Minggu, 13 Januari 2013

TALATAH


Sajak : Nanang Sos

Umanjang nganjang ka pipir pasir nu dijajap ku angin nu niupan pikir
Laju léngkah na lumaku dideres dina ketakna léngkah rusiah diri sorangan
Aya nu natrat dina catetan nu dikotrét dina tutulisan lampah sorangan
Aya tutulisan dina lalakon nu dibarengan ku kabohongan
Sagurat kecap ébréh béntés ka catet dina sadami rasa ka ketir
Horéng hirup satemena loba kénéh seuri batan ceurik
Rumasa diri rumasa saeutik pisan rasa sukurna

Lambaran keretas anu kabuka loba nu surem jeung maleukmeuk teu kabaca,
Aya salambar keretas anu kosong pulas warna ka bohongan
Tinulis waruga hirup, digaris ku mangsi ati dina wujud tangtungna diri
Eemhh............
Horéng lampah pinuh rungkang ngabebegigan diri sorangan
Geueuman keueung jeung ketir.......ngagerihan kana pikir

Natrat atra dina tutulisan diukir dina pigura pikir
Aya saucap dina ucapan winangun ucap talatah.
Hiji waktu anu nulis ieu ungkara bakal mulang ka mantena
Cenah........!

Mun wujud kula geus manjing mangsana kudu mulang
Panggolérkeun ieu raga dina lahunan Taneuh Ki Sunda
Antepkeun sina maneuh dina jero Taneuh,malar tingtrim dina katingtriman
Jajapkeun longokan kuring ku mangréwu runtuyan du,a anu ihlas,
Sangkan kuring bisa tumetep dina pangkonan asihna Gusti
Amiinn........

( * Tepis wiring Tasik 14 Januari 2013 * )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar