Minggu, 28 Oktober 2012

DANGDING KAHIRUPAN

Sajak : Nanang Sos.


Medar lagu dina dangding hiji peuting
Nyanggi hariring hirup dina sawangan implengan sorangan
Ngalalakon ngalongokan ka lawang panto kahirupan diri sorangan
Nu katimu ngabebengkang patulayah catetan lampah hirup nu salah

Satemena ari hirup teu jauh tina tutulisan Gusti

Léngkah paripolah aya dina guguratan catetan pangersa Mantena
Mun datang mangsana kudu mulang,urang tetep kudu miang
Ngitung umur tunggu lembur,reureuh maneuh balik mah pasti ka jero Taneuh
Carita pasti lekasan jajatén ninggang papastén
Tutup catur tamat riwayat,raga mulang ka asalna

Balitungan ngitung umur,nu utama ngaleukeunan milangan rénghapna napas sorangan
Saméméh dihisabku Gusti,ti kiwari mending urang leukeun ngahisab diri sorangan
Pabeurat beurat timbangan,loba dosa atawa loba amal kahadéan ?
Nyanggakeun...jawabna aya dina diri séwang-séwangan.....!

Gn.Malati Tasik, Congo Oktober 2012.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar