Rabu, 02 Januari 2013

DURIAT DINA TIBELAT

Sajak : Nanang Sos

* Sajak panineungan keur Kang : UYUH YUHARNO *

Reueuk hideung ceudeum aleum,langit diri alum nguyung
Pras pris hujan na citangis,cipruk baseuh maseuhan batin nu kingkin
Abong dunya lain milik nu sorangan,lalakon hirup bogana séwang séwangan
Dunya mindeng pasalia guneman teu akur reujeung kahayangna rasa

Memang sesah.....sanajan hirup papada sarua handapeun langitna Gusti
Haté tetep kudu sapuk nurut kana katangtuan
Pasrah sumerah dina ka kihlasan léah dina amparana sobar

Lalakon kantun lalakon..... nasib diri aya dina guratana takdir Gusti
Sanajan lahir ngahiji,can tangtu raket pasini.....
Memang sesah........memang sesah.......!
Subaya dina sulaya,nyeunyeuitan ngagerihan,haté peurih lir disebit
Naon sesahna mun manéhna balaka ti anggalna.....?
Meureun ieu haté moal tuluy nguyung nyanyautan
Gudawang dina longkéwang Kingkin pikir dina ceurik Batin.......

( Tina kumpulan sajak – sajak Pribadi,nu di tulis dina taun 1980 )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar