Kamis, 25 Oktober 2012

DULAG IDUL ADHA

Sajak : Nanang Sos.



Geus tepung kuring geus tepung jeung Rayagung anu luhung
Pasrah sumerah ka Gusti rumasa diri hina tur laip
Ngageder aweuhan takbir rampak dina sora dulag
Idul adha mapag datang nguniang milangan amal
Geus boga bekel naon geusan engké lamun urang kudu mulang ?

Gusti,,,abdi rumasa loba miara lampah anu salah
Hirup lamokot ku dosa,sahadat ukur dina pangakuan
Solat ukur ucang acong lir papatong,puasa kakara bisa nahan hanaang jeung lapar
Gusti ......! Abdi jumerit ka salira, rumasa diri loba deleka ka sasama
Zakat loba pacampur jeung lampah Ria...
Munggah Haji dalit ngahiji pacampur jeung lampah anu teu pinuji

Satemena abdi sadar hirup abdi salawasna aya dina rugi
Wal asri ( i ) innal insana lafi khusr (in ) Illal lazina amanu wa’ amilus salihati
Wa tawasau bil haqqi,wa tawasau bisabr (i )
Demi wanci satemena jalma aya dina rugi,iwal anu iman nu sok daék migawé amal soléh
Jeung anu sok sili wasiatan supaya tetep dina bebeneran ,sarta sili wasiatan dina kasabaran

Gusti ....! Paparin abdi paparin tepung deui jeung Rayagung taun anu arék datang
Gusti....bagjakeun abdi sadaya dina amparan kasobaran jeung katakwaan
Yaa Alloh....salametkeun abdi abdi sadaya di Dunya jeung di Aherat
Amin......

Tidak ada komentar:

Posting Komentar