Selasa, 18 Desember 2012

KANYAAH NU PUPULASAN

Sajak : Nanang Sos


Ngarandeg sabada leumpang dina péngkolan jalan anu ngolécér
Nu kateuteup beungeut lembur kapidangdung dina liwung
Teu kaampeuh cimata beueus nganteur lamunan dina panineungan
Baheula jaman hirup di lembur,lembur singkur kungsi dihuru di duruk
Deudeuh.....Rahayatna paburisat lumpatna bari ngocéak

Kiwari...........?
Nagri Kuring Lemah Cai kuring cikerih loba ngageuri
Haté Rahayatna béak ruksak disasaak ku Pajabat nu teu haat
Duit Nagri ludes ngiles lus les loba tingkereles
Digerejud dirarud kunu bedegul.......nepi beak purutul
Deudeuh..........
Rahayat guyang cimata,Bangsat Nagarana susurakan arulin ka luar Nagara

Longkéwang maju ka jungkrang.......
Dina ceuli Rahayat kiwari loba sora anu ngoncrang pinuh ku pangoloan
Loba nu datang narepungan asruk-asrukan daratang muru ka lembur
Harayang jadi pajabat.......Cenah....!!
Saroméah umat imut daréhdéh siga nu enya haraat...ka Rahayatna
Mun geus jeneng...? Imut ngiles nu rék haat pungkasna leungit ngereles......

Tidak ada komentar:

Posting Komentar