Jumat, 09 November 2012

TEPUNG LAWUNG DINA LIWUNG

Nganggit sabaris rumpaka lagu, diréka dina carita
Nyipta tepung hayang tepung, pareng tepung dina haté nu keur liwung
Runtuyan hariring lagu gumalindeng dina imutna nu ngagelenyu
Miis mamanis nu geulis bet katawis dina palebah damisna

Tamat sapadalisan kawih, hariringna teu weléh ngentringan asih
Dilak soca jeung rindatna lumenyap ngiwat duriat


Sorot soca wening asih jamparing paser kadeudeuh
Béar marahmay imutna pasrah sumerah cintana

Gending kacapi na ati mirig kawih lagu Asri
Tineung nineung dina lagu, halimpu tumuwuh jeroning kalbu

Midang datang mawa tembang haleuang tresna duaan
Kangen nineung unggal dinten ngahayu hayu patepung
Nyipta tepang unggal dinten dicicipta dirarancang ku duaan

Nu datang teu lami nganjang,tamat ngawih pamit indit
Tinggal tamperan kahéman nu renung dina bibit bibitna rasa asih
Nangtung wuyung kanu ngantun baluas bet iklas luas ngantunkeun
Tineung lagu dina panineungan nu nembang bet kapiraray
Kantun lagu jeung rumpaka jumajap jajap duriat
Tinggal diri nu ngageuri jumajap kedaling ucap.... Wilujeng angkat
Nu laju ngidul...muga urang bisa tepung dina poé nu isukan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar