Selasa, 22 Januari 2013

TAPAKUR DEUKEUT KUBURAN

Sajak : Nanang Sos.
Keur : Nani Sopiantini ( Almrh )

Panutan.....kembang samoja masih ligar ngarandakah rarenung imut
Linduh liuh teuteup salira anteb leleb dina beueusna cipanon kuring
Diri datang sumolondo ngeprukeun kasono nepungan ka pajaratan
Saruntuyan du,a jumajap parat kebat nepangan salira
Nyanggakeun......mugia salira aya dina tingtrimna angin sawarga
Amiinn..........

Satemena ieu haté masih kumambang ngalayang ngambang
Jumerit haté ngajerit murilit ngait ka salira anu nilar
Rumasa diri rumasa,waktos salira nilar teu kantos nungkulan
Tapi diri yakin salira angkat bari rébo ku bebekelan amal kasaéan

Panutan......Geuning patebih téh cikerih peurih
Haté mulas melis cuang cieung hirup jadi nyorangan
Nalangsa diri nalangsa dunya rupek taya geusan pamuntangan

Panutan......
Dua puluh dalapan taun urang nikreuh lalayaran dina rimbitan
Sumanget hirup ngagedur hurung nya salira kapan pangjurungna
Jirim diri wujud raga salira kiwari tinggal waasna
Tutunggul luhur kuburan sumawur imut dina iuhna tangkal bungur
Mangka lana dina kaabdian asihna Gusti....panutan.....
Mangka langgeng dina kahémana nu Maha heman
Amin.....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar