit dina wujud anu dipupusti
Satangtungan wujud tangtung kagambar dina implengan

Emhh.........Nyanding wening,asih tingtrim ngentring dina hariringna batin
Tineung lagu,nu dipitineung horéng keur anteng ngumbar panineungan
Wilujeng angkat jungjunan.....
Muga lana murak bagja di Alam nu béda Alam.....

Tasik,19 April 2013.

ÉLING-ÉLING MANGKA ÉLING

Langit peuting alum nguyung cluk clak cimata dina amparan sajadah
Beueus baseuh dina pangsujudan,ngeclak hérang dina leuwi kahuripan
Sagara rasa téh gurawés jungkrang lungkawing lir hiji lamping
Manjing duméling wiwitan usik malik rumasa diri teu daya teu upaya

Mungguh hirup kapan bakal aya tungtung jeung panungtung
Wujud hirup henteu langgeng dina hiji adegan tangtungan
Mangsa mulang bakal mulang,mungkas lalakon hirup nu kungsi disorang
Lampah urang bakal balitungan jeung itungan di wincik di payuneun Gusti
Subhanallloh......! Rék lumpat ngejat kamana lamun panto tobat geus ditutup
Tanceb kayon jeung lalakon kabéh nutup mungkas lalakon adegan

Kantun girimis citangis getih,tempat ngojayna kadorakaan
Kantun bungah muka lawang panto sawarga pikeun nu iman jeung nu tarakwa
Kantun nafakuran hirup,meungpeung urang dipaparin keneh hirup
Kantun nyiar rido Gusti sangkan urang salamet Dunya Aherat
Mugia..........! Amiiin.........!!

Tasik,21 April 2013.

RUPEK.

Rek leumpang,leumpang kamana mun lengkah geus susah geusan ngalengkah.
Rek Indit,indit kamana kapan panginditan geus puguh aya wiwitanana
Rek Lumpat,lumpat kamana kapan panglumpatan geus sakieu karasa rupekna
Rek Mulang,mulang kamana kapan tempat mulang geus puguh jugjugeunana

Rek ceurik,geus saateun ku citangis.
Rek lumengis kapan geus karungkupan ku kapeurih
Rek Nalangsa cimata geus koredas beak disasaak ku tunggara
Rek jumerit,sora peura geus teu bisa nyoara

Ngusap dada dina sobar,tawekal pikeun gemukna
Pasarah sumerah ka mantena,eta jalan nu utama......
Muga bisa ngayonana..........
Emmh........!

MULANG

Reumis janari masih nyalangkrung dina kongkolak panon
Caina beueus maseuhan jukut jukut murungkut
Reumis janari ngumbah asih dina wening
Miis citangis dina gurat takdirna Gusti

Ngan saliwat lalakon dunya di iwat diheulang disamber mangsa
Sora ngoncrang nu bedas béntés ngan ukur mapaésaan tetelar kawaas
Mangréwu kanyaah jeung katineung teu bisa ngabendung ngahalangan pati
Pati Gusti teu bisa ditawar mangsa mulang pasti maksa kudu mulang

Puguh gé hirup mah ngan ukur anjang anjangan....
Umur jeung pati lir ibarat hirupna lalakon Awi
Mangsa iwung di ala iwungna,mangsa lumiat,diala pitalieunana
Mangsa kolot manjing dipaké pisuluheunana,kabéh lalakon kumaha anu kagunganana

Subahanalloh.......!!
Horéng urang keur anteng ngadago anu ngagupay
Duka beurang duka peuting,mangsa mulang pinasti bakal kasorang
Tinggal mangsa ngadago waktuna mulang
Mun mangsana kudu mulang muga rébo ku amal jeung kahadéan........Amin.

Tasik,27 April 2013.

PASINI DI SISI LEUWI

Duaan anteng pateuteup bari ngeunteung dina beungeut cai nu ngaleuwi
Imut mudun tungtung imut ngalenyap jeung lelenyapan
Sajorélat kalangkang raray dina leuwi ,kalangkangna oyag oyagan katebak angin
Leuwi asih nu ngaleuwi nyakséni lagu wiati nu saati
Siak pameunteu, duaan paamprok teuteup sumawur dina tungtung imut

Heemh..........!
Tirta asih wening asih dalingding angin kasmaran
Ngaprak rasa ngamuara mubul muru langit paul
Deudeuh geugeut dina teuteup ngeunteungan kalangkang rasa
Sari manis kempot pipi katambias kasarung na tungtung imut
Angin pasir ngadalingding nyulusup nyumputna rambut
Samar polah geter rasa pamolah teu puguh rampa

Ngukir jangji di sisi leuwi,udagan duaan ngagenclang hérang
Kedaling rasa kasmaran, palias moal pukah katarajang gogoda.

Tasik, 28 April 2013.

NGAWINCIK DIRI DINA DIRI

Nyungsi simpé dina réhé,nu kapireng jempling peuting matak ketir
Gaang réang mulas melis sorana campur citangis kapeurih
Satungkebing langit diri,horéng meredong ceudeum jeung poék
Mangka diri leukeun anteng mukaan lambaran panineungan
Nu katimu dina diri geuning ukur tempat nguyung humarurung

Langit gumati ngaleungit,ilang ngiles tina méga nu satia
Raga patulayah pasiksak ditarajang alas mangsa pajaratan
Kantun tafakur ngukur kuburan mangsa umur amit mungkur

Rék tepi kairaha urang leukeun mukaaan lambaran bacaeun
Sedeng titik datangna sabada koma
Wujud tangtung dina tanda tanya,dipungkas ku abjad anu pamungkas
Kantun diri ngageuri ka Gusti,sangkan teu nyasab mangsa dihisab
Jleg ....diri geura mulang ka diri,tumanya ka diri sorangan
Ari urang nu timana,jeung mulang arék kamana...? Mangka iatna...!

Tasik, 29 April 2013.

MOJANG KIDUL TI PAKIDULAN

Enung......satemena antara urang jeung urang aya lalakon anu sarua.
Salira ngaprak milari asih,ieu diri sami nyungsi milari asih
Ringkang urang jeung kahayang urang geus sarua papada sawirahma ?
Kantun lagu jeung rumpaka, urang haleuangkeun babarengan ku duaan......

Tapi....? masing emut geulis.....! Memeh prak metik kacapi ati
Antara urang jeung urang masih aya haleuang nu masih sumbang......
Aya bacaeun aya lenyepaneun,aya titenaneun,jeung aya imeutaneun
Maksadna......?
Sangkan lalakon dina ngalalakon ,lalakon urang teu loba teuing bohongna

Masing emut geulis.....Asih lir ibarat cupu manik
Najan nyumput dinu buni mun geus pasti milik diri
Angger bakal jadi kapimilik.....Mugia LASTARI.....!

Tasik,30 April 2013.

Selasa, 19 Februari 2013

SIDÉNGDANG DI LEUWI ASRI

Dina rasa téh aya duriat nu ngampar minuhan jagat
Dina batin téh aya nu ceurik balilihan, mula melis milu lumengis
Lengeun ranggah ngulayaban néangan geusan pamuntangan
Cuang cieung kokotéténgan ngoréhan akar akar kanyaah

Kumarembing mipir mipir gawir wanci, nyungsi asih nu hakiki
Ti Bihari ka kiwari ngulayaban kumambang anjang anjangan
Raga rasa cumarita guntreng guneman sorangan
Ukur tumanya........

Nu Datang ukur ngoconan lindeuk miyuni manuk japati
Lir ngudag hiji kalangkang dirucu anggur kalah ngajauhan
Geus gilig jangji ka diri,moal kataji kunu can pasti
Geus niat moal rék kabéngbat kunu ngolébat saliwat
Bongan diri inggis risi disebitan ku kapeurih ku kanyeri
Mending sidéngdang dina ayunan sorangan,bari neuteup éndahna lamunan

Mending nganti di leuwi Kinanti, nganti surti widadari turun ti langit asri

( * Tepis wiring Kota Tasik, Pebruari 2013 *)
LEUNGITEUN

Kagandrung numpuk sa Gunung....
Juuh asih meungkeut deudeuh pereket pageuh migeugeut
Ngalayang haté ngoléang nu dianti henteu surti ngereles tina teuteupan

Unggal poé,haté lumenyap midangdam....mitineung
Unggal mangsa haté nalangsa capé ngupahan polah sorangan
Antri ngantri dina surti cangkeul ngadago nu pamit indit
Nu miang lebeng taya béjana.........ku harianeun...!

Lilir usik dina ngulisik,diriung dina lamunan polah sorangan
Manusa lir polah wayang ngajuringkang dina lampahna diri sorangan
Tinggal diri anu kudu surti migusti kanu sahiji,rék dibawa kamana ieu lampah ?
Kapan takdir sadayana anging pangérsa mantena..........
Subhanalloh...Mugia urang sadaya teu ilang Iman......!!

Amiin...............
DI GEDUNG JUANG AYA HALEUANG
Keur : Jajang Rahmat

Aya haleung tembang di Gedung Juang sorana angin anginan
Kutingtrim..... gelik suling ngageuri ati noélan mamaras rasa
Nyanding dangding dina hariring dipaut ku sora kacapi suling
Sora salira murak rumpaka sapada dina tetelar kawaas
Anteb leleb , rus ras emut ka panutan ati nu geus leungit

Lagu téh wujudna jatining batin,nyuat rasa nineung kanu geus mulang
Bruh bréh lalakon mangsa nyoréang alam katukang ébréh atra narémbongan
Tineung lagu rasa sunda nyampak tumerap dina rasa raga salira
Jerit suling ceurik ati ngageuri di lebah Tasik....ku waas...Nya ?

Mun harita wasa nyarita,hayang salilana babarengan dina tembang
Rék nitip asih dina hariring,malar lana murak duriat nu hamo laas
Tapi waktu kudu nungtung,dipungkas ku nutup Panggung
Jentréng kacapi geus indit pamit, balabuh muru ka Garut
Jemplang Karang dina tembang mungkas lalakon adegan
Sunda midang mangka langgeng digjaya di Tanah sarakan sorangan
Mugiaa.........!!

( * Kakarén Manggung di Tasik dina kaping 3 Pebruari 2013 * )
KAMELANG KA SARAKAN

Ngangkleung nganteurkeun katineung ka Tanah Sarakan
Angin Gunung ngahiliwir ngusapan batin buligir
Wanci burit.......Langit burit dipapaés geleberna kalong ngaringkang
Sora barudak réang récét di Tajug leutik patarik tarik dina ucap pupujian

Waas....kawaas teu laas laas..... sono solat Magrib babarengan di Tajug leutik
Nganti datang mangsana isya,barudak reang ngaderes ngaréjah maraca Qur,an
Ku wening ku tingtrim.......!
Barudak aranteng teu kungsi kagoda ku Flm dina Sinétron
Maranéhna boga hanca...hayang cacap tamat hatam maca Qur,an

Deudeuh....kamelang teu ilang ilang....angin Lembur lilimbungan
Risi Lembur kalindih ku haseup dayeuh nu kotor cakeutreuk hideung
Palias.......Palias..........! Jati kasilih ku Junti

* GN. Bubut, Januari 2013 *
ANGGIT LUGINA

Dicatet ku pananggalan,tinulis na titi mangsa
Tilu Pebruari nitih wanci,dua réwu tilu welas ninggang Mangsa
Muka lambaran lalakon anyar,nyorang hirup Rumah Tangga
Geus paheut ngeuyeuk kadeudeuh,tigin jangji dina laki rabi
Rék nyungsi jaladri asih,ngawelah parahu kahirupan

Du,a Bapa mapay jagat nurih langit asih Gusti
Masing bagja hirup tingtrim,ngampar dina barokahna Pangéran
Run turun jati Rahayu sumawur na réstu Indung
Ngetring jatining hariring,tumut kana pidawuhna Rossull
Mugia raket geugeut pageuh,pengkuh dina aturan Pangéran
Braall...miang dina kabagjaan mugia tinemu Bagja Dunya rawuh ahératna
Amiin...yaa Robball allamin..............
Anggit Lugina Sosani,Ciptaan Alloh anu utama dina kautamaan kasugemaan

*Tepis wiring Gn Malati, Congo Januari 2013 *
DINA TETELAR KAWAAS

Panutan..... mun seug salira dina poé ieu masih jumeneng

Tilu Pebruari dua réwu tilu welas ayeuna
Yuswa salira panceg jejeg milangkala nincak anu ka lima puluh Tauna

Tapi teu kitu.....lalakon tinggal lalakon,kapan pati mah kagungan Gusti

Dina rébuan kalangkang nu kokolébatan jeung dina juuhna cipanon kasono
Ringkang salira katawis ayeuna aya nyérangkeun ti kalanggengan
Milu nyakséni si Bungsu nu Jatukrami dina tilu Pebruari

Keur ANGGIT Jeung RANU...........

Wilujeng Anaking......nu anyar dirapalan
Du,a Bapa jeung Mamah ngajaul mubul ka alak paul
Ngaprak mega mapay mapay jagat jumajap salira duaan dina Rumah Tangga
Mugia aranjeun jeung saturunan tinemu bagja dunya jeung Ahératna
Amin.......


*Panitih Wanci Keur Anggit & Ranu *
NGAWINCIK NGAJI DIRI

Ngawincik jirimna peuting,geuning aya dangding marengan hiliwirna angin
Rekét panto lawang ucap hanjakal sok luncat tina ilat
Ngagerendeng dikir jeung takbir,tapi pikir rumasa teu jadi mikir
Léngkah ngaléngkah hayang dinu lempeng,tapi haté tara daék milu lempeng
Naon atuh udagan hirup ?
Sawarga nu dipingcangcam.....lampah jeung paripolah didoliman ku sorangan

Hirup katungkul ku pati,antri dina takdir panggerona Gusti
Sajeujeuh maju kahareup,rénghap ngorotan ngurangan
Adeg adeg pecat sawed,panon poé laju ngulon
Umur surup na waktuna, mangsa rupek ngaheureutan
Nungtung umur dina tungtung ngadago panggero Mantena
Panto Sawarga baris ngagebray muka ngadago jalma nu Takwa
Mugia.........

* Tasik, Puhu Pebruari 2013 *
NGARINGKANG DINA KAHAYANG

Aya wirahma léngkah nu teuneung nyingraykeun halimun Gunung
Di lebah Tanjakan muru ka Kawali diri ngawincik lilirna pikir
Ngagerendeng ucap nu ngagerentes dina pangucap runtuyan Du,a
Cipanon muruluk juuh butuh ku pangampura Mantenna
Lumengis....citangis mulas melis rumasa diri tuna jeung laip

Sawangan dina lolongkrang kaca teuteupan sakiceup ngiceupan narémbongan
Rebuan kalangkang ngajuringkang ngadeukeutan ngarangkulan
Dina tanjakan, rénghap ngahelas ngarénghap ngurutan dada
Béak tanjakan angin tiris maca diri museurkeun pasir pasini

Sakolébatan nu disawang pasti bakal datang nepungan ngajakan balik
Pati jeung pasti ngabaris dina jangjina Gusti.......
Pangreureuhan pajaratan kiwari keur ngadagoan kalangkang ringkang
Wening cimata ceurik batin balilihan miharep asihna Gusti
Jumerit diri sakulawarga miharep pangampura Mantena
Saruntuyan,saturunan Abdi, Yaa Alloh Mugia janten ahli Sawarga

Amin.........

( * Kota Resik, 11 Pebruari 2013 *
ASIH NYANDING DINA WANCI JANARI

Ngaringkang dina jalan miang,léngkah karep muru sajatining asih nu wening
Séwu mamanis nu geulis, datang nganjang muru lindukna rangkulan
Marahmay imutna,sorot soca ranclik rag-rag dina ati
Ngentring tingtrim hariringna halimpu dina réstuna indung

Sidéngdang duaan di pasir asih,angin katresna ngageberan ngalédotan
Dina angen kakangen mulek ngusapan pinuh kadeudeuh
Simpé réhé kedal lisan,galécok tonggoy ngangon kasono duaan

Ku tingtrim sapeupeuting guneman dina rangkulan teuteup
Ngararasakeun tiisna angin janari, nu surti dina birahi
Asih nyanding dina jatukrami,saresmi dina pasini
Nu pogot nyokrok ka sono,tonggoy poho kana lalakon peuting
Niir Asih wanci janari kapegat ku balébat datang

Sora hayam kongkorongok ngélingan ngajakan lilir
Eemhh.....nu sono nguliat lésot tina tangkeupan
Ngaléngkah lungsé rampohpoy,teu nangan muru tampian....

Tasik,5 Pebruaru 2013 *
* Dicutat tina kumpulan sajak sajak Pribadi, nu ditulis dina taun 1983.*

BULAN NGANJANG KA BUNGBULANG

Bulan ngangkleung balayar di langit Bungbulang
Béntang nenggang ngiceupan milu maturan
Saruntuyan imut sumawur nyumput dina satukangeun méga
Linduh teuteup gahar sora ngadangding miyuni dangding kinanti

Ku anteb ........!
Kawih Asri hariringna ngentringan langit langit bihari
Mudun lenyap salenyap milesat dina jamparing asih
Niir asih nyulam héman tumapel ngan ukur dina implengan

Widadari turun langit.......ngalayang lebah Bungbulang.
Nanggeuy deudeuh mawa kanyaah dibungkus ku susuganan
Ngabedega ajeg tangtung nangtung dina kaca lalamunan
Eemhh......kuharianeun........!!

* Tepis wiring Tasik, 7 Peb 2013 *

KALANGKANG BÉNTANG DI SUMEDANG

Aya Béntang nu nenggang di langit Sumedang ngiceupan
Ku kuring anteng digupayan diajak padeukeut dina teuteup
Manéhna turun ninggalkeun langit jeung panglayarna
Tuluy nyuuh nyumput disatukangeun ieu punduk
Nyéh imut.....imut surti nyungging langit nurih asih sawiati

Ku tingtrim angin peuting anteng lana ngusapan dina kasatiaan
Ketug jajantung meureut getih asih nu mapayan urat urat duriat
Ngagulidag tirta tresna ngagalura datangna umpal umpalan
Awor sora dina pésta rasa, pasini meulit hamo arék pukah deui

Béntang Nenggang kiwari ngancik dina diri
Mojang midang béntang Sumedang mapaésan taman kahéman
Kedal lisan dina ucap, saéstu tetep arék satuhu mituhu
Pageuh deudeuh mangka maneuh lana bumetah dina kanyaah
Réhé simpé haté salsé antaré maskét ka lebah Cipélés

( Tina kumpulan sajak Panineungan Pribadi, 1980 )