Senin, 26 November 2012

GURU BIHARI MURID KIWARI

Sajak : Nanang Sos.

Tepung Taun manjing Taun milangkala dina lalampahan GURU
Guru kudu digugu ditiru sangkan hirup teu kalangsu
Guru mawa lalampahan ngarobah alam Pikiran
Dunya mongkléng poék peteng robah jadi caang padang narawangan

Jeneng Tangtung na tangtungan,loba murid anu jadi jeneng nangtung

Guru reueus suka seuri nyakséni muridna nanjung

Basa Guru meunang béja aya muridna bisa korupsi
Haté Guruna ceurik balilihan,jumerit milu ngageuri
Kunaon dibéré élmu kalah dipaké nipu ? ceuk gerentes haténa Guru
Bari teu sadar Si Guruna sorangan keur milu ditipu............
Deudeuh waruga ieu Nagara geuning loba dititipkeun kanu sarakah
Ngurus Nagara ku sora nyarita patarik tarik bari haténa sarulit

Guru mawa lalampahan ngarobah alam pikiran
Alam poék jadi caang hayang muridna baroga kabagjaan
Guru Jatining pahlawan henteu ngudag ngudag panghargaan
Asal muridna Amanah Guruna pasti asa diajénan dihargaan

Di luhur loba inohong ngadon ngalohong ngawangkong
Piwuruk Guru teu dipaliré diangap dongéng méméh sare soré-soré
Guru héman dina jaman teu weléh-weléh ngélingan
Mun hidep nyaah kadiri titip ieu juntrung Nagri

Anaking...........! Mun hidep nyaah ka GURU...bari rumasa sok salah
Lampah sarakah singkahan urang mulang deui kana bebeneran

Tidak ada komentar:

Posting Komentar