Jumat, 23 November 2012

CISOCA HIJI WANOJA

Sajak : Nanang Sos


Girmis manjing ka burit, ngepris dina citangis nu geulis
Langit alum ngungun nguyung liwung linglung kapidangdung
Hujan téh ngeprak cimata ngalalakon ku cipanon
Cipruk baseuh bari beueus ngait dina pikir nu keur peurih

Murak mulang ku panyawang ,nyoréang mapayan alam ka tukang

Nu kasungsi asih bari nu bihari keur ngimpi bari ngageuri
Ngembat panjang lalampahan laléwang pinuh hariwang
Ngajuringkang narepungan narembongan ngabebegigan

Deudeuh......cisoca putri nyalangkrung,ngabendung napuk lamunan
Sono bogoh geus disorang,manjing bosen dibohongan ditinggalkeun
Horéng hirup lir sinétron lalakon campur cipanon
Kabagjaan ngan saliwat ngolébat ngan sajorélat

Tinggal dangding na lagu pépéling,kokojayan dina rasa kasobaran
Kantun nganti kapastian panceg dina hiji kaputusan.........

Tidak ada komentar:

Posting Komentar