Senin, 10 Desember 2012

NYANGGI LAGU DINA LAGU KAHIRUPAN

Sajak : Nanang Sos.

Nyanggi lagu dina geter ....... di bulan Désémber
Sapadalisan catetan hirup ditulis dianggit jadi rumpaka lagu
Damina dina wirahma rasa,ngalagena dina layeutan sora

Tungtung lagu dina patet dicatet mungkas na rasa
Natrat sora bet kacipta wirahma léngkah ngagurat dina Pangréna

Saucap saulas serat kanayagan tumbuk dina sora Goong
Sajuringkang kalangkang hirup ngetrokan waruga anu pinuh ku Dosa

Horéng léngkah jeung rénghap teu anggang tina wiletan sora
Nu halimpu anu liuh sora mudun muruna pasti ka pakuburan
Sora bedas mulang mungkas muruna ka Pajaratan
Angin Pasir nu ngageuri ngahariring disenggakan ku sorana Cihcir

Deudeuh.....!!
Tineung lagu dina lagu tumanya dina Anggana
Saha urang.....anu timana urang......? Mulang pasti ka Mantena
Ngoncrang sora murak bagja muga aya dina ridona Pangéran
Amin........

Tidak ada komentar:

Posting Komentar