Kamis, 01 November 2012

                                              SASEMPLÉK HATÉ DI RANCAÉKÉK

Ti Bandung muru ka lembur satangtungan halimun Gunung napuk lamunan
Nyawang ringkang dina simpéna jalan nu macét, haté galecok teu daék réhéLebah jalan Rancaékék aya sasemplék haté awéwé nu rajét pejét ku papada awéwe
Deudeuh...ceuk geter sora angin peuting nu anteng milu ngusapan milu ngupahan

Kanyeri ngaitna batin , nyeunyeuitan ngagerihan tingsérését tingsérédét
Ceuceub jeung geuleuh ngahiji diri kingkin digeringan ku pamolahna hiji lalaki
Ngalanglayung haté nguyung kapidangdung humarurung diri ditundung
Pikir ceurik jejeritan lolongséran nyegruk disidem ku haté sorangan
Aral jeung subaha narepungan ngajajanteng ngadeukeutan narepungan
Satumpuk rasa tugenah numpuk napuk ngaracung milu tumanya
Naha ieu diri gumelar ka alam dunya téh kudu disasaak baé ku kanalangsa ?
Naha kuring mah teu ngabogaan hak geusan meunangkeun rasa kabagjaan ?
Kabéh pananya dijawabna ngan ukur ku murulukna cipanon....!

Néléngnéngkung lagu indung kapeurih anak kapeurihna rasa indung
Bungah jeung susah sili baganti, éta kabéh tapakuraneun diri sorangan
Sabar téh kapan buahna kaimanan anu kudu dibarengan ku kahémanan
Urang gumelar ka alam dunya pasti dalit jeung kapeurih, éta mah apanan tos Takdir 
Geubigkeun jirim sayakti kuat pageuh dina adeg-adeg tatapakanna kasobaran
Singraykeun lalangsé kapeurih gumiwang datang caang dina rasa kabagjaan
Mugia.......!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar