Senin, 28 Januari 2013

JUMERIT ATI

Ngawincik diri ngaderes kulisikna ati, macaan lambaran dina léngkahna paripolah
Sakapeung sok seunggah nyorang poé dina beurang , sok inggis risi manggihan jirimna peuting
Sidem sirep dina lamunan kalangkang kalangkang dosa ébréh kabeh némbongan

Yaa Alloh.......
Dina catetatan dina tutulisan, kabéh keretas warnana rumeuk jeung pias
Aya nu warna belang totol totol sakapeung hideung jeung peteng miyuni hayam camani
Gusti...rugi kacida ieu hirup diri abdi di dunya.....
Taya beurang taya peuting hiasan hirup dina kahirupan abdi mung ukur pigura dosa

Robbana Alloh Yaa Robbana,Dollamna angfushana
Waillam taghfirlana watarhamna. lanna kuunana minal khosirin
Yaa Alloh pangeran abdi,abdi dolim kadiri abdi
Pami Gusti teu ngahapunten ka diri abdi ,tangtos abdi janten jalmi anu rugi

Subhanalloh....abdi terang,jalan nu lempeng pasti bakal lempeng mun abdina hirupna lempeng
Jalan anu salah,pasti salah lamun abdina salawasna kokojayan migawe salah
Mugi Gusti salawasna ngaping ngajaring ngariksa towéksa kadiri abdi sakulawarga
Paparin abdi abdi sayada Yaa Alloh....pituduh geusan nincak jalan anu dipikarido ku salira
Amin...Yaa Robal alamin
LENYEPANEUN :

KALANGKANG teh RINGKANGNA tina RIGIG diri urang.mun diri urang salah NGARINGKANG,JUNGKRANG kahariwang bakal NAREPUNGAN.

UMUR laju TUNGGANG GUNUNG,dituguran ku KUBURAN, Sing bisa miara UMUR,
sabab UMUR keur Antri dina Patina GUSTI

Sakali percaya ka DUKUN opat Puluh poe MOAL ditarima ibadah Solatna.
-Lamun hirup hayang tinemu jeung Bagja,ulah ngajauhan parentahna Pangeran.



LENYEPANEUN :

1. " Ciri jelema anu paeh hate, nya eta jelema anu geus teu wawuheun jeung teu daekeun migawe SOLAT,Sedengkeun Ciri jelema anu geus PAEH PIKIR, nya eta jelema anu keur migawe SARE

2.Tong kumawani ngadeukeutan jelema anu keur BEDEGONG,Sabab jeleman anu keur BEDEGONG hirupna pasti osok NYALUTAK.

3.Sing Rajin miara SILATURAHMI,sabab jelema anu bisa miara SILATURAHMI,hartina Jelema anu geus bisa mukakeun lawang REJEKI.



LENYEPANEUN SAMEMEH GAWE:

" JALMA anu sok ngulik elmu pangaweruh UMUM,bari teu dibarengan ku dadasar elmu pangaweruh AGAMA anu kuat, maka eta jalma dina ngagunakeun ELMUNA,bakal mindeng ngalaman hirup KALANGSU jeung NGALANGSUKEUN batur

Sabalikna pikeun JALMA anu ngan saukur ngulik elmu AGAMA wungkul bari teu dibarengan ku ngulik Elmu pangaweruh UMUM,maka eta jalma dina hirupna bakal ngalaman jadi jalma BODO jeung DIBOBODO ku BATUR

( NASOS TASIK )
 
PANINEUNGAN DINA TINEUNG

Naker léngkah waktu hirup di lembur, salenyap ngaprak tanjakan
Ibun isuk napuk bitis,lumengis dina cireumis
Waas....anteng murak panineungan, kakelar mangsa keur Budak Unggal poé urang leumpang, anteng mapayan kahayang

Miang muru ka sakola tanjakan Udip diberik
Suku dibungkus ku kulit teu wanoh jeung sendal capit
Mun mangsa girimis nyanding urang kikicpritan dina girimis
Datang lapar teu bisa jajan da teu kungsi dilatih ku duit
Kuru cileuh kentel peujit, hirup miara prihatin

Tanjakan jalan satapak nu raca kiwari tinggal waasna
Mata poé lingsir ngulon, umur urang keur ngarangrangan ngolotan

Panineungan dina tineung du,a indung jeung Bapa tinekanan
Waluya dina pangdu,a tilu sadulur tinemu Bagja .........
Lagu tineung dina liwung tinggal sukurana ka Pangeran

Metik asih Rido Gusti saturunan mugia tinemu Bagja
Hirup waras hurip Gusti raket layeut dina ridona pangéran....Amin

Katineung : keur Si Panengah jeung Si Bungsu
Dede Sumia @Euis R Aen
KANYAAH NU PUPULASAN

Ngarandeg sabada leumpang dina péngkolan jalan anu ngolécér
Nu kateuteup beungeut lembur kapidangdung dina liwung
Teu kaampeuh cimata beueus nganteur lamunan dina panineungan
Baheula jaman hirup di lembur,lembur singkur kungsi dihuru di duruk
Deudeuh.....Rahayatna paburisat lumpatna bari ngocéak

Kiwari...........?
Nagri Kuring Lemah Cai kuring cikerih loba ngageuri
Haté Rahayatna béak ruksak disasaak ku Pajabat nu teu haat
Duit Nagri ludes ngiles lus les loba tingkereles
Digerejud dirarud kunu bedegul.......nepi ka beak purutul
Deudeuh..........
Rahayat guyang cimata,Bangsat Nagarana susurakan arulin ka luar Nagara

Longkéwang maju ka jungkrang.......
Dina ceuli Rahayat kiwari loba sora anu ngoncrang pinuh ku pangoloan
Loba nu datang narepungan asruk-asrukan daratang muru ka lembur
Harayang jadi pajabat.......Cenah....!!
Saroméah umat imut daréhdéh siga nu enya haraat...ka Rahayatna
Mun geus jeneng...? Imut ngiles nu rék haat pungkasna leungit ngereles......
SAULAS SAUCAP KECAP :

"BASA teh ciciren BANGSA,leungit BASANA tinangtu leungit BANGSANA.

Cirina-Cirina urang SUNDA teh ngan aya dua Rupa,nya eta NGIMPI jeung NGALAMUNA urang SUNDA mah pasti bakal ku BASA SUNDA.



MUMULUK ISUK ISUK :

" Asih teh paparin Gusti anu salawasna kudu dipupusti.Lamun bisa miarana tinangtu bagja ti pangeran bakal tetep datang marengan.

" Deudeuh jeung Geugeut teh mangrupa sabagian kanyaah anu datangna tinu Maha Kawasa.Lamun bisa narimakeunana,hartina eta jalma geus bisa milampah rasa sukurna ka Pangeran.
Mugia..........! Amin.

( Tina buah lamunan NASOS Tsm )



LENYEPANEUN ;

" Tangtungan wujud hate hiji lalaki moal bisa jumawa.Mun seug maranehna kungsi ngalaman dipang MAOTKEUN ku Bojona anu kacida dipikacintana.Kuring yakin eta wujud hate si Lalaki bakal ngalaman koropos rangu, lir salambar keretas anu dibeuleum,tur ruhakna bakal jadi silalatu,ngapung ngalantung mubul,ngalayang rag-rag dina gundukan cipanonna nu juuh beueus jeung baseuh maseuhan kaketir dirina,komo deui bari jeung Maotna ninggalan anak mah, asana bakal leuwih ngahelas jeung nalangsa,sabab anak bakal leuwih ranggah barutuheun ku pamuntangan anu utama. Tarekahna lamun aya anu ngalaman kajadian samodel kitu, omat salawasna urang kudu leuwih ngadeukeutkeun diri kanu Maha Suci. Mugia .........."

( Tina Catetan lalakon Hirup Pribadi nu nulis ( NASOS )
Hapunten upami henteu sami sareng pangalaman jeung pangakuan anu maos ieu tulisan.
 
LENYEPANEUN :

" Masing iatna dina NGARINGKANG,sabab RINGKANG mangrupa kalangkang tina LEUMPANGNA diri urang sorangan "

" Sing Rajin MACAAN DIRI SORANGAN,sabab dina DIRI URANG SORANGAN ,aya BACAEUN TINA LAMPAH NU GEUS DISORANG "



LENYEPANEUN :

" Hiji Pamajikan moal daekeun barang penta kanu jadi salakina, lamun si salakina leuwih tiheula surti kana kahayang anu jadi pamajikanana "

" Tong sok kumawani pasea jeung pamajikan,sabab dina meunangna oge pasea jeung pamajikan mah,moal matak dipuji kunu jadi MITOHA "



SASIEUREUN SABEUNYEUREUN :

" Pang alus alusna pagawean hiji jalma, nya eta pagawean hiji jalma anu dina mangsana nutup tungtung tauna ku cara sukuran ka Pangeran,sarta niat ngomean lampah salah dina Taun anu rek di sorangna.

Tapi panggoreng gorengna pagawean hiji jalma,nya eta lamun eta jalma teh geus wani nutup jeung ngabageakeun taun anyarna ku migawe hiji pagwean anu nurutan lampah jeung paripolahna setan.

* Panceg mangsa ganti taun lain kudu ngadurkan pepetasan jeung susurakan,tapi leuwih hade migawe pagawean ku cara ngalobakeun solat solat pasunatan jeung ngadu,a ka Pangerana *

( Uar Pangajak NASOS ti Kota TASIK )
 
PIWURUK ........ :

Keur anu jadi Salaki : " Mun aranjeun nyaah kanu jadi INDUNG.Geura Prak pikanyaah anu jadi Pamajikan anjeun,saperti nyaahna anjeun kanu jadi Indung Anjeun sorangan."

Keur anu Jadi Pamajikan : " Mun Aranjeun nyaah kanu jadi BAPA.Geura Prak pikanyaah SALAKI Anjeun,saperti anjeun mikanyaahna kanu jadi BAPA anjeun sorangan,asal duaanana aranjeun miharep ridona Pangeran."

" Lamun aranjeun duaan harayang bagja dina Rumah Tangga.Prak Geura turutan RUMAH TANGGANA Rosull " Amin........

( Mugia Tinekanan....NASOS TASIK )
HASEUP ROKO

Ngelun mulek dina tungtung teuteup
Haseup racun napuk dina tungtung imutna
Palias bodasna ieu rasa rék dipulas ku bodasna haseup Roko
Kasono moho bingbrit indit diusir ti biwir asbak

Sugan téh moal rék salilana bumetah dina ngebulna Roko
Wujud gaul dirina diukur ku tungtung kuntung
Seuri nu nyari bet ngiles dicampur ku mulekna haseup Roko
Bako roko geus nyoco ngusir kasono nu ponyo moho

Satemena haté leutik manéhna teu hayang misobat roko
Tapi rasa nikotin geus buméla ningtrimkeun eusi batina
Rasa bako tumapel na biwir ipis,geuneuk hideung mulas haté nu keur peteng
DURIAT DINA TIBELAT
* Sajak panineungan keur Kang : UYUH YUHARNO *

Reueuk hideung ceudeum aleum,langit diri alum nguyung
Pras pris hujan na citangis,cipruk baseuh maseuhan batin nu kingkin
Abong dunya lain milik nu sorangan,lalakon hirup bogana séwang séwangan
Dunya mindeng pasalia guneman teu akur reujeung kahayangna rasa

Memang sesah.....sanajan hirup papada sarua handapeun langitna Gusti
Haté tetep kudu sapuk nurut kana katangtuan
Pasrah sumerah dina ka kihlasan léah dina amparana sobar

Lalakon kantun lalakon..... nasib diri aya dina guratana takdir Gusti
Sanajan lahir ngahiji,can tangtu raket pasini.....
Memang sesah........memang sesah.......!
Subaya dina sulaya,nyeunyeuitan ngagerihan,haté peurih lir disebit
Naon sesahna mun manéhna balaka ti anggalna.....?
Meureun ieu haté moal tuluy nguyung nyanyautan
Gudawang dina longkéwang Kingkin pikir dina ceurik Batin.......

( Tina kumpulan sajak – sajak Pribadi,nu di tulis dina taun 1980 )
TUNGTUNG TAUN DINA TANGTUNG

Ngalantung katungtung Taun,maca lampah dina Tapak
Satumpuk catetan hirup patumpuk tumpuk dina sataun
Bruh bréh kalangkang kalangkangna ringkang,raca dina titincakan
Aya warna dina wanda dipulas ku pumulas lampah sorangan

Horéng hirup lir dina sinéntron loba ngalong dina bohong
Seuri dicampur ku ceurik cipruk dina cipanon lalakon
Bongan rasa bongan raga nganjang lain dina mangsa
Loba kecap loba ucap misobat ku salah ucap..........

Ngalong ka lawang sakéténg maca waruga dina sawangan
Catetan dina sataun horéng loba pupusaneun
Ngaringkang mapayan léngkah,nyorang mangsa nu rék datang
Sing pinter ngukur ka kujur saméméh diri dikubur........
MACA POLAH DINA PARIPOLAH

Ngampar tineung nyawang ringkang macaan lalakon hirup
Anteng naliti jirimna diri nu laip pinuh ku rurujit sirik pidik
Lambaran dina keretas kabéh loba totol totol hideung
Ganti taun tutup taun nu katimu ngaberung ngagemuk napsu

Hirup darma wawayangan ngawayang na papanggungan
Dalang jeung wayang teu anggang lir kalangkang jeung ringkangna
Horéng usik jeung ngulisikna sadaya anging pangersa Mantena
Mun salah ngasuh waruga jurang jungkrang ngadagoan
Paliaass.........

Mitembeyan awal taun urang pulas ku warna bodas
Nyacas ngeplak bodas rasa mapag ridona pangéran
Keprikeun rerereg diri ,sulit Ati geura usir
Piara nyaah jeung deudeuh héman kapapada jalma
Nyerep wening asih Gusti,sawarga katingtriman ayana na raga urang
Amin.......Mugia.........!!
LEMBUR SINGKUR UKUR CATUR

Hujan poyang manjing asar,ngaprak wahangan di pilemburan
Ngukur lebak Cicanukur,kebat nanjak muru sawah bojong Bungur
Katumbiri nutug leuwi melengkung lebah pudunan
Barudak mijah ulin cai suka seuri gumbira ngojay di leuwi

Cacap tamat ulin cai,nguriling mapayan galengan sawah
Waaas.........!!
Urek purek pungsat bahan ngintip belut nu camberut
Nineung ku hawara angin lembur leumpang bari niir belut
Belut nyantok kana eupan panon poé surup mantén

Bingbrit balik muru dapur,belut di bubuy di duruk
Belut morongkol di beuleum ,digayem campur jeung lebu
Nineung....tineung ka angin Gunung , Ka kelar nyangsang di galengan sawah.
Sawah kiwari geus salin rupa,jadi Imah jadi Pabrik

Endah lembur ukur catur,kawaas ngan ukur dina carita....
Pangbalikan geus ilang dangiang,kawaas ngan ukur dina sawangan

* Katineung keur :
( * H. Dadang Okta skwg, jeung dulur2 anu asalna salembur )
KAMELANG KA SARAKAN

Ngangkleung nganteurkeun katineung ka Tanah Sarakan
Angin Gunung ngahiliwir ngusapan batin buligir
Wanci burit.......Langit burit dipapaés geleberna kalong ngaringkang
Sora barudak réang récét di Tajug leutik patarik tarik dina ucap pupujian

Waas....kawaas teu laas laas..... sono solat Magrib babarengan di Tajug leutik
Nganti datang mangsana isya,barudak reang ngaderes ngaréjah maraca Qur,an
Ku wening ku tingtrim.......!
Barudak aranteng teu kungsi kagoda ku Flm dina Sinétron
Maranéhna boga hanca...hayang cacap tamat hatam maca Qur,an

Deudeuh....kamelang teu ilang ilang....angin Lembur lilimbungan
Risi Lembur kalindih ku haseup dayeuh nu kotor cakeutreuk hideung
Palias.......Palias..........! Jati kasilih ku Junti

* GN. Bubut, Januari 2013 *

TIBELAT



Sakorépat haté lumpat rurusuhan muru beungeut lembur
Tanggah nanjak ngarénghap dina tanjakan Cicadas
Gupay rasa kakelar muru Ka Gunung Bubut
Juuh asih muru pangampura Indung......

Kantun kawaas ngukusut pikir keur gandrung
Beungeut indung kiwari nyérangkeun ti Alam kubur......

*Tepis wiring Lembur kuring Congo Januari 2013 *

PADUSUNAN


Ngulampreng nganjang ka palebah Gunung Bubut
Haréwos angin lembur noélan acining batin....
Kakangen rasa ngulampreng ngahelaran raga
Batin ngait ngageuri nyantél kaLembur
Kingkilaban Pilemburan gugupay ngajakan mulang
Sedeng diri nyanding pikir di pangumbaraan
Duka tepi ka iraha raga sidéngdang niiskeun pikir di lembur batur

Can kapikir............!!

SALÉNGKAH DINA NGALÉNGKAH


Asa cikénéh ulin cai hujujanan di lebah lembur
Waktu muter nguruilingkeun lalakon muterkeun jaman
Ti Mangsa ka mangsa di deupaan dijeungkalan disorang ku sorangan

Asa cikénéh....ngalalakon jadi budak ogo lumah laméh kanu jadi indung
Diusapan,dihuapan,dipihéman dina lahunan nu jadi indung
Waktu muter nguruiling muterkeun umur.....
Sakorépat mangsa ngejat ngaliwat ninggalkeun mangsa
Mangsa keur budak ngalangkang dina ka kawaas

Tanggah ka waktu horéng umur geus manjing ka tunggang Gunung

SAJAK RASA

Sajak rasa tinulis na wanci peuting
Manjing lilir sangkan peutingna kabawa ngimpi
Wilujeng wengi jungjunan.....

Sagurat duriat nyanggakeun kanggo salira
Mugi kasurti ku ati muga kabaca ku rasa
Kedah ditampi ulah ditampik.....
Bongan ditampik sok jadi nyeri.....!

MOJANG BEKASI



Ngaprak leumpang duaan di lebah Cihampelas
Kawaas nyacas ngagenyas.....
Suka seuri sawiati saati dalit ngahiji
Lir Déwi Pohaci...lumungsur turun ti Bekasi
Geuning kiwari bet jadi bari....?
Bongan angin sumilir sok tara lana,
Boa geus aya deui nu miboga nya ?


Piraku.....rék luas téga nyieun céda.........!

NGEUNTEUNG



Ngabedega nangtung hareupeun eunteung
Umat imut,sura seuri nyeungseurikeun diri
Geuning teu nyari....!
Dina diri loba daki kekebul paripolahna diri

WARUGA RAGA NU REGAS

Sajak : Nanang Sos.


Kalangkang tukangeun méga ngalungsar dina waruga Raga
Ngungun alum anu nguyung cumarita dina sora haténa sorangan
Na dimana atuh ari Cinta.....? Di sungsi henteu kapanggih
Di téang henteu kadongkang,di papay henteu kasorang......

Ngaprak mapayan sorangeun,nguriling néangan jalan
Sora kalbu ketug jantung rampohpoy kokoloyongan
Pajar tangtungan digjaya boga haté nu kuat teuas lir cadas
Buktina.......?
Kiwari tangtungan dirina koropos regas lir tangkal nu anyar peunggas

Mutiara mustika rasa nganteng dina jagat nu béda rasa
Batin ngait dina pikir umanjang ka harepan sorangan
Nu ngantun imut panungtung santun dina kiceup anu panungtungan
Raray midang na imut marahmay kedal ucap dina pileuleuyan
Wilujeng angkat jungjunan nu tega ngantun nu nguyung
Muga lana murak bagja dina bungkusan kabagjaan anjeun sorangan

* Tasik, 24 Januari 2013 )

WARNA BIRU WARNA KAMEUMEUT

Sajak : Nanang Sos.

Biru téh warna kameumeut,pulas rasa gambaran kasatiaan
Biru téh warna kadeudeuh linduk teuteup sorot rasa wening asih
Biru téh warna kaabdian,tulis batin gambaran rasa kahéman
Biru téh warna kadeudeuh,anteng halon antaré salsé na haté

Biru langit, biru laut kalangkang gambaran kanyaah
Biru langit,biru laut satuhu raket miestu
Biru langit,biru laut saati dalit ngahiji
Biru langit,biru laut satia geugeut mihéman

Asih téh jaladri ati,gambaran galurana katresna
Héman bakal tumetep dina layeutna,asal wiati tumetep puguh eunteupna
Kanyaah bakal ngarandakah sirungan akaran asal satuhu lir warna biru

Tasik, Congo Januari 2013

KASIMPÉ MÉPÉNDÉ HATÉ

Sajak : Nanang Sos

Aya hariring nu sumanding dina jemplingna peuting
Duka soantena saha nu datang nepungan dina manjingna tingtrim
Ku salsé.........
Ngentring asih dina hariring sawirahma dina gending
Gahar sora dina rasa ngulayaban mapayan hambalan duriat
Antaré.........

Lagu teh nyamuni kalbu,maut asih tina getering dasarna ati
Halon anteng ngalagena dina dangding dangdingna pikir
Duka rék tepi ka iraha diri nyangsaya dina ayunan ieu lamunan
Unggal wanci dipépéndé ku kasimpé,anteng dikeukeupan harepan

Heemh....kakangen niruk lamunan malibir ka biwir langit
Teu puguh udageunana.........!

Selasa, 22 Januari 2013

TAPAKUR DEUKEUT KUBURAN

Sajak : Nanang Sos.
Keur : Nani Sopiantini ( Almrh )

Panutan.....kembang samoja masih ligar ngarandakah rarenung imut
Linduh liuh teuteup salira anteb leleb dina beueusna cipanon kuring
Diri datang sumolondo ngeprukeun kasono nepungan ka pajaratan
Saruntuyan du,a jumajap parat kebat nepangan salira
Nyanggakeun......mugia salira aya dina tingtrimna angin sawarga
Amiinn..........

Satemena ieu haté masih kumambang ngalayang ngambang
Jumerit haté ngajerit murilit ngait ka salira anu nilar
Rumasa diri rumasa,waktos salira nilar teu kantos nungkulan
Tapi diri yakin salira angkat bari rébo ku bebekelan amal kasaéan

Panutan......Geuning patebih téh cikerih peurih
Haté mulas melis cuang cieung hirup jadi nyorangan
Nalangsa diri nalangsa dunya rupek taya geusan pamuntangan

Panutan......
Dua puluh dalapan taun urang nikreuh lalayaran dina rimbitan
Sumanget hirup ngagedur hurung nya salira kapan pangjurungna
Jirim diri wujud raga salira kiwari tinggal waasna
Tutunggul luhur kuburan sumawur imut dina iuhna tangkal bungur
Mangka lana dina kaabdian asihna Gusti....panutan.....
Mangka langgeng dina kahémana nu Maha heman
Amin.....

LEUNGITEUN

Sajak : Nanang Sos

Kagandrung numpuk sa Gunung....
Juuh asih meungkeut deudeuh pereket pageuh migeugeut
Ngalayang haté ngoléang nu dianti henteu surti ngereles tina teuteupan

Unggal poé,haté lumenyap midangdam....mitineung
Unggal mangsa haté nalangsa capé ngupahan polah sorangan
Antri ngantri dina surti cangkeul ngadago nu pamit indit
Nu miang lebeng taya béjana.........ku harianeun...!

Lilir usik dina ngulisik,diriung dina lamunan polah sorangan
Manusa lir polah wayang ngajuringkang dina lampahna diri sorangan
Tinggal diri anu kudu surti migusti kanu sahiji,rék dibawa kamana ieu lampah ?
Kapan takdir sadayana anging pangérsa mantena..........
Subhanalloh...Mugia urang sadaya teu ilang Iman......!!

Amiin...............

BILALL

Sajak : Nanang Sos.


Juuh getih rénghap napas dina renghap katakwaan
Késang panas nu nyurulung dina mentrangna sorot mata poé
Dina padang ruhak nu hurung tutung Bilall nanjung henteu pundung
Iman panceg keukeuh pageuh teuas kuat henteu robah

Ahad....Ahad.....Ahad......sora béntés bari bedas dina ucap ilat Bilall
Tikoro garing dina tanah angar, keur Bilal lain hahalang
Ahad....Ahad.....Ahad.... sora béntés bari bedas dina ucap ilat Bilall
Amarah Jahiliyyah najan rongkah .moal bisa ngarobah pamadegan jalma nu Iman
Bilal panceg dina gurat kayakinan katakwaan.....

Ahad.....Ahad....Ahad, tiap rénghap dina rénghap minuhan dadana Bilall
Ahad...Ahad....Ahad....Asma Alloh nu Agung Maha linuhung

Minggu, 13 Januari 2013

TALATAH


Sajak : Nanang Sos

Umanjang nganjang ka pipir pasir nu dijajap ku angin nu niupan pikir
Laju léngkah na lumaku dideres dina ketakna léngkah rusiah diri sorangan
Aya nu natrat dina catetan nu dikotrét dina tutulisan lampah sorangan
Aya tutulisan dina lalakon nu dibarengan ku kabohongan
Sagurat kecap ébréh béntés ka catet dina sadami rasa ka ketir
Horéng hirup satemena loba kénéh seuri batan ceurik
Rumasa diri rumasa saeutik pisan rasa sukurna

Lambaran keretas anu kabuka loba nu surem jeung maleukmeuk teu kabaca,
Aya salambar keretas anu kosong pulas warna ka bohongan
Tinulis waruga hirup, digaris ku mangsi ati dina wujud tangtungna diri
Eemhh............
Horéng lampah pinuh rungkang ngabebegigan diri sorangan
Geueuman keueung jeung ketir.......ngagerihan kana pikir

Natrat atra dina tutulisan diukir dina pigura pikir
Aya saucap dina ucapan winangun ucap talatah.
Hiji waktu anu nulis ieu ungkara bakal mulang ka mantena
Cenah........!

Mun wujud kula geus manjing mangsana kudu mulang
Panggolérkeun ieu raga dina lahunan Taneuh Ki Sunda
Antepkeun sina maneuh dina jero Taneuh,malar tingtrim dina katingtriman
Jajapkeun longokan kuring ku mangréwu runtuyan du,a anu ihlas,
Sangkan kuring bisa tumetep dina pangkonan asihna Gusti
Amiinn........

( * Tepis wiring Tasik 14 Januari 2013 * )

GIRIMIS DINA KÉSANG TIIS


Sajak : Nanang Sos

Sapiripis aya girimis hujan isuk,manjing waktu dina mangsana mumuluk
Pras pris hujan ipis maseuhan biwir biwir nu angar garing
Ngagareclang cipanon nu keur lapar ragrag dina tungtung sisi piring

Aya nu ceurik balilihan, mapaésan piring anu ménta eusi
Nawu cipanon dina lalakon nahan seueul kerebekna beuteung kosong
Ruhak ruhay dina suluh,ngagodog cai ngagolak asak
Unggal poé dapur simpé taya pasakeun seupaneun

Datang poé ganti minggu, unggal bulan ngadago datangna sugan
Kapakiran kamiskinan digemuk ku kasobaran
Kumarembing gupuy gapay unggal poé jajaluk mapayan jalan
Pasihaan Agaan.....,pasihan...Adéén...
Sora nu lapar namprakeun leungeun ngagidir
Pasihan Agan....Pasihan Adéén....Mulas melis dina lumengisna kesang tiiis

Datang beurang mapag harepan,nuturkeun kalangkang heulang
Ngawang ngawang nyawang harepan ngadago robahna kahirupan
Mun teu ayeuna, meureun isukan kabagjaan sugan datang marengan.....!!

* Tepis Kota Tasik,Januari 2013 *

Sabtu, 12 Januari 2013

LAJUNING LAKU

Sajak : Nanang Sos.

Ngaderes lajuning laku nanjak mundun dina léngkah
Nu katimu wujud lumaku ngaringkang dina tangtungan ringkang sorangan
Bingbrit indit muru ka gawirna langit,kumelendang dina panyawéran
Tungtung napsu nu ngaberung horéng teu puguh tungtungna

Ngagarajag késang késang lampah bayeungyang marengan léngkah
Hirup pinuh ku cucuk rurungga melag dina tungtung rénghap

Sariring riring dumadi ,duméling manjing ka wanci
Paneumbleuhan dina leumpang tamaha ka lampah sorangan
Mangka sadar dina éling,mulang pasti bakal madep ka Pangéran....

Angin lilir dina diri ngulisik niupan badan sorangan
Napsu diipuk digemuk ngalajur napsu sakujur ?
Neuteup seukeut nu kahareup,léngkah purek ngaheureutan
Pajaratan ngan saléngkah teu anggang ti garis pinis

( *Tepis wiring Tasik, Januari 2013 * )

SAGURAT DINA GURAT PANGADATAN

Sajak : Nanang Sos

Sagurat ngagurat dina gurat gurat pangadatan
Kosong molongpong dina lalakon dibungkus ku kabohongan
Cinta ukur kaulinan saméméh meunang layan nu anyar

Nu datang mawa sasémplék haté,lumah laméh mépés haté
Sumolondo mikasono ménta welas kinasihan
Eusi haténa pasalia teu akur reujeung pangucap
Pajar datang nyaah ka anak teu werat kudu paturay

Hemh...ari lalaki boga rasa kumawasa asih ukur kaulinan
Laas duriat jeung nu lian,mulang balik ka wiwitan
Sujud sideku sumujud umajak ngajak ngaruju
Pajar kaliru nyieun putusan,moal arék nganyenyeri deui

Buktina......?
Nyaah..ukur saliwatan,mun dunya geus kahontal ka udag
Manéhna ngejat ngoréjat lumpat muru ka tempat nu anyar
Sukan- sukan jeung nu lian........

NYIAR TINGTRIM DINA PEUTING

Sajak : Nanang Sos


Nganteur léngkah ngaprak dina paripolah
Mapay poé nyebakeun raga kana héabna mata poé
Panas hareudang bayeungyang maturan di Tanah angar
Nu dipikir ngan saukur eusi beuteung nu kasieunan béakeun ku teuteureuyeun

Satemena hirup urang teu jauh reujeung kaliru
Unggal waktu ngaberung kalangsu ditapuk ku napsu
Nyiar bagja,sok poho kanu bogana bagja
Ngudag Dunya....sakapeung sok poho kanu bogana Dunya

Lilir usik dina ngulisik nyiar tingtrim dina sapertiluna peuting
Sumujud dina Tahajud, Alloh janji baris nyumponan sagala Du,a umatna

Beueus baseuh dina cai abdas, ruku sujud dina pangsujudan
Satemena katingtriman pikir téh ayana dina Dzikir
Kasobaran bakal Natrat kapanggih dina solawat
Ihlas pasrah bakal namprak sumerah dina Allmaullhusnna

Ngitung waktu nunggu waktu.........
Rengsé Tahajud nganti tepung waktuna subuh
Assolatukahairum minanam.............
Solat leuwih alus batan saré.........

Rabu, 09 Januari 2013

GIRIMIS DINA CITANGIS

Manjing wanci haneut moyan,ku harianeun aya hujan citangis anu mirispis
Tapi lain girimis anu sasari,éstu girimis nu datangna maling wanci
Naon cukang lantaranana....?
Bongan mamaras rasa aya anu miis kagaris ku hinis kapeurih
Tingsérését tingsérédét seuseuitan ceurik batin seseblakan

Deudeuh...........
Kabungah teu lana midang, datangna ngan saliwatan
Eunteup dina tungtung pangpung, ditundung ku jirim waktu
Abong dunya panipuan,éndahna ngan saukur pupulasan
Asal peueut jadi peuheur,wiwitan amis bet pait

Geuliiiss...........!!
Teu kudu anteng ngahuleng,kaleleban ku cipanon
Dunya kapan papasangan bungah pasti ngajodo jeung susah
Mending miharep asihna Gusti nu lana dina kaabadian
Mangka yakin,mangka tigin mi Gusti kanu Maha sahiji
Muntang mangteng ka Mantena ngait pikir dina Dzikir......
Mugia.........!!
Amiiin.........!!
BASA RASA WARUGA RAGA KI SUNDA

Dina lahunan,dina lamunan dina teuteupan dina rangkulan
Basa indung ,rasa indung melengkung lir kuwung kuwung
Nurih langit ngapak méga mubul ka biruna langit

Wujud hirup tangtung diri ngadeg dina adeg adeg
Rasa sunda,raga sukma sagetih di lemah cai
Basa indung,ucap indung satangtung dina embun- embunan
Jirim kuring,sukma kuring ngahiang di Tanah Sunda

Paliaas.......Jati kasilih ku junti mun ki sunda kudu leungit
Taméng raga guyang rasa,kuring siap jadi tumbalna Ki Sunda
Kuring jangji kana diri....Siap raga....Béla pati demi ajén lemah Cai...!!
Nanjeur ngaleunjeur harepan,saucap dina pangucap ..........!!
Basa téh cicirén Bangsa,leungit Basana tinangtu leungit Bangsana

*Tepis wiring Kota Tasik, Januari 2013 *

Minggu, 06 Januari 2013

GIRIMIS DINA KÉSANG TIIS

Sajak : Nanang Sos


Sapiripis aya girimis hujan isuk,manjing waktu dina mangsana mumuluk
Pras pris hujan ipis maseuhan biwir biwir nu angar garing
Ngagareclang cipanon nu keur lapar ragrag dina tungtung sisi piring

Aya nu ceurik balilihan, mapaésan piring anu ménta eusi
Nawu cipanon dina lalakon nahan seueul kerebekna beuteung kosong
Ruhak ruhay dina suluh,ngagodog cai ngagolak asak
Unggal poé dapur simpé taya pasakeun seupaneun

Datang poé ganti minggu, unggal bulan ngadago datangna sugan
Kapakiran kamiskinan digemuk ku kasobaran
Kumarembing gupuy gapay unggal poé jajaluk mapayan jalan
Pasihaan Agaan.....,pasihan...Adéén...
Sora nu lapar namprakeun leungeun ngagidir
Pasihan Agan....Pasihan Adéén....Mulas melis dina lumengisna kesang tiiis

Datang beurang mapag harepan,nuturkeun kalangkang heulang
Ngawang ngawang nyawang harepan ngadago robahna kahirupan
Mun teu ayeuna, meureun isukan kabagjaan sugan datang marengan.....!!

* Tepis Kota Tasik,Januari 2013 *

Rabu, 02 Januari 2013

SAATI DINA WIATI

Sajak : Nanang Sos

Sasoanten wanci sonten nu manis nu hideung santen
Imut marahmay mapaés raray duh...nambihan manis
Nu Geulis ti lembur singkur, sari manis kempot pipi
Geulis mirip widadari lumungsur turun ti langit

Lir...bentang nu nenggang sorot soca raclik ragrag dina ati
Wening tingtrim nyanding asih...... asihna teu pupulasan
Najan hirup bau lisung mojang kampung henteu dusun
Najan midang henteu dangdan, nu geulis matak kagéndam

Sasoanten wanci sonten nu manis nu hideung santen
Midang mangsa dina rasa,pasini raket saati
Ngampar amparan kahéman sasih payun tepungna di Balé nyungcung
Pasini raket ngahiji dibeungkeut ku jatukrami
Saati dina Wiati....hirup ngahiji............!!.

( * Tepis Wiring Kota Tasik,Puhu Janbuari 2013 * )

KASAMARAN

Sajak : Nanang Sos.

Nu di raksukan warna pulas biru,sonten tadi aya ngalangkung
Nu geulis katawis ngeluk tungkul nyumputkeun imut,duuh....kuring jadi tagiwur
Di teuteup disérangkeun ti ka anggangan... haté lumenyap ?
Dibalédog ku teuteup manéhna ...... ngabalieur

Dicoba ditanya ku pananya rasa....ééh....teu katajieun
Kunyam kunyem kuring nyoba mapatkeun jampé pamélét.....?
Manéhna angger anteng haré haré.....haténa simpé
Diudag ku harepan....manéhna lumpat ngejat

Disusul katungtung jalan.....gok amprok tepung
Dirangkul ku kapanasaran manéhna ampir lumpat
Amprok jonghok geus padeukeut.....haté ngagebeg
Heemh......kuring kabobodo, horéng manéhna téh awéwé Plastik
Banciiiii.............Geulis.....beduul.....!

GANTI TAUN

Sajak- Sajak : Nanang Sos.


Panceg lilir tengah peuting......
Ganti tanggal ganti taun.......
Nu di jalan,nu di kota éar ramé susurakan
Ting beledug,tingburinyal pepetasan milu pésta
Peuting éta loba jalma anu keprok surak rongkah......

Sarolat heula kitu maranéhna ....?

JAM WAKTU

Tik...tek,.......!
Jarum detik ngurilingan, ngahanca angka anu biasa
Jarum panjang balap lumpat pa udag udag jeung jarum pondok
Waktu sajeungkal nambahan....
Umur ngolotan ngorotan......!

Aya kenéh kitu jatah umur dina Taun ieu.... ?
Mugia........

MURU WAKTU

Ngarayap nganteurkeun rénghap...
Awak suda tanaga rampohpoy ruksak
Tutup taun.....panon lamur,muru waktu tunggu umur
Sugan téh rék lana jag-jag, boro hirup sangeunahna ?
Horéng bet salah panyawang, da raga dihanca dihakan mangsa......

Umur muru tunggang Gunung....
Layung ngempur mayungan tangtungan hirup
Poé isukan saha baé anu boga nya..... ?
Ieu Raga rumasa teu ngaboga boga......!

MACA POLAH DINA PARIPOLAH

Sajak : Nanang Sos

Ngampar tineung nyawang ringkang macaan lalakon hirup
Anteng naliti jirimna diri nu laip pinuh ku rurujit sirik pidik
Lambaran dina keretas kabéh loba totol totol hideung
Ganti taun tutup taun nu katimu ngaberung ngagemuk napsu

Hirup darma wawayangan ngawayang na papanggungan
Dalang jeung wayang teu anggang lir kalangkang jeung ringkangna
Horéng usik jeung ngulisikna sadaya anging pangersa Mantena
Mun salah ngasuh waruga jurang jungkrang ngadagoan
Paliaass.........

Mitembeyan awal taun urang pulas ku warna bodas
Nyacas ngeplak bodas rasa mapag ridona pangéran
Keprikeun rerereg diri ,sulit Ati geura usir
Piara nyaah jeung deudeuh héman kapapada jalma
Nyerep wening asih Gusti,sawarga katingtriman ayana na raga urang
Amin.......Mugia.........!!

TUNGTUNG TAUN DINA TANGTUNG

Sajak : Nanang Sos


Ngalantung katungtung Taun,maca lampah dina Tapak
Satumpuk catetan hirup patumpuk tumpuk dina sataun
Bruh bréh kalangkang kalangkangna ringkang,raca dina titincakan
Aya warna dina wanda dipulas ku pumulas lampah sorangan

Horéng hirup lir dina sinéntron loba ngalong dina bohong
Seuri dicampur ku ceurik cipruk dina cipanon lalakon
Bongan rasa bongan raga nganjang lain dina mangsa
Loba kecap loba ucap misobat ku salah ucap..........

Ngalong ka lawang sakéténg maca waruga dina sawangan
Catetan dina sataun horéng loba pupusaneun
Ngaringkang mapayan léngkah,nyorang mangsa nu rék datang
Sing pinter ngukur ka kujur saméméh diri dikubur........

DURIAT DINA TIBELAT

Sajak : Nanang Sos

* Sajak panineungan keur Kang : UYUH YUHARNO *

Reueuk hideung ceudeum aleum,langit diri alum nguyung
Pras pris hujan na citangis,cipruk baseuh maseuhan batin nu kingkin
Abong dunya lain milik nu sorangan,lalakon hirup bogana séwang séwangan
Dunya mindeng pasalia guneman teu akur reujeung kahayangna rasa

Memang sesah.....sanajan hirup papada sarua handapeun langitna Gusti
Haté tetep kudu sapuk nurut kana katangtuan
Pasrah sumerah dina ka kihlasan léah dina amparana sobar

Lalakon kantun lalakon..... nasib diri aya dina guratana takdir Gusti
Sanajan lahir ngahiji,can tangtu raket pasini.....
Memang sesah........memang sesah.......!
Subaya dina sulaya,nyeunyeuitan ngagerihan,haté peurih lir disebit
Naon sesahna mun manéhna balaka ti anggalna.....?
Meureun ieu haté moal tuluy nguyung nyanyautan
Gudawang dina longkéwang Kingkin pikir dina ceurik Batin.......

( Tina kumpulan sajak – sajak Pribadi,nu di tulis dina taun 1980 )

HASEUP ROKO

Sajak : Nanang Sos


Ngelun mulek dina tungtung teuteup
Haseup racun napuk dina tungtung imutna
Palias bodasna ieu rasa rék dipulas ku bodasna haseup Roko
Kasono moho bingbrit indit diusir ti biwir asbak

Sugan téh moal rék salilana bumetah dina ngebulna Roko
Wujud gaul dirina diukur ku tungtung kuntung
Seuri nu nyari bet ngiles dicampur ku mulekna haseup Roko
Bako roko geus nyoco ngusir kasono nu ponyo moho

Satemena haté leutik manéhna teu hayang misobat roko
Tapi rasa nikotin geus buméla ningtrimkeun eusi batina
Rasa bako tumapel na biwir ipis,geuneuk hideung mulas haté nu keur peteng