Sabtu, 12 Januari 2013

LAJUNING LAKU

Sajak : Nanang Sos.

Ngaderes lajuning laku nanjak mundun dina léngkah
Nu katimu wujud lumaku ngaringkang dina tangtungan ringkang sorangan
Bingbrit indit muru ka gawirna langit,kumelendang dina panyawéran
Tungtung napsu nu ngaberung horéng teu puguh tungtungna

Ngagarajag késang késang lampah bayeungyang marengan léngkah
Hirup pinuh ku cucuk rurungga melag dina tungtung rénghap

Sariring riring dumadi ,duméling manjing ka wanci
Paneumbleuhan dina leumpang tamaha ka lampah sorangan
Mangka sadar dina éling,mulang pasti bakal madep ka Pangéran....

Angin lilir dina diri ngulisik niupan badan sorangan
Napsu diipuk digemuk ngalajur napsu sakujur ?
Neuteup seukeut nu kahareup,léngkah purek ngaheureutan
Pajaratan ngan saléngkah teu anggang ti garis pinis

( *Tepis wiring Tasik, Januari 2013 * )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar