Jumat, 14 September 2012

DEMI WANCI



  Mungguh  ari sadetik kapan leuwih pondok batan samenit
  Mungguh ari samenit kapan leuwih pondok batan sa jam
  Mungguh ari sajam kapan leuwih pondok batan sapoe

Ari sapoe  kapan leuwih pondok batan saminngu
Ari sa minggu tangtu leuwih pondok batan sabulan
Ari s abulan geus tangtu leuwih pondok batan sataun
Demi Wanci,horeng umur geuning leuwih pondok batan kahayang
 Demi  Wanci ari  kahayang leuwih panjang batan jalan anu arek disorang....

Demi paripolah geuning leuwih loba tingkah jeung salahna
Horeng ari napsu,geuning dipungkasna mung diukur  ku umur anu mungkur
Demi katingtriman horeng hirup salawasna,kudu madep ka Gustina...
                          
                       
                                                       Gn. Malati puhu  sep,2012

Tidak ada komentar:

Posting Komentar