Jumat, 14 September 2012

TITIS TULIS DINA CITANGIS



Keur : Nani Sy.

Asih teh cikahuripan panutan…. nu nyacas ngagenyas herang
Asih teh getering batin panutan…. acining puseurna kaheman
Asih teh rumpaka kanyaah panutan…. galeuhna kadeudeuh dina tulisan kakasih tawisna kaasih


Ari takdir takdir Gusti,kapan teu tiasa ditawis …
Ari gurat gurat hirup, sadayana  kersaning mantena
Urang duaan keur anteng diayun ayun kaheman
Geuning aya lalakon  keur ngadodoho  rek mungkas dina lekasan

Kantun lagu jeung rumapaka nu natrat dina duriat
Kantun asih jeung hariring sumanding na katingtriman
Kantun titis tulis dina citangis nu lumengis pinuh kapeurih
Kantun  cipanon nu juuh dina lalakon rek mungkas dina adegan.
Kantun ceurik balilihan, nu mulang  teu bisa dipegat ku cipanon

Pangjajap mangrewu du’a natrat kebat ka sarwarga
Sakolepat anjeun lumpat,teu kaudag ku udagan
Kahayang reujeung kahayang ukur mubul di alak paul,
 henteu kasusul
leungeun namprak untap  jajap muga lana,muga bagja anjeun tingtrim dina kabadian asihna Gusti
Keur anjeun  panutan Nani Sopiantini Yohansyah………………….
Sakabeh lalakon jeung lalakon rek ditulis jadi catetan kasono.
Keur anjeun panutan Nani Sopiantini Yohansyah
Sakabeh kabungah jeung ka peurih rek ditulis ku mangsi ati,dina tutulisan  
“ TITIS TULIS DINA CITANGIS…………………………………………………………….”



Catetan panceg   40 dintena . Tsm 5 Oktober 2011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar