Sabtu, 22 Desember 2012

SAJATINING DIRI

Sajak : Nanang Sos

Nangtung di basisir laut,ngiuhan dina biruna langit
Ombak motah dina dada cipruk baseuh maseuhan Galurana rasa
Melengkung langit di tungtung,ngarungkup wujud tangtungan
Nunggelis batin ngageuri cuang cieung ngawincik jirimna diri
Nyawang dina alam leumpang nu pasti bakal disorang..........
Hirup dipénta tanggung jawabna,madep di payuneun Mantena

Lunta leumpang salah midang,jumarigjeug sasampoyongan
Léngkah diitung ku waktu milang léngkah ku ciciptan
Lamun teu ayeuna nya isukan pagéto nyambung jeung iraha
Naon bawaaeun urang keur mulang...? Unggal poé raga dibaluran dosa

Rigig téh kakara jiga,jauh kana pienyaeun
Husu solat teu kahontal, kakara bisa ngalaksanakeun sugan
Saéstuna kapan Panto Ahérat téh teu anggang tina sakarat...
Diri kakara rumasa lawang tobat sok mindeng pisan di liwat
Demi wanci satemena jalma aya dina rugi
Lamun teu ayeuna rék iraha urang Tobat..... ?
Kapan Gusti keur nganti wancina pati urang
Subhanalloh.............

Tidak ada komentar:

Posting Komentar