Rabu, 26 September 2012

RAHWANA

Sajak : Nanang Sos.

Urat ranteng ngeprak amarah dina lampahna sorangan
Ngaléntab nguhuru umpal umpalan dina durukan hirupna
Kulon wétan kalér jeung kidul teu hayangeun wawuh
Hirup nangtung dina angkara murka amarah dirina

Duka sétan anu mana anu geus maturan hirupna Rahwana
Bebeneran kabéh dirumpak didupak disépak
Asal batur ceurik manéhna bakal ngagakgak surak sorangan
Lajag léjég lir jalama kurang jeujeuhan
Naha kudu kitu ari hirup ?

Rahwana.....anjeun teu sadar.
Kabeh napsu bakal aya tungtungna
Lampah sarakah bakal aya lekasanana
Masing eling.....Rahwana....?
Kuburan teu anggang ti raga urang
Pati ti Gusti keur antri nganti giliran

Rahwana.......?
Tulang jeung daging bakal balik ka wiwitan
Padang Masyar jalan panjang tempat balitungan keur ngadagoan
Hukum dunya nu teu réngsé bakal réngsé di kalanggengan
Tinggal urang ti ayeuna diajar ngahisab diri sorangan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar