Jumat, 14 September 2012

CIPANON LALAKON

Aya Citangis dina girmisna kapeurih....
Aya nu lumengis mulas melis ngundeur asih dina sajatining Asihna
Aya anu ranggah barutuh ku pamuntangan dina wujud rasa deudeuhna
Aya anu ilang tina dangiang rasa kamelangna

Lagu katingtriman anu sok leukeun ngentringan kiwari sirna
Rumpaka lagu...dina padalisan geus ilang jeung wirahmana
Kantun lagu jeung Rumpaka sawang

an dina tulisan
Kantun gending jeung hariring ngalagena dina panineungan

Cipanon lalakon....ngajaul ngapung muru ka langit
Cipanon kapeurih sumilir disimbutan angin janari
Bentang jeung langit neuteup anteb ti ka anggangan
Carita nu endah marengan cipanon lalakon.....
Aya nu heman ngundeur lalakon dina cipanon
Aya indit bingbrit indit bari teu pamit......
Aya anu neuteup jumajap dina beueusna cipanon

- Gn. Malati,Puhu Sep, 2012

Tidak ada komentar:

Posting Komentar