Senin, 12 November 2012

NYALIKSIK DIRI

Sajak : Nanang Sos.


Ngalantung ka papantunan hirup,dibaturan ku haté,rasa,jeung ku waruga
Tiluan anteng guneman nyaliksik diri muru ka waktu ka wanci
Ngariung na papangungan hirup niténan ringkang jeung leumpang
Sili obrolan,sili usapan,sili upahan,sili béjaan,dina rangkulan

Masing sadar dulur.. beurang lain anu urang,peuting lain anu kuring
B

umi Alam jeung pangeusina urang saréréa teu rumasa ngaboga boga
Boga naon atuh ari urang ? Boga dosa jeung kahayang
Nu sok ngulayaban nuyun nungtun dina kasalahan

Ngukur waktu kana tangtung ,adeg adeg pecat sawed
Umur muru tunggang Gunung pati antri di Gustina
Ari umur lain gagaduhan,dunya ukur papanggungan
Alam hirup papasangan,bacaeun tapakuraneun

Beurang nganjang dina leumpang,ngaringkang na jejemplangan
Waruga urang sili eunteungan,sili anjangan, nganjang ka pangakuan diri sorangan
Haté mah tara linyok jeung bohong,dulur...nu bohong mah ucap lisan urang

Tanya ka diri sorangan, dina diri kiwari aya anu keur seuri jeung ceurik
Rek iraha urang tobat ? sabab maot teu ngadagoan tobatna urang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar