Senin, 28 Januari 2013

WARUGA RAGA NU REGAS

Sajak : Nanang Sos.


Kalangkang tukangeun méga ngalungsar dina waruga Raga
Ngungun alum anu nguyung cumarita dina sora haténa sorangan
Na dimana atuh ari Cinta.....? Di sungsi henteu kapanggih
Di téang henteu kadongkang,di papay henteu kasorang......

Ngaprak mapayan sorangeun,nguriling néangan jalan
Sora kalbu ketug jantung rampohpoy kokoloyongan
Pajar tangtungan digjaya boga haté nu kuat teuas lir cadas
Buktina.......?
Kiwari tangtungan dirina koropos regas lir tangkal nu anyar peunggas

Mutiara mustika rasa nganteng dina jagat nu béda rasa
Batin ngait dina pikir umanjang ka harepan sorangan
Nu ngantun imut panungtung santun dina kiceup anu panungtungan
Raray midang na imut marahmay kedal ucap dina pileuleuyan
Wilujeng angkat jungjunan nu tega ngantun nu nguyung
Muga lana murak bagja dina bungkusan kabagjaan anjeun sorangan

* Tasik, 24 Januari 2013 )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar