Selasa, 13 November 2012

SAWANGAN DINA HALEUANG

Sajak : Nanang Sos



Katineung murak sawangan mubul muru ka jauhna
Kapinis mandi di leuwi cipruk baseuh ngojay dina leuwi ati
Saha atuh ari salira......? datang ngalayang nepungan ?
Jauh teu bisa dijugjug anggang lir béntang nu nenggang

Kasanggakeun...Jungjunan !!

Tineung lagu dina lamunan ngadaweung marengan implengan
Rumasa diri keur kusut dikukusut kunu nyumput
Sanés diri henteu surti,mung risi bilih lain milik diri
Kulak canggeum bagja awak,rumasa diri tuna jeung laip

Mending nembang na sawangan,sugan balébat nembongan
Mun gurat jodo urang nepungan takdir gusti pasti ngajirim ngahiji
Jungjunan.....
Lagu urang téh haréwosna batin urang anu tara anggang tina diri urang
Sawirahma dina haleuang,urang kudu tetep rampak dina hiji pamadegan

Paniatan dina tembang,haleuang pasti marengan
Pupuh kinanti na ati mun geus milik pinasti bakal ngahiji
Kantun lagu jeung rumpaka,karinding nyanding hariring
Tinggal tarékah jeung lampah, pareng mah aya dina pangersa mantena

Nyanggakeun hariring asih muga anteng ngalagena
Nyanggakeun laguna kalbu,jumajap marengan du'a

Tidak ada komentar:

Posting Komentar