Jumat, 14 September 2012

GALURANING GALURA RASA INDUNG

Sajatina asih indung lir laut reujeung ombakna
Sajatina asih indung lir langit reujeung bentangna
ceuk hariring dina lagu anu sumawur ku rangkulan indung


Basa dina maleman takbir anu kamari imut indung aya nepungan

Basa lebaran geus lekasan aya keneh sora indung anu nyoara
Basa diri rek guneman jeung indung...?
Horeng indung geus dirungkupan ku padung

Basa kuring nyusul nepungan ?
Indung anteng keur suka bungah di sawarga
Mugia.....!
Basa kuring jumajap ngirimkeun runtuyan du,a keur indung
Indung imut ngagelenyu........
Basa kuring rek mulang ti pajaratan...?
Indung kuring nyarita," kade ulah poho unggal waktu Ema kiriman deui Do,a...Nya...? " cenah ceuk indung.....harita......." Yaa Alloh....Mugia sepuh abdi sadaya dijantenkeun Ahli pangeusina Sawarga salira....AMIN

Gn.Bubut,awal Sawal 1433 H.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar