Jumat, 23 November 2012

KAPEURIH DIRI

Sajak : Nanang Sos


Hujan ngecrek sapeupeuting caina cimata kuring
Banjir cileuncang na haté sésérésétan seuseuitan ngagerihan nyeunyeuitan
Nguyung liwung gering nangtung ngalanglayung humarurung
Haté tugenah nyangsaya dirangsadan disasaak béak ruksak ku panyiksa

Deudeuh.......

Hujan anteng na cimata,nu diceungceurikan anteng midua rasa
Béak waktu manjing subuh nu didago bumetah balabuh di tempat anu matuh
Diri gering ngajangjawing salaki cicing henteu daék baé nyanding
Palakiah jajampéan cenah rasa sono jeung bogoh geus béak laas korédas
Rahul ngagimbung na wadul padahal mah keur murak hiji bungkusan

Tiktek sora jam dingding ti peuting milu ceurik balilihan
Jarum pondok paudag udag jeung jarum panjang nganjangan milu lolongséran
Jarum detik mapay angka diri ceurik nyeungceurikan diri sorangan
Lampah pamolah sarakah kabéh lampah bakal dibilang dihisab
Nunggu waktu dina umur, panungtungan ngarumpuyuk dina balitungan

Kantun nganti dawuh Gusti urang antri dina patina kagungan Gusti
Mugia jaradi éling......pikeun jalma anu can éling....!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar